Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Kalénder Islam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kaléndert·s·é ]
Kagunaan Umum
Tiongkok ·Islam ·Gregorian · Thai:BulanPanonpoé .Tanggal minggu ISO ·Astro ·Julian
Tipe Kalénder
Lunisolar ·Solar ·Lunar
Kagunaan Lianna
Arménia ·Bahá'í ·Bengali ·Berber ·Buda ·Koptik ·Étiopia ·Jérmanik ·Yahudi ·Hindu ·India ·Iran ·Irlandia ·Jepang ·Jawa ·Malayalam ·Maya ·Nanakshahi ·Nepal ·Nepal Sambat ·Tamil ·Tibet ·Zoroaster
Julian asli ·Runik

Kalénder Islam atawakalénder Muslim (Basa Arab: التقويم الهجري;at-taqwīm al-hijrī;Basa Persia: تقویم هجري قمری ‎taqwīm-e hejri-ye qamari katelah ogékalender Hijriah) nyaétakalénder nu dipaké keur nanggalan kajadian-kajadian di nagara-nagara nu dominanMuslim, sarta dipaké ku Muslim di mana waé keur nangtukeun wanci nu mustari keur ngaria-ria poé sucina Islam. Kalender Islam mangrupakalender bulan nu miboga 12 bulan lunar, dina sataunna aya 354 poe. ku sabab taun bulan ieu 11 poé leuwih pondok ti batan taun panonpoe, sanajan poé sucina Islam dirayakeun dina tanggal nu ajeg dina kalender Islam, dinakalender Gregorian mah baris geseh 11 poé miheulaan saban taunna. Taun Islam katelah ogétaun Hijrah alatan taun munggarannana nyaéta taun kajadianHijrah; NabiMuhammad emigrasi tiMekah kaMadinah. Ku kituna taun-taun lianna ditangtukeun maké H, (Basa Inggis H jeung AH, AH mah sarua jeungBasa Latenanno Hegirae (dina taun Hijrah).[1]

Taun Islam kiwari1428 H.

Bulan

[édit |édit sumber]

Kalénder Islam

  1. Muharom
  2. Safar
  3. Rabi'ul-awal
  4. Rabi'ul-ahir
  5. Jumadil-awal
  6. Jumadil-ahir
  7. Rajab
  8. Sa'ban
  9. Romadon
  10. Sawal
  11. Dzulkaédah
  12. Dzulhijjah


Bulan Islam dingaranan kawas kieu:[2]

  1. Muharram محرّم (panjangna: Muarram ularam)
  2. Safar صفر (panjangna:afar ul Muzaffar)
  3. Mulud atawaRobiul awal, (Rabi' I) (Rabī'ul Awal) ربيع الأول
  4. Robiul akhir atawaRab'iul-ahir atawa Silih Mulud (atawa Rabī' al Thānī, atawa Rabī' al-Akhir) (Rabī' II) ربيع الآخر أو ربيع الثاني
  5. Jumadil Ula atawaJumadil-awal (Jumādā I) جمادى الأول
  6. Jumadil akhir atawaJumadil-ahir (atawa Jumādā al-tsani) (Jumādā II) جمادى الآخر أو جمادى الثاني
  7. Rojab رجب (panjangna: Rajab al Murajab)
  8. Sya'ban atawaRewah شعبان (panjangna: Sa'bān ul Moazam)
  9. RomadonRomadon atawa bulan Puasa رمضان (atawa Ramzān, panjangna: Ramaān ul Mubarak)
  10. Syawal شوّال (panjangna: Shawwal ul Mukarram)
  11. Dzulkaédah atawa Hapit ذو القعدة
  12. Dzulhijjah atawa Rayagung ذو الحجة

Tina sakabéh bulan, Romadon mangrupa bulan pangutamana, bulan keur puasa tina dahar, nginum, sapatemon jeung ngajaga hate tina sagala panyakit.

Tanggal penting

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Poé peré Muslim.

Tanggal penting dina taun Islam (Hijriah) nyaéta:

Hubungan kiwari

[édit |édit sumber]

Keur ngarobah sacara kasar, kalikeun taun Islam jeung 0.97, terus tambah 622 keur meunangkeun taun Gregorian. Taun Islam bakal sarua jeung taun Gregorian dina taun 20874. Taun kalender Islam 1429 bakal kajadian sakabéhna aya dina taun kalender Gregorian 2008. Taun kawas kieu bakal lumangsung sakali unggal 33 atawa 34 taun Islam (32 atawa 33 taun Gregorian). Di handap daptarna:

Taun Islam dina taun Gregorian
IslamGregorianBedana
12281813585
12611845584
12951878583
13291911582
13621943581
13961976580
14292008579
14632041578
14962073577
15302106576
15642139575

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Watt, W. Montgomery "Hidjra". Encyclopaedia of Islam Online. Ed. P.J. Bearman, Th. Bianquis,C.E. Bosworth, E. van Donzel and W.P. Heinrichs. Brill Academic Publishers. ISSN 1573-3912. 
  2. B. van Dalen; R.S. Humphreys; A.K.S Lambton,et al. "Tarikh". Encyclopaedia of Islam Online. Ed. P.J. Bearman, Th. Bianquis,C.E. Bosworth, E. van Donzel and W.P. Heinrichs. Brill Academic Publishers. ISSN 1573-3912. 

Tumbu luar

[édit |édit sumber]

Konverter tanggal

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kalénder_Islam&oldid=664227"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp