Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

J

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kaca ieu boga artikel ngeunaan hurupJ dina alfabét Latin. Pikeun pamakéan séjénna, tempoJ (disambiguasi).
Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaranWikikamus ngeunaan kecap
J
J
Alfabét Latin dasar
 AaBbCcDd
EeFfGgHhIiJj
KkLlMmNnOoPp
QqRrSsTtUuVv
 WwXxYyZz

J nyaéta hurup kasapuluh dinaalfabét Latin, sarta hurup pamungkas anu ditambah dina golongan 26 hurup. Ngaranna nyaétaje, dibaca [dʒeɪ].

Sajarah

[édit |édit sumber]
Yunani Kuna
iota 
Yunani Modérn
iota 
Étruska
Latin Kuna
Latin Modérn
J

J asalna mangrupa wangun séjén hurupI, sedengkeun hurup I asalna ti hurupiotaYunani. Wangunhurup leutik j dipaké dinaAbad Pertengahan pikeun mungkasangka Romawi ngagantikeuni. Pamakéan anu béda dimimitian dinabasa Jerman Hulu Pertengahan.[1]Petrus Ramus (d. 1572) jadi jelema kahiji anu sacara écés ngabédakeun I sarta J minangka lambang sada anu béda. Mulanya, kadua hurup I sarta J melambangkan /i/, /iː/, sarta /j/; tapirungkun basa Roman ngamekarkeun sada-sada anyar (ti /j/ sarta /g/) anu jadi sada-sada lambang I sarta J; ku éta, Jbasa Inggris (ti JPerancis, sarta pamustunganana dipaké dinaIndonésia) rada béda sadana ti[j]déngékeun conto sada.

Pamakéan

[édit |édit sumber]
Koin emas tiItalia (abad ka-15 M), bergambarYohanes Pembaptis jeung tulisanS Iohannes B di sekelilingna. HurupI dipaké alatan dina mangsa éta hurup J atawaY tacan tercipta.

Kabéhbasa Jermanik kajaba Inggris,Skotlandia sartaLuksemburg ngagunakeunJ pikeun /j/; kitu ogé dinabasa Albania, sartarungkun basa Ural sartaSlavia anu maké alfabét Romawi, kawasbasa Hongaria,Finlandia,Éstonia,Polandia,Céko, sartaSlowakia. Sawaréh basa dina rungkun ieu, kawasbasa Serbia, turut nyerepan J ka dinaabjad Sirilik pikeun tujuan anu sarua. Ku alatan éta pisan, hurup leutikna dipilih minangka lambang fonétikIPA pikeun[j]déngékeun conto sada (kawas "y" dina "ya").

Pamakéan J minangka lambang konsonan gésék pascarongga-gigi (/dʒ/) aya dinabasa Igbo,Indonésia,Malayu,Shona,Somali,Oromo sartaZulu. Basa Inggris makéna dina sawatara kecap, contona kecapjam (dibaca [d​͡ʒæm]).

Dinabasa Basqué,diafoném anu dilambangkan kuj dilafalkan berbéda-béda nurutkeun dialek: [j], [ʝ], [ɟ], [ʒ], [ʃ], [x] (anu pamungkas umum dipaké diPaís Vasco).

Dinabasa Indonésia, J awalna melambangkan /j/,konsonan hampiranwiati-wiati. Saprak taun1972, sada kasebut digantikeun jeungY sarta hurup J dipaké pikeun melambangkan /dʒ/.

Dina éjahan standarbasa Italia modérn, ngan kecap tibasa Latin,ngaran diri (linguistik) (kawasJesi,Letojanni,Juventus, sarta sajabana.) atawa kecap ti basa kosta anu maké J. Nepi kaabad ka-19, J condong dipaké batan I dinadiftong, minangka gaganti akhiran-ii, sarta dina jumplukan vokal (kawas dina kecapSavoja); aturan ieu cukup heureut dina padoman éjahan resmi. J ogé dipaké pikeun nyerepan sada /j/ dina dialek, contonaajo dina basa Romanesque jadiaglio (–/ʎ/–). Novelis ItaliaLuigi Pirandello ngagunakeun J dina jumplukan vokal dina karya-karyanya anu ditulis dina basa Italia; manéhna ogé nulis basa indungna, basa Sicilia kalayan tetep ngabéla pamakéan J.

Dinabasa Spanyol, J melambangkan /x/ atawa /h/ (anu ngembang tikonsonan gésék /dʒ/), sarupa jeung sada "h" atawa "kh" Indonésia.

Dinabasa Perancis,Portugis sartaRumania, hurup J mulanya berbunyi /dʒ/ tapi kiwari robah jadi /ʒ/ (kawas dina kecapmeasure basa Inggris).

Dinabasa Turki,Azérbaijan sartaTatar, hurup J umumna melambangkan sada /ʒ/.

"J" ialah hiji-hijina hurup anu henteu kapanggih dinasistem périodik unsur (tapiJl kungsi dipaké pikeun ngawakilanjoliotium, sartaJ sorangan kungsi dipaké pikeunyodium[2]).

Kode komputasi

[édit |édit sumber]
Répréséntasi alternatif hurup J
Alfabét fonétik NATOKode Morsé
Juliet·–––
⠚
Bendera isyaratSemaforBasa isyaratBraille
Titik kodeHuruf badag
J
Huruf leutik
j
UnicodeU+004AU+006A
ASCIIDésimal74106
Biner0100101001101010
EBCDIC209145

Catetan suku

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungJ.
  1. Mittelhochdeutsches Handwörterbuch von Matthias Lexer (1878)Archived 2016-03-04 diWayback Machine
  2. Tempounsur kimia
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=J&oldid=673155"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp