Jagong(Ind:Jagung; latin:Zea mays) nyaéta tutuwuhan anu ngandung siki, daunna sok dipaké maraban ingon-ingon, buahna anu gora dijieunlalab atawasayur,buahna nu geus garing ogé bisa diawétkeun jadiemping. Jagong anu anyar dipetik biasana dikulub atawa dibeuleum, bisa ogé diseupankeun sarua jeungsangu atawa dicampurkeun jeung sangu (sangu jagong).[1]Dumasar timuan génetik, antropologi, jeungarkéologi kanyahoan yén jagong téh asalna tiAmérika Tengah ([[Méksiko bagiankidul). Budidaya jagong geus dilakonan di ieu daérah ti 10.000 katukang, tuluy téknologi ieu téh dibawa kaAmerika Kidul (Ekuador) kurang leuwih 7000 taun ka tukang, sarta nepi ka wewengkon pagunungan di kiduleunPéru 4.000 taun ka tukang.[2]
Daun jagong kagolongkeundaunsampurna, daun jagong warnanahéjo ngora keur masih némbongkeun daunna jeung héjo kolot pas keursawawa jeung konéng lamun geuskolot,tulang daun jeung indung tulang daun sajajar jeung daun dina jagong aya anu lemes weuh buluan jeung aya ogé anu kasar buluan.[3]
Batang jagong tegak lempeng jeung panceg, batang jagong kasusun tina buku-buku jeung di satiappalapah dibungkus kudaun anu kaluar waé dina unggal bukuna, ngan batang jagong henteu loba ngandunglignin, alatan batangna angger panceg lempeng.[3]
jagong mibandaakarserabut anu nepika jero antara 8 m, sanajan kitu, rata-rataakar jagong ngan saukur aya dina 2 m, salian serabut, akaradventif ogé bakal kaluar minangka tutuwuhan jagong geus kolot jeung boga fungsi pikeun ngabantuan mancegkeun batang jagong.[3]
Kembanglalaki jeungbikang dina jagong papisah, ku kituna, panyerbukan dina jagong butuh dibantu kuangin,serangga nepi ka kumanusa.[3] unggal kembang lalaki jeung bikang jagong kudu dikawinkeun dibantuan ku alam (sacara alami) atawa dibantuan ku manusa, kembang lalaki aya dina tungtung tongkol tina jagong.[3]
Buah jagong warnana konéng ngora dina mangsa saacan kolot atawa bodas susu dina kaayaan ngawangun, unggal batang jagong boga sehenteuna 1 tongkol jagong, sanajan ayeuna aya pamekaran panaékan mutu jagong jenis hibrida tapi umumna ungal batang ngan boga hiji tongkol, jeung pas buah jagong nincak ka kolot bakal robah bentuk jadi kakonéngan.[3]