1. Dumasar kanacia.gov, pakiraan pikeun nagara ieu kalawan tegas kedah diperhatoskeun pangaruh AIDS; hal ieu bisa ngasilkeun harepan hirup nu leuwih leutik, tingkat maotna orok jeung jalma nu leuwih luhur, populasi jeung pamekaran jumlahana nu leuwih leutik, jeung ngarobihna pangumpulan populasi dina yuswa jeung lalaki/awéwé, nu bisa di luar nu dikira.[2]
Kenya miboga aréa kira-kira 580.000 km2 jeung jumlah populasi ampir 41 yuta,[6] ngawakilan 42 kelompok urang jeung budaya nu bébéda.[7] Nagara ieu dingaranan dumasar kanaGunung Kénya.
Mimiluan hiji réferéndum jeung dipakéna konstitusi nu anyar dina Agustus 2010, Kénya ayeuna dibagi kana 47county anu mangrupa unit pamaréntahan semi-otonom. Unit-unit ieu dipiharep dilaksanakeun sacara pinuh ti Agustus 2012 – nalika pamilu kahijia dina konstitusi nu anyar.County-county-na bakal diluluguan ku hijigubernur kapilih.
Géografi nagara ieu rupa-rupa sapertipopulasina. Nagara ieu miboga iklim nu haneut jeung beueus di sapanjang basisirna kana Samudra Hindia nu ngarobah ka padang jukutsavana kalawan raloba margasatwa sajalan anjeun mapay ka lebet nagara ieu ka ibu kotana,Nairobi. Nairobi miboga iklim nu tiis anu jadi leuwih tiis ngadeukeut kaGunung Kénya nu miboga tilu puncak nu terus saljuan. Iklim tropis haneut jeung beueus muncul leuwih jauh ke lebet nuju kaDano Victoria, saméméh lalampahan ka wewengkon iklim sedeng leuweungan jeung papasiran di kulon. Wewengkon Kalér Wétan sapanjang wates di Somalia jeung Étiopia keusik jeung rada keusik kalawan lanskap deukeutsagara. Nagara ieu ogé miboga aktivitasgéotérmal nu ngasilkeun raloba tanaga listrik nasional.
Dano Victoria, dano cai tawar nu panggedéna kadua di dunya (sanggeusDano Superior di Amérika Kalér), aya di beulah kidul-kulon sarta dibagi ogé bareng Uganda jeung Tanzania.
Kénya dibagi kana 47county semi-otonom nu bakal diluluguan kugubernur nu bakal dipilih dina pamilu kahiji dina konstitusi anyar di Agustus 2012. Dina konstitusi nu heubeul, Kénya ngawengku 8propinsi masing-masing dilulugu ku Komisionér Propinsial (ditunjuk ku présidén). Propinsi-propinsina (mkoa tunggalmikoa >1 dinaBasa Swahili) dibagi deui kanadistrik (wilaya). Aya 69 distrik dina sénsus 1999. Distrik-distrikna teras dibagi deui kana (total) 497divisi (taarafa). Divisi-divisna teras dibagi deui kana (total) 2.427lokasi (mtaa) jeung teras (total) 6.612 sublokasi (mtaa mdogo).[8] Kota Nairobi miboga status propinsi administratif pinuh. Pamaréntah ngawaskeun administrasi jeung propinsi. Propinsi-propinsina nyaéta:
Dina konstitusi Kénya nu ayeuna, otoritas pamaréntahan lokal teu diakuan. Tapi, dina konstitusi nu heubeul, pamaréntahan lokal di Kénya dilaksanakeun liwatotoritas lokal. Loba puseur pakotaan miboga déwan. Otoritas lokal di pilemburan kawanoh salaku déwancounty. Anggota déwan lokal dipilih ku pamilihan, nu dilaksanakeun babarengan jeung pamilu.
↑Konstitusi (2009) Pasal 7[Basa Nasional, resmi, jeung basa nu lian] "(1) Basa nasional ti Républik nyaéta Kiswahili. (2) Basa resmina Républik nyaéta Kiswahili jeung English. (3) Nagara kedah–-–- (a) ngadukung jeung ngalindungan kabébédaan basa ti masarakat Kénya; sarta (b) ngadukung pamekaran jeung pamakéan basa pribumi, basa Isarat Kénya, Braille, sareng wangun komunikasi lianna jeung téhnologi nu tiasa diaksés ku nu tunadaksa."