Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Kadelé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kadelé
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spesies

Glycine max
Glycine soja

Siki Kadelé

Kadelé nyaéta sarupaningkacang, ilaharna sok dijieuntémpé,tauco atawatahu.[1] Kadelé sok disebut ogékacang jepun atawakacang gading, pédah warnanagading.[1]

Kandungan Kadelé

[édit |édit sumber]

Saperti dilansir tiTimes ofIndia, kadelé miboga kandungan 13 nutrisi penting, nyaétaprotéin anu kualitasna alus,asam lemak omega 3, asamlemak omega 6,kalsium,magnésium,beusi,serat,asam folat,vitamin B1,B2, jeungB6,kalium,fosfor, jeungséng. NumutkeunThe American Heart Association, kadelé mangrupa sumber protéin anu kualitasna alus pikeun vegetarian.[2] Kandungan kolesterol alami jeung bébas laktosa, sarta kandungan asam lemak esensial saperti oméga 3 jeung oméga 6, balukarna kadelé alus didahar ku jalma-jalma anu miboga gangguan dina jantung, diabetes jeungdarah tinggi.[2] Kadelé miboga kandungan 45 persén protéin nabati anu kualitasna alus, dibandingkeun jeung protéin dinaendog kaasup 18-20 persén lipid, mangrupa sumber utama lemak alus.[2] Kadelé ogé miboga kandungan asam amino esensial.[2] Lamun ngonsumsi 25 nepi ka 50 gram kacang kadelé unggal poé bisa ngurangan kadar kolésterol jahat dinagetih jeung ngurangan résiko panyakitjantung.[2]

Olahan Kadelé

[édit |édit sumber]

Aya sababaraha hasil olahan tina kacang kadelé :

  1. Rupa-rupa tahu sapertitahu bodas,tahu Bandung,tahu takwa, jeungtopu.[3]
  2. PIkeun jadi sambara dina pasakan, contonakécap amis atawasoyu tiJepang.[3]
  3. Bahan pokok pikeun nyieun témpé.[3]
  4. Susu kadelé, kandungana protéin sarua jeungsususapi.[3]
  5. Tipung kadelé bisa dijieun pikeun nyieunroti.[3]
  6. Minyak kadelé dipaké pikeun nyieunsabun,plastik,kosmétik,resin,mangsi,krayon,pelarut, jeungbiodiesel.[3]
  7. Bahan utama dina tauco jeungtausi tina kadelé hideung.[3]

catetan

[édit |édit sumber]
  1. 12Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. 1234513 Nutrisi Super dalam Kacang Kedelai[tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 17 November 2011)
  3. 1234567Ragam Cara Olah Kacang Kedelai (Dicutat tanggal 17 November 2011)
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kadelé&oldid=677589"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp