Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Jamban

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jamban di Jepang

Jamban nyaéta pamandian, tampian, pacilingan, kamar mandi.[1] Ilaharna jamban di kampung mah pamandian anu caina ti makam kramat nu di agung-agung.[1]

Wangenan

[édit |édit sumber]

Aya sawatara jenis jamban di sakuliah dunya. Klosét diuk (klosét nu dipakéna ku cara didiukan nalikangising) nu mibanda fasilitas pikeun nyéblok caduk sanggeus dipaké mangrupa jenis jamban nu paling ilahar dipaké diKulon, sedengkeun klosét nagog (klosét nu dipakéna kku cara nagog di handapeunana nalika keur ngising) mah ilahar dipaké diAsia Tenggara, Asia Wétan (Republik Rahayat Tiongkok jeungJepang),India, sarta masih bisa di jamban umum di Éropa kidul jeung wétan (kaasup sawaréhPerancis,Yunani,Italia, nagara-nagaraBalkan, jeung nagara urutUni Soviet).

Klosét nagog

Aya ogé babaraha cara pikeun mersihkeun manéh saanggeus maké jamban. Ieu perkara gumantung kana norma jeung adat nu lumaku disabudeureunana jeung deuih kumaha sumber daya nu nyangkarukna. Di Asia, cai dipaké pikeun kabutuhanana, jeung biasana mah maké leungeun katuhu. Ari di Kulon, nu sok dipakéna nyaéta tisu, bisa ogé ku cara ngagunakeun perlengkapan lain mirip jamban nu disebutbidét (sajenis jamban diuk ngan fungsina sarupa kawaswastafel).

Rohangan jamban aya ogé nu dirancang husus pikeun ngababarikeun kanu cacad. Biasana mah jamban nu kitu téh rada lega pikeun diasupan kukorsi roda jeung dina dindingna sok aya panyekelanana nu bisa mantuan pamaké jamban nempatkeun diri.

Jamban imah

[édit |édit sumber]

Di nagara maju, hampir sakumna tempat dumuk téh mibanda saeutikna hiji jamban. jamban di tempat dumuk pribadi mah umumna teu dipisah dumasar klamin. Jamban bisa disarohangankeun dijieunna jeung tempat mandi, bisa ogé henteu. Anyar-anyar kénéh mah diIndia disarankeun sakumna awéwé téh wajib miboga jamban séwang-séwang di imahna.[2]

Jamban umum

[édit |édit sumber]
jamban umum di tepi jalan diPerancis, disebutsanisette

Fasilitas umum biasana mah nyayagakeun jamban nu bisa dipaké ku saha baé. Ilaharna jamban umum nu kawas kieu téh ngawengku kamar-kamar jamban kalawan fasilitasngumbah leungeun di tempat nu misah. Jamban umum biasana dipisahkeun (nyaéta béda rohangan) kumaha génderna, aya jamban lalaki jeung aya jamban awéwé. Tempat ngumbah leungeun bisa ogé disadiakeun di tempat séwang-séwang. Jamban umum lalaki mah biasana mibanda tempatkiih nu misah, bisa mangrupa urinoir nu disainna husus nu napel kana dinding pikeun pakéeun saurang atawa ogé mangrupa bak atawa susukan nu sok dikamaliran cai jang dipaké leuwih ku saurang nu disekatan nu maksudna pikeun ngajaga privasi séwang-séwang.

Jamban umum di luar rohangan (di sisi jalan, di sabudeureun taman, jeung sajabana) bisa disebut minangka parabotjalan. jamban umum nu samodél kieu biasana mah bisa dipaké boh ku lalaki boh ku awéwé, wangunna pasagi nu aya parabot basajan nu teu mibanda kokocorancai jeung kudu mersihan sorangan mun geus dipaké.

Aya ogé jamban nu bisa dipundah-pindah sangkan bisa ditempatkeun di mana waé mun saupamana diperlukeun misalna dina hiji konsérmusik di tempat kabuka.

Jamban umum ogé bisa sayaga di jerokandaraan umum. Biasana mah aya jamban dinapasawat terbang,karéta,kapal laut, jeung sok aya ogé dinabeus jeungkapal péri jarak jauh, ngan henteu dina angkutan kota mah kayaningkaréta listrik, trém, jeung beus kota.

Jamban umum bisa méntaan bayaran ti pamakéna. Éta babayaran bisa ku cara:

  • nunda duit di tempat kabuka nu teu dijagaan,
  • ngasupkeun duit kana koropak nu aya liangan leutik kawas céléngan,
  • ngasupkeun deui liwat liang husus di sabudeureun panto jamban; panto jamban ngan bisa dibuka mun geus ngasupkeun duit ka dinya,
  • méré duit ka panjaga jambanna (nu sakapeung mah jadi pananggung jawab minangka patugas kabersihan jamban).

Sajarah

[édit |édit sumber]

Abad ka-19 katompérnakeun, ku sabab lieur nungkulan panyakit kolera, pamaréntah Hindia Walanda ngawanohkeun WC dongko anu higinis ka masarakat pribumi.[3] Kawijakan ieu dituluykeun di masa Orde Baru khususna di désa-désa anu masarakatna masih miceun hajat di leuwi.[3] Tina kajadian éta ayana perbandingan konsép higienis dina uteuk urang Walanda jeung masarakat pribumi.[3]

Jamban (toilét) geus dipaké ti masa sajarah. Abad ka-25 SM, masarakat Harappa diIndia miboga jamban di unggalimah anu saluran caina tina batu bata. Di peradaban Mesir jeung Tiongkok kuno ogé geus aya jamban.[4] Di peradaban Romawi, jamban mangrupa bagian tina tempat mandi umum.[4] Kapanggihna jamban anufasilitasna maképenyiraman nyaéta kuSir John Harington dina taun 1596, sanajan cara makéna sacara umum encan sampurna, lila kalilaan jadi mekar saenggeus ayana parobahan dina Victoria di Inggris.[4]

Jenis

[édit |édit sumber]
  1. Jamban émpang atawa walungan: Jamban émpang nyaéta jamban anu ayana di luhuereun kamalirnacai. Jamban émpang bakal nimbulkeun panyakit jeung ngotoran caiwalungan.[5]
  2. Jambanbeuheung soang: Modél ieu loba bentukna mirip jeung beuheung angsa, ieu modél téh geus sumebar di sakabéh alam dunya.[5] Jamban ieu rupa-rupa bentukna aya anu dongko jeung aya anudiuk.[5] Jamban modél ieu alus pikeun kaséhatan ku sabab bisa nyingkahan tina bau jeung tina sato anu asup, salain ti éta di lengkepn ku sépiténg.[5]
  3. Jamban kimia: Jamban kimia nyaéta tempat pamiceunan kabeuratan anu maké zat kimia pikeun maéhanvirus,bakteri jeungkuman.[5] Biasana jamban ieu ayana diana jambanportable atawamobil dinabeus,karéta api,kapal terbang, jrrd.[5]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. 12Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. Sen, Ayanjit."No toilet, no seat, says minister". Diaksés tanggal2009-07-14.
  3. 123WC atau toilet: Suatu Monumen Sejarah IndonesiaArchived 2012-05-22 diWayback Machine (Dicutat tanggal 23 Oktober 2011)
  4. 123Sejarah Toilet[tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 23 Oktober 2011)
  5. 123456WC umumArchived 2012-03-23 diWayback Machine
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Jamban&oldid=655203"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp