Ieu artikel eusina ngeunaan géografi jeung sajarah umum Jalur Gaza. Pikeun wewengkon géopulitisna mah, tempoPamaréntahan Jalur Gaza. Pikeun kagunaan lian mah, tempoGaza (disambiguasi).
Jalur Gaza (Basa Arab:قطاع غزةQiṭāʿ Ġazzah,IPA: [qitˤaːʕ ɣazza]) aya di basisir wétanLaut Tengah. Wewengkonna wawatesan jeungMesir di kidul-kulon sarta jeungIsraél di kidul, wétan, sareng kalér. Panjangna kira-kira 41 kilometres (25 mi), sarta lébarna antara 6 jeung 12 kilométer (4–7,5 mil), kalawan lega 360 square kilometres (140 sq mi). Wewengkon ieu mibogaan ngaranna tiGaza, ngaran kota utamina.
Populasina kira-kira 1,7 juta jiwa,[1] kalobaannana katurunan ti para pangungsi. 1 juta jiwa, sakumaha dina Maret 2005, diténjo minangkapangungsi, sanajan kalobaannana gumelar di Jalur Gaza;[2] generasi saméméhna ngungsi ka Gaza dina 1948 minangka bagian tiéksodus urang Paléstina 1948 sanggeusPerang Arab-Israél 1948, ti sababaraha bagianMandat Paléstina nu jadi Israél. Populasina utamina ngagemIslam Sunni.
Jalur Gaza miboga watesna nu ayuena tina hiji gencatan patempuran dinaPerang Arab-Israél 1948, nu dikonfirmasi dinaPasatujuan Gencatan Pakarang Israél-Mesir dina 24 Pébruari 1949.[3] Pasal V dina pasatujuan éta nyebutkeun yén gurat watesna sanés hiji wates internasional. Jalur Gaza tetep dikawasaan ku Mesir. Awalna, Mesir ngurus wewengkon ieu liwatPamaréntahan Sa-Paléstina jeung salajengna kalawan langsung ti 1959 nepi ka 1967, nalika Israél ngawasaannana mimiluanPerang Genep Poé. NumutkeunPasatujuan Oslo nu ditandatanganan antawis Israél jeungOrganisasi Pangbébas Paléstina dina 1993,Otoritas Paléstina dijieun minangka hiji badan pamaréntahan interim pikeun ngurus puseur-puseur populasi Paléstina, kalawan Israél tetep miboga kakawasaan dinawewengkon udara Jalur Gaza, sakabéhna iwal hiji ti wates daratna sartawewengkon cai téritorial, nepi ka hiji pasatujuan ahir bisa dijieun.
Dina 22 Séptember 1948, nuju ka ahirna Perang Arab-Israél 1948,Pamaréntahan Sa-Paléstina diproklamasikeun di Kota Gaza—nu dikawasaan ku Mesir—kuLiga Arab, nu mana dipercayakeun minangka usaha Liga Arab pikeun ngawatesan pangaruhTrans-Yordania di Paléstina. Pamaréntahan Sa-Paléstina gancang diakuan ku 6 ti 7 anggota Liga Arab:Mesir,Suriah,Libanon,Irak,Arab Saudi, jeungYaman, tapi heunteu kuTrans-Yordania,[9] sarta teu diakuan ku nagara nanaon di luareun Liga Arab.
Sanggeus gencatan patempuran,Pasatujuan Gencatan Pakarang Israél-Mesir 24 Pébruari 1949 ngadegkeun gurat pamisah antara kakiatan Mesir jeung Israél, sarta ngadegkeun anu ayeuna jadi wates antara Jalur Gaza jeung Israél. Pihak duanana nyebutkeun yén wates éta sanés wates internasional. Wates jeung Mesir di kidul tetep jadi wates internasional nu mana geus dijieun dina 1906 antawisKakaisaran Usmaniyah jeungKakaisaran Britania.[10]
Populasi Jalur Gaza ningkatan ku ayana tambihan tipangungsi Paléstina nu ngungsi ti Israél saméméh jeung nalika papaerangan. Urang Paléstina nu ngeusian Jalur Gaza atanapi Mesir dipasihan paspor Sa-Paléstina. Mesir teu nawiskeun kawarganagaraan ka urang Paléstina. Ti ahir 1949, aranjeunna nampi pitulungan tiUNRWA.
Saprak peupeusna Pamaréntahan Sa-Paléstina dina 1959, dina ijin pan-Arabisme,Mesir ngalajengkeun kakawasaanna diJalur Gaza nepi ka taun1967. Mesir teu pernah nganéksasi/ngalindih Jalur Gaza, tapi ngalayananna minangka hiji wewengkon nu diatur sarta ngurusanna iwat hiji pamaréntahan militér.[11]
Israél ngawasaan Jalur Gaza deui mimiti Juni 1967, sanggeusPerang Genep Poé. Nalika jaman kakawasaan Israél, Israél nyieun blok-blok,Gush Katif, di juru kidul-kulon Jalur Gaza deukeutRafah sarta wates Mesir. Totalna, Israél nyieun 21 kelompok padumukan di Jalur Gaza, ngawengku 20% ti total aréa. Salian ti alesan idéologi, kelompok-kelompok éta ogé minangka pos-pos kaamanan Israél.
Dina Maret 1979, Israél jeung Mesir nandatangananPajangjian Rapih Israél-Mesir. Pajangjian ieu di antarana disadiakeun pikeun panarikan pasukan jeung warga sipil Israél ti Samenanjung Sinai, nu geus dikawasaan Israél ti Perang Genep, ka wates internasional 1906.[rujukan?] Mesir satuju pikeun ngajagaan Samenanjung Sinai sangkan tetep dina kaayaan démilitér. Status ahir Jalur Gaza, sarta hubungan lian antawis Israél jeung Paléstina, teu diurus dina pajangjian ieu. Mesir ninggalkeun sadaya klaim wewengkon dina téritori kaléreun wates internasional.
Jalur Gaza tetep dina kapangurusan militér Israél nepi ka 1994. Nalika jaman éta, militér miboga tanggung jawab dina kapanguruasan sarana jeung layanan sipil. Dina Méi 1994, mimiluan pasatujuan Paléstina-Israél nu kawanoh minangkaPasatujuan Oslo, pamindahan otoritas wewenang ka Paléstina dilaksanakeun. Kalobaanana ti wewengkon Jalur Gaza (kajaba blok-blok padumukan jeung aréa militér) jadi aya dina kadali Paléstina. Pasukan Israél ninggalkeun Kota Gaza sarta wewengkon pakotaan nu lain, ninggalkeun Otoritas Paléstina nu anyar ngawasaan jeung ngadalikeun wewengkon-wewengkon éta. Otoritas Paléstina, diluluguan kuYasser Arafat, milih Kota Gaza minangka puseur propinsi kahijina. Dina Séptémber 1995, Israél jeungPLO nanda tangananpasatujuan karapihan kadua, ngalegakeun Otoritas Paléstina ka raloba kota-kotaSisi Kulon. Pasatujuan éta ofé ngadegkeun 88 anggota kapilih pikeunDéwan Nasional Paléstina, nu mana pangistrénanna dilaksanakeun di Gaza dina Maret 1996.
Kakawasaan Otoritas Paléstina di Jalur Gaza jeung Sisi Kulon dina rézim Arafat miboga kasalahan pangaturan sarta skandal korupsi. Contona, bayaran dipéntaan sangkan bisa ngasupkeun jeung ngaluarkeun barang-barang ka jeung ti Jalur Gaza, sawatara pupuhu aparat Badan Kaamanan Panyegahan miboga kauntungan ti kamimiluannana dina impor mungkal jeung semén sarta industri konstruksi, saperti Gréat Arab Company for Investment and Development, al-Motawaset Company, jeung proyék konstruksi al-Sheik Zayid.[12]
Intifada Kadua peupeus dina Séptémber 2000 kalawan gelombang protés, karusuhan massa, sarta pangaboman kana urang jeung militér Israél. Dina Pébruari 2005, pamaréntah Israél nyorakeun pkeun ngalaksanakeunrancangan paleupasan sapihak ti Jalur Gaza. Rancangan éta mimiti dilaksanakeun 15 Agustus 2005, sarta réngsé 12 Séptémber 2005. Dina rancangan, sadayapadumukan Israéli di Jalur Gaza (sarta 4 di Sisi Kulno) sareng Zona Industri Erez dibongkar kalawan ditarikna 9.000 urang Israél (kalobaannana di wewengkon padumukanGush Katif di beulah kidul-kulon Jalur Gaza) sarta markas-markas militér. Dina 12 Séptémber 2005, kabinét Israél sacara resmi ngadéklarasikeun ahirna kakawasaan militér Israél di Jalur Gaza. Pikeun ngahindarkeun dugaan yén Israél masih ngawasaan bagian nanaon ti Jalur Gaza, Israél ogé kaluar tiRute Philadelphi, nu mangrupa hiji jalur hereut nu wawatesan jeung watesna Jalur Gaza jeung Mesir, sanggeus pasatujuanna Mesir pikeun ngamankeun bagian watesna. Dina Pasatujuan Oslo, Rute Philadelphi ditetepkeun dina kakawasaan Israél sangkan nyegah diselundupkeunnana banda (kawas amunisi) sarta jalmi meuntasan wates jeung Mesir. Mesir satuju pikeun ngajagaan bagian watesna. Israél ngurusan kadalina kana pameuntasan asup jeung kaluar Gaza. Palintasan Rafah antara Mesir jeung Gaza diawaskeun ku tentara Israél liwat kaméra panjagaan husus. Dokumén resmi saperti paspor, kartu idéntitas, kertas ékspor jeung impor, sarta raloba séjénna kedah dienyakeun ku tentara Israél.[rujukan?]
Antara 1994 jeung 1996, Israél ngawangun pawates Israél-Jalur Gaza. Pawates éta kahiji dikonstruksi pikeun ningkatkeun kaamanan di Israél. Pawates éta teras dirubuhkeun ku urang Paléstina dina awalIntifada Al-Aqsa dina Séptémber 2000.[13] Antara Désémber 2000 jeung Juni 2001, pager pawates antara Jalur Gaza jeung Israél diwangun deui. Pawates di wates Jalur Gaza-Mesir diwangun ti 2004.[14] Aya 3 titik pameuntasan utama di pawates:Pameuntasan Erez di kalér ka Israél,Pameuntasan Rafah di kidul ka Mesir, sartaPameuntasan Karni di wétan nu dipaké ngan pikeun kargo.[15] Israél ngadalikeun wates kalér Jalur Gaza, sarta wewengkon cai jeung udarana ogé. Mesir ngadalikeun wates kidul Jalur Gaza, dina hiji pasatujuanna jeung Israél.[16]
Pasukan Patahanan Israél ninggalkeun Jalur Gaza dina 1 Sépéember 2005 minangka bagian tirancangan paleupasan sapihak Israél, sarta sadaya wargi Israél dikaluarkeun ti wewengkon éta. Hiji 'Pasatujuan dina Pagerakan jeung Aksés' antawis Israél jeungOtoritas Paléstina kalawan panganteur kuCondoleezza Rice dina Nopémber 2005 pikeun ningkatkeun kabébasan urang Paléstina dina aktivitas pagerakan jeung ékonomi di Jalur Gaza. Dina pajangjian, pameuntasanRafah-Egypt kedah dibuka deui, kalawan arus asup-kaluar diawaskeun ku Otoritas Nasional Paléstina jeungUni Éropa. Ngan jalmi kalawan idéntitas Paléstina, atanapi urang kabangsaan lian, kalawan pangajabaan, dina kategori katangtu, subjék ti pangawasan Israél, anu diijinkeun pikeun meuntas asup jeung kaluar. Sadaya barang, kandaraan, jeung truk ka jeung ti Mesir kedah ngaliwatan pameuntasan Israél diKerem Shalom, dina pangawasan pinuh Israél.[17] Barang-barang diijinkeun ogé ngaliwatanpameuntasan Karni di kalér.
PBB,Panénjo Hak Asasi Manusa, jeung raloba organisasi internasional lian jeungLSM némbong Israél hayang ngawasaan Jalur Gaza sakumaha Israél ngawasaan wewengkon cai jeung udara Jalur Gaza, sarta teu ngijinkeun kalura-asupna barang-barang ka jeung ti Gaza liwat cai atawa udara (ngan bisa liwat darat).[18][19][20] Tapi, pameuntasan wates ka Mesir teu dikawasaan ku Israél. Kawas Israél, Mesir sacara tumurutna ngalarang atanapi ngijinkeun barang jeung jalmi meuntasan wates darat éta. Israél nyebutkeun yén Gaza heunteu dikawasaan deui, sakumaha Israél heunteu mibogaan kadali atanapi otoritas kana wewengkon darat atanapi institusi di Jelur Gaza.[21][22]Mentri Hubungan Luar Nagri Israél,Tzipi Livni, nyarios dina Januari 2008: "Israél kaluar ti Gaza. Israél ngabongkar padumukanna di ditu. Teu aya pasukan Israél nu kasésa di ditu sanggeus paleupasan."[23] Sanggeus Israél kaluar dina 2005, PupuhuOtoritas Paléstina,Mahmoud Abbas, nyarios, "status légal wewengkon nu kadaptar pikeun évakuasi heunteu robah."[21] PangacaraPaléstina Amérika, Gregory Khalil, nyebatkeun "Israél masih ngawasaan sadaya jalmi, barang, [jeung] keclak cai pikeun asup atawa kaluar Jalur Gaza. Pasukanna meureun teu aya di ditu... tapi laranganna masih ngawatesan kapasitas kakawasaan otoritas Paléstina."[24]. Perkawis status sah Jalur Gaza katempo rumit dumasar kana hukum internasional, sarta narik minat sacara hukumna, komo sanggeus Operasi "Cast Lead" jeung invasi Israél kana Gaza dina Januari 2009.[25]
Dumasar kanaPasatujuan Oslo,Otoritas Paléstina nyekelan otoritas administratif Jalur Gaza (salian blok padumukan jeung wewengkon militér) dina 1994. Sanggeuskaluarna Israél (pangeusi jeung militér) ti Jalur Gaza dina 12 Séptémber 2005, Otoritas Paléstina mibanda otoritas administratif pinuh di Jalur Gaza. Saprak paleupasan Israél,Pameuntasan Wates Rafah diawasan kuMisi Pitulungan Wates Uni Éropa Rafah dina hiji pasatujuan nu diadopsi dina Nopémber 2005.[29]
Dinapamilu parlemén Paléstina 25 Januari 2006,Hamas meunangkeun 42,9% total sora, mibanda 74 ti 132 korsi (56%).[30][31] Nalika Hamas mangku kakawasaan dina bulan sanggeusna, pamaréntah Israél jeung pamaén konci komunitas internasional, Amérika Sarikat jeung Uni Éropa, nolak ngakuan hakna dina maréntahOtoritas Paléstina. Pitulungan langsung ka pamaréntah Paléstina di ditu dipegatkeun, sanajan sababaraha anggaranna dialihkeun ka organisasi kamanusaan nu teu kahubung jeung pamaréntahan.[32] Hasilna, karusuhan pulitik jeung stagnasi ékonomi ngakibatkeun raloba Urang Paléstina angakat ti Jalur Gaza.[33]
Dina Januari 2007, aya patempuran antara Hamas jeungFatah. Patempuran di Jalur Gaza kalér ngakibatkeun JéndralMuhammed Gharib, komandan séniorPasukan Kaamanan Pancegahan, pupus ku diarah ku rokét ka bumina. 2 putri Gharib jeung 2 pangawalna ogé maot dina panarajangan éta, nu mana dilaksanakeun ku tentara Hamas.[34]
Dina ahir Januari 2007, gencatan senjata disawalakeun antawis Fatah jeung Hamas.[35] Tapi sanggeus sababaraha poé, patempuran nu anyar aya deui.[36] Tentara Fatah narajang sababaraha universitas nu patali jeung Hamas di Jalur Gaza. Pejabat Pangawal Kaprésidénan Abbas temupur jeung tentara Hamas nu ngawal Kamentrian Jero Nagri nu dipingpin ku Hamas.[37]
Patempuran kasebar di Jalur Gaza. Kadua pihak narajang kandaraan jeung sarana lawanna. Ku sabab ditarajang ku rokét ti Jalur Gaza, Israél ngalaksanakeun panarajangan udara nu mana ngancurkeun wangunan nu dipaké ku Hamas. Karusuhan nu tetep lumangsung bisa ngarah ka ahir tipamaréntahan koalisi Fatah-Hamas, sarta kamungkinan ahir ti Otoritas Paléstina.[38]
Ti 2006-2007, leuwih ti 600 Urang Paléstina pupus dina papaséaan antara Hamas jeung Fatah.[39] SanggeusPerang Gaza, saruntuyan kajadian nelasan 54 Urang Paléstina, samentara ratusan ngaku disiksa.[40] 349 Urang Paléstina ditelasan dina patempuran antawis pihak dina 2007. 160 Urang Paléstina patelas-telas ngan dina bulan Juni hungkul.[41]
Pamaréntahan Abbas nampi raloba dukungan internasional. Dina ahir Juni 2008, Mesir, Yordania, jeung Arab Saudi nyebatkeun yén Kabinét Sisi Kulon nu diwangun ku Abbas mangrupa sahiji-hijina pamaréntahan Paléstina anu sah. Mesir mindahkeun kadutaanna ti Gaza ka Sisi Kulon.[44] The Hamas government in the Gaza Strip faces international, diplomatic, and economic isolation.
Munara pangawas, wates Rafah-Mesir
BohArab Saudi jeung Mesir ngadukung pamulihan hubungan jeung dibentukna pamaréntahan kahijian nu anyar, sarta neken Abbas sangkan ngawitan parundingan nyata jeung Hamas. Partéy oposisi jeung pulitisi ogé nyorakeun hiji parundingan jeung Hamas ogé hiji ahir hukuman ékonomi.
Sanggeus panyandakan alih, Israél jeung Mesirnutup pameuntasan watesna jeung Gaza. Sumber-sumber Paléstina ngalaporkeun yén pangawas Uni Éropa kaluar tiPameuntasan Wates Rafah, di Wates Mesir-Gaza lantaran sieun diculik atanapi disiksa.[45] Mentri-mentri luar nagri Arab jeung pajabat pamaréntahan Paléstina ngawangun hiji fron ngalawan kakawasaan Hamas di wates éta.[46]
Sawatara éta, laporan kaamanan Israél jeung Mesir nyebatkeun yén Hamas terus nyalurkeun bahan éksplosif jeung pakarang ti Mesir liwat torowongan. Pasukan kaamanan Mesir manggih 60 torowongan dina 2007.[47]
Sanggeus meunangna Hamas dina Juni, pajabat-pajabat nu patali jeung Fatah dikaluarkeun ti wewenang jeung kakawasaanna (saperti jabatan pamaréntahan, kaamanan, universitas, koran, jsb.) sarta ngusahakeun ngalaksanakeun hukum ku cara progrésif nurunkeun pakarang ti gerilyawan, marga, jeung kelompok kajahatan di sakurilingeunana, jeung ngawasaan torowongan suplai. Dumasar kanaAmnésti Internasional, dina kakawasaan Hamas, surat kabar ditutup sarta wartawan dilécéhkeun.[48] Unjuk rasa Fatah dilarang atanapi diteken, sakumaha contona dina kasus démonstrasi pikeun miélingan pupusnaYasser Arafat, nu mana ngakibatkeun maotna 7 urang, sanggeus démonstran ngalungkeun batu kana pasukan kaamanan Hamas.[49]
Kajahatan kana urang Kristen aya ogé. Saurang Kristen nu mibanda hiji toko buku diculik jeung ditelasan,[50] sarta dina 15 Pébruari 2008, perpustakaan hiji organisasi Kristen di Kota Gaza dibom.[51]
Hamas jeung grup militan lianna neraskeun ngaluncurkeun rokét Qassam ka Israél. Dumasar kana Israél, antara Panyandakan Alih ku Hamas jeung ahir Januari 2008, 697 rokét jeung 822 mortir diarahkeun ka kota-kota Israél.[52] Balesannana, Israél ngarah paluncur rokét Qassam jeung targét-targét militér sarta dina 19 Séptember 2007, nyatakeun Jalur Gaza minangka hiji éntitas musuh. Dina Januari 2008, Israél ngawatesan lalampahan ti Gaza, asupna barang-barang, sarta motong pasokan suluh, ngakibatkeun kakirangan listrik. Hal ieu ngarah ka tuntutan yén Israél méréhukuman koléktif kana populasi Gaza, nu ngarah ka panghukuman internasional. Sanajan raloba laporan ti Jalur Gaza nyebatkeun yén pangan sarta kabutuhan poko lianna kirang pisan pasokanna,[53]Israél ngabantah bari nyebatkeun yén Gaza geus miboga pangan jeung suplai énergi nu cekap pikeun sababaraha minggu.[54] Dina awal Maret 2008, panarajangan udara jeung darat kuIDF ngakibatkeun maotna leuwih ti 110 urang Paléstina sarta dampak kaancuran diJabalia.[55] Sanggeus Présidén Mesir, Hosni Mubarak, mundur dina 28 Méi 2011, Mesir muka watesna jeung Jalur Gaza.[56]
Dina 23 Januari 2008, sanggeus sababaraha bulan persiapan nalika pangiatan wates ku baja jadi ruksak,[57]Hamas ngancurkeun sababaraha bagian témbok nu ngawatesan Gaza jeung Mesir di kotaRafah. Raloba urang meuntas ka Mesir néangan pangan jeung suplai. Ku sabab krisis, Présidén Mesir keur éta,Hosni Mubarak, maréntahkeun pasukanna sangkan diijinkeun éta Urang Paléstina téh, tapi pastikeun euweuh pakarang anu dibawa balik.[58] Mesir nahan jeung teras ngabébaskeun sababaraha gerilyawan Hamas nu boga pakarang di Sinai nu mana presumably hayang asup ka Israél. Keur éta ogé, Israél ningkatkeun kaayaan pangélingannana di sapanjang wates Sinai Israél-Mesir, sarta nyauran wargina sangkan ninggalkeun Sinai "langsung."
Pangawas Wates UE nunjukkeun kasiapanna dina balik deui ngawas wates éta, sarta Hamas kedah ngajamin kaamananna; samentara Otoritas Paléstina ménta sangkan Mesir sawala jeung pihak Otoritas hungkul ngeunaan urusan nu patali jeung wates éta. Israél ngagampangkeun sababaraha panyaluran barang jeung suplai médis ka Jalur Gaza, tapi ngawatesan listrikna 5% dina salah sahiji ti 10 saluranna, samentara Hamas jeung Mesir ngadeukeutkeun jarak antara kadua pihak.[59] Usaha kahiji mesir dina nutup deui watesna éta diréspon kalawan karusuhan ku gerilyawan Gaza, tapi sanggeus 12 poé, wates éta ditutup deui.[rujukan?]
Dina patengahan Pébruari, pameuntasan wates Rafah masih tutup.[60] Dina Pébruari 2008, hiji survéiHaaretz nunjukkeun yén 64% masarakat Israél hoyong pamaréntahna ngayakeun diskusi langsung jeung Hamas di Gaza ngeunaan gencatan senjata sarta pikeun ngamankeun dibébaskeunnanaGilad Shalit,[61] saurang prajurit Israél nu ditahan dina hiji panarajangan pameuntasan wates ku militan Hamas dina 25 Juni 2006 sarta geus jadi sandra saprak éta.[62][63][64]
Dina Pébruari 2008,patempuran antawis Israél jeung Paléstina nambih ripuh kalawan paluncuran rokét sarta ditarajangna militan Paléstina. Agrési militér ku Hamas ngarah ka aksi militér Israél dina 1 Maret 2008, ngakibatkeun leuwih ti 110 Urang Paléstina maot dumasar kana BBC News, kitu ogé kana 2 prajurit Israél. Kelompok hak asasi manusa Israél,B'Tselem, merkirakeun yén 45 korban nu ditelasan heunteu patali jeung karusuhan éta, samentara aya 15 nu saeutik.[65]
Sanggues silih nahan antawis Fatah jeung Hamas di Jalur Gaza jeung Tepi Kulon,kulawarga Hilles ti Gaza dipindahkeun kaJericho dina 4 Agustus 2008.[66] Pénsiunan Perdana Mentri, Ehud Olmert, saurna dina 11 Nopémber 2008, "Naon nu ditaroskeun téh sanés bakal aya atanapi teu ayana konfrontasi, tapi basa éta lumangsung, dina kaayaan naon, sarta saha nu ngadalikeun situasi, saha nu bakal ngarahkeunnana, sarta saha nu bakal nyaho dina mangpaatkeun waktu ti awal gencatan senjata nepi ka konfrontasi kalawan cara anu pangalusna nu mungkin.” Dina 14 Nopémber 2008, Gaza diblokade ku Israél minangka balesan tina tarajangan mortir jeung rokét ku Hamas jeung kelompok militan lianna nu aya operasina di Gaza.[67] Sanajan kitu, pangan, listrik, jeung cai masih bisa asu ti Mesir upami pihak otoritas Mesir ngijinkeunnana.
Dina 28 Nopémber 2008, sanggeus masa 24 jam di mana euweuhrokét Qassam nu diluncurkeun ka Israél,IDF ngagampangkeun transportasi ti leuwih ti 30 truk nu mawa pangan, pasokan dasar, jeung alat médis ka Jalur Gaza, sarta ogé masok suluh ka pembangkit listrik utama di wewengkon éta.[68] Dina 25 Nopémber 2008, Israél nutup pameuntasan kargona jeung Gaza ku sabab 2 rokét nu diluncurkeun ka Israél.[69]
Urang Israél nu ditelasan ku Urang Paléstina di Israél (blue) sarta Urang Paléstina nu ditelasan ku Urang Israél di Gaza (red)Imah-imah nu ruksak nalika OperasiCast Lead
Dina 27 Désémber 2008,[70]F-16 Israél ngalaksanakeun hiji runtuyan panarajangan udara kana sasaran-sasaran di Gaza minangka balesan tina rokét-rokét nu ditémbakkeun teterusan ti Jalur Gaza ka Israél. Raloba tempat nu dipaké minangka panyimpenan pakarang ditarajang: pos polisi, sakola, rumah sakit, gudang PBB, masjid, raloba wangunan pamaréntahan Hamas, sarta wangunan lianna.[71] Israél nyebatkeun yén panarajangan éta mangrupa balesan ti tarajangan rokét Hamas di Israél beulah kidul, kalawan jumlahleuwih ti 3.000 dina 2008. Pagawé médis Paléstina ngaku yén paling saeutikna 434 Urang Paléstina maot, sarta minimalna 2.800 cedera, kasusun ti warga sipil jeung anggota Hamas, dina 5 poé kahiji panarajangan Israél kana Gaza.Pasukan Patahanan Israél nolak pangakuan ngeunaan korban panarajangan éta kalobaannanan warga sipil, nyadiakeun bukti yén Hamas ngahajan nyumputkeun pakarang jeung militan di "masjid, lapangan sakola, jeung imah warga sipil" pikeun ngahalangan hiji tarajangan sarta mangpaatkeunaturan patempuran Israél.[72] Israél mimiti invasi darat kana Jalur Gaza dina 3 Januari 2009.[73] Israel nolak raloba usulan gencatan senjata sarta kadua pihak nyatakeun gencatan senjata sapihak.[74][75]
Total 1.100-1.400[76] Urang Paléstina jeung 13 Urang Israél ditelasan dina Perang 22 poé.[77] Sanggeus tempur 22 poé, Israél nyatakeun gencatan senjata. Hamas bakal ngalanjutkeun patempuran upami pasukan Israél heunteu ninggalkeun Jalur Gaza.[78] Konflik éta ngaruksakkeun atanapi ngancurkeun sababaraha imah,[79] 15 ti 27 rumah sakit di Gaza sarta 43 ti 110 fasilitas kaséhatan utama,[80] 800 sumur,[81] 186 imah kaca,[82] sarta méh sadaya 10.000 ladang kulawarga;[83] ngakibatkeun 50.000 urang tanpa imah,[84] 400.000-500.000 urang tanpa cai nu ngocor,[84][85] 1 juta urang tanpa listrik,[85] sarta nyababkeun stok pangan kritis.[86]
Dina Pébruari 2009, kasadiaan pangan pulih deui saperti saméméh perang tapi suplai kadaharan lokal nu seger diprédiksi bakal ngirang drastis dina April-Juni 2009 ku sabab akbiat fatal dina widang agrikultur nalika perang.[87]
Diblokadenya Jalur Gaza lanjut sanggeus perang, sanajan Israél ngijinkeun tulungan kamanusaan médis tapi dina kumlah nu kawates. Palang Beureum nyebatkeun yén blokade éta ngaruksakkeun ékonomi Gaza sarta nyababkeun kirangna kalengkepan jeung alat médis dasar kawas panawar nyeri jeung film sinar x.[88]
DirékturShin Bet (Badan Kaamanan Israél),Yuval Diskin nyarios yén anjeunna moal ngalawan kana dilogorkeunnana palarangan dagang, tapi percanten yén torowongan penyelundupan di Sinai sarta palabuan nu kabuka di Jalur Gaza ngabahyakeun kaamanan Israél. Saur Diskin, Hamas jeungJihad Islam geus nyelundupkeun leuwih ti "5.000 rokét kalawan radius jangaku nepi ka 40 kilométer." Sababaraha rokét éta bisa nepi ka tempat sajauhWewegkon Métropolitan Tel Aviv.[89]
Mark Regev, juru carios kantor Peradana Mentri Israél, nerangkeun yén kalakuan Israél mangrupa "hukuman", sanés blokade, tapi saurang konsultan hukum Gaza pikeun UNRWA nyebat blokade éta minangka "tindakan di luar hukum internasional.”[90]
Dina Juli 2010, Perdana Mentri Britania,David Cameron, ngritik blokade éta, nyarios yén "Bantosan jeung masarakat kamanusaan kedah tiasa kaluar asup kana dua arah. Gaza teu bisa jeung teu kénging dijadikeun penjara."[91] Balesanna, juru cariosKadutaan Israél di London nyebatkeun yén "Masarakat Gaza téh tahanan tina organisasai téroris Hamas. Kaayaan di Gaza téh hasil langsung tina aturan jeung prioritas Hamas."
Kémah ténda, April 2009
Liga Arab nuduh Israél ngabiayaan perang kauangan.[92]
IDF ngadalikeun lalampahan dina wewengkon titik pameuntasan antawis Israél jeung Jalur Gaza, sarta nutup watesna jeung Gaza. Kaayaan kaamanan di Gaza jeung sapanjang watesna, kaasup watesna jeung Mesir sarta basisirna, bahaya sarta bisa robah sawaktu-waktu.[93]
Nyanghareupan ningkatna panggilan internasional sangkan ngalogorkeun atanapi ngahupus blokadena, Mesir jeung Israél ngirangan palarangan éta mimiti Juni 2010, nalika Pameuntasan Wates Rafah ti Egypt ka Gaza dibuka sabagian ku Mesir, sarta mentri luar nagri Mesir nerangkeun yén pameuntasan wates éta bakal terus dibuka utamina pikeun jalma, tapi sanés pikeun pasokan barang, ngaliwat.[94] Israél ngumumkeun yén nagara éta bakal ngijinkeun barang-barang kabutuhan sipil kalawan pangawasan bari nyegah pakarang katangtu jeung barang dwifungsi asup ka Gaza nu dikawasaan ku Hamas.[95]
Ti 1987 nepi ka 1991, nalikaintifada kahiji, Hamas ngampanyekeun pamakéan hijab sarta aturan-aturan lianna, kaasup maksa awéwé tinggal di imah jeung dipisahkeun ti lalaki, sarta kampanye poligami. Dina perkawis ieu, awéwé nu milih teu maké hijab disiksa sacara verbal jeung fisik, kalawan hasil hijabna dipaké 'ngan pikeun nyegah masalah di jalan'.[96]
Saprak Hamas nyandak kadali kana Jalur Gaza dina 2007, sababaraha anggotana ngusahakeun maksa pamakéan pakéan Islam atanapiHijab pikeun awéwé.[97][98] "Kamentrian Pandukung Islam" ogé miboga anggota Komite Kahadéan ngélingkeun masarakat kana bahaya pakéan nu teu sopan, maén kartu, jeung bobogohan.[99] Tapi, euweuh aturan pamaréntah anu ngatur neguaan pakéan jeung aturan moral lianna, sarta kamentrian pangatikan Hamas malikkeun hiji usaha pikeun maksa pakéan Islam kana murid-murid.[97]
NumutekunPanénjo Hak Asasi Manusa, pamaréntahan Gaza Hamas ningkatkeun usahana pikeun "ng-Islam-keun" Gaza dina 2010, usaha nu ngawengku, numutekun organisasi éta, "panekenan masarakat sipil" jeung "pangruksakan parah kana kabébasan pribados."[100]
PanalungtikPaléstina, Dr.Khaled Al-Hroub ngkritik kana nu ku anjeunnna disebat "léngkah-léngkahTaliban-an" nu dicandak ku Hamas. Numutkeun anjeunna, "Islamisasi nu geus dipaksa kana Jalur Gaza - panindasaan sosial, budaya, jeung pérs nu teu cocog jueng pandangan Hamas - mangrupa kalakuan kakoncara nu kedah dilawan. Éta téh mangrupa palaksanaan ulang tina pangalaman rézim totalitér jeung kadiktatoran liaana disamarkeun ku agama.[101]
Pajabat Hamas nolak ngeunaan miboga rancangan pikeun maksakeun aturan Islam, saurang anggota déwan nyarios yén “Naon nu ku manéh tempo téh kacilakaan, sanés kawijakan,” sarta aturan Islam éta téh standar nu dipikahayang "tapi urang percaya kana ajakan.”[99]
Gawé bareng Israél jeung program pitulungan internasional
Antara Januari 2009-Juni 2010, kira-kira 137 juta liter suluh, jeung 50.000 ton gas rumah tangga dikintun liwat Israél ka Jalur Gaza.[102][103][104]Aya ogé kasus di mana bantosan ka Gaza diblokade ku Israél sapertitarajangan armada Gaza,[105] sanajan bantosan éta dikintun liwat Israél sanggeus dipariksa tina pakarang jeung barang selundupan.
Dina Januari jeung Pébruari 2011,Badan Pasarikatan Bangsa-Bangsa pikeun Koordinasi Hubungan Kamanusaan (UNOCHA) maréntah hiji panalungtikan perkiraan tina akibat aturan éta pikeun ngalogorkeun palarangan aksés.[106] Tina panalungtikan éta, dicindekkeun yén hasilna kahirupan masarakat heunteu ningkat kalawan signifikan.[106] Dipanggih yén "kaayaan penting tina larangan nu masih aya" sarta akibat ti 3 taun blokade ketat nyegah paningkatan signifikan dina kahirupan jeung nyauran Israél sangkan ngahupus sapinuuhna blokade éta kaasup larangan impor material qangunan sarta ékspor barang, sarta sangkan naghupus palarangan umum dina lalampahan jalmi antawis Gaza jeung Sisi Kulon liwat Israél sangkan saluyu jeung anu diterangkeun minangka kawajiban kamanusaan internasional jeung hukum hak asasi manusa.[106]
Jalur Gaza mioga iklim garing, kalawan ususm tiis nu lemes, sarta usum panas nu panas jeung garing lantaranhalodo. Titik pangluhurna nyaéta Abu 'Awdah (Joz Abu 'Auda), dina 105 metres (344 ft) luhureun laut. Sumber daya alam kaasuplemah subur (kira-kira sapertilu wewengkon Jalur Gaza kairigasi), sarta dipanggihgas alam. Masalah lingkungan kaasupdesertifikasi;salinitas (kadar uyah) cai;sanitasi;dégradasi lemah; sarta kontaminasi jeung ngirangna sumber cai jero taneuh.
↑[1]Archived 2012-11-13 diWayback Machine "'Against whom could we demonstrate in the Gaza Strip? When Gaza was occupied, that model was applicable,' Zahar said." Ditampi ti Ma'an News Agency, 5 Januari 2012
↑The Hamas Enterprise and the Talibanization of Gaza, by Khaled Al-Hroub, Al-Ayyam (Palestinian Authority), October 11, 2010.Translation by the Middle East Research Institute, October 22, 2010.
Cobham, David P.; Kanafani, Noman (2004).The economics of Palestine: economic policy and institutional reform for a viable Palestinian state (Illustrated ed.). Routledge.ISBN041532761X, 9780415327619 Check|isbn= value (bantuan). CS1 maint: Extra text (link)