Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Kapal silem

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kapal silem Nuklir
Bagéan-bagéan kapal silem
Bagéan-bagéan kapal silem

Kapal silem nyaéta kapal nu bangunna saperti sulutu, bisa jalan di jero atawa di luhur laut.[1] Kapal silem kaasup kapal perang, ari parabotnatorpedo.[1] Prinsip dasar anu nyieun kapal silem bisa neuleum atawa muncul di permukaan nyaéta hal nu basajan pisan.[2] Kapal silem anu pang modérenna miboga dua lambung, atawa awak.[2] Balas cai ditunda antara lambung bagian jero sarta lambung bagian luar, anu bisa dianggap sarua jeung "carangka".[2]

Sabot kapal silem siap pikeun neuleumanlaut, katup-katup badag anu dipikawanoh minangka "kingstons", nu perenahna di dasar tangki balas, dibuka pikeun ngantepna asup ka laut.[2] Hawa di jerotangki kaluar ngaliwatan katup-katup dina bagian luhur, anu dipikawanoh minangka "liang-liang angin".[2] Kapal silem éta asup kana cai.[2] Sabot kapal silem siap pikeun muncul ka permukaan, liang-liang angin ditutup sarta tekanan hawa di dorong asup kana tangki-tangki.[2] Hal ieu jadi niup cai ngaliwatan deui kingstons, sarta kapal silem éta naék.[2]

Supaya kapal silem bisa neuleuman laut sarta muncul ka permukaan, aya kemudi-kemudi horisontal nu dipasang dina lambung kapal.[2] Pikeun ngemudikeun kapal silem sabot usik ka luhur, aya hiji kemudi anu sarua kawas dina kapal-kapal biasa.[2] Kapal silem dibagi ku dinding-dinding pemisah anu nyilang jadi kompartemen-kompartemen.[2] Pikeun kaluar ti hiji kompartemen ka kompartemen séjén, hiji jalma kudu ngaliwatan panto-panto kedapcai, anu bisa nutupan kalayan gancang.[2] Kabéh kapal silem miboga liang-liang palka sarta paru-paru pengaman pikeun dipaké dina kaayaan darurat.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. 12Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. 12345678910111213(id) Leokum, Arkady(1997)Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.


Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kapal_silem&oldid=612944"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp