Kapal udara,Kapal hiber atawaPesawat udara nyaéta kapal anu jangjangan nu jalanna di langit.[1] Mesin-mesin hiber anu pangmimitina anu dijieun henteu miboga mesin.[2] Mesin-mesin éta sabenerna nyaéta layang-layang raksasa atawa pesawat hiber layang, sarta salila abad ke-19 loba eksperimen dipigawé kalayanlayang-layang atawa pesawat hiber layang ieu.[2] Tapi harita mah henteu saurangpun anu kungsi nyieun mesin anu leuwih beurat ti hawa anu bisa usik sorangan.[2]
Jelema kahiji anu némbongkeun yén hal éta bisa dipigawé nyaéta ku ProfesorSamuel Langley, anu jadi sekretaris ti "Smithsonia Institution ofWashington D.C".[2] Manéhna ngawangun dua buah mesin, unggalmesin miboga lebar 12 kaki sarta panjang 15 kaki, anu digerakkan ku mesin-mesinsaab 1 ½ tanaga kuda.[2] Dina taun 1896, ka dua modél ieu ngalakonan pangapungan-pangapungan anu berasil.[2] Dina taun 1903, sabot mesin hiber Langley anu ukuranana pinuh diuji, mesin éta ruksak.[2] Kajantenan ieu lumangsung dina tanggal 7 Oktober 1903.[2]
Dina tanggal 17 Désémber,Orville Wright sartaWilbur Wright nu dipikawanohWright Bersaudara' berhasil ngalakonan pangapungan kahiji jeung mesin anu leuwih beurat ti hawa jeung mesin éta sorangan.[2] Di Kitty Hawk, Carolina Kalér, maranéhanana ngalakonan hiji pangapungan saluhur 120 kaki dina waktu 12 detik, sarta pangapungan kadua saluhur 852 kaki dina waktu 59 detik.[2] Saterusna lahirlah pesawat hiber.[2]
↑Danadibrata, R. A. (R. Alla), 1905-1987. (2006).Kamus basa Sunda (Cit. 1 ed.). Bandung: Wedalan Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, gawe bareng PT Kiblat Buku Utama, jeung Universitas Padjadjaran.ISBN9793631910.OCLC125409879.
↑abcdefghijk(id) Leokum, Arkady(1997)Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.