Loba pimikiran ahli sajarah jeung linguistik ngeunaan étimologi ngaran "Italia".[15] Dumasar kana salah sahiji panerangan nu leuwih umum, istilahItalia (tibasa Latin:Italia),[16] dipinjem liwatbasa Yunani ti istilahbasa Oscan,Víteliú, nu hartina "lemah énéng" (cf.Latvitulus "énéng",Umbvitlo "énéng").[17] Sapi mangrupa lambang séké-séké Italia kidul jeung mindeng digambarkeun neunggar ajag Romawi minangka lambang embungeun méré kamerdékaan Italia. Salian ti éta, aya ogé legénda, yén Italia dingaranan ti inohong nu naminaItalus.[18][19][20]
NgaranItalia awalna ngan digunakeun pikeun sabagian wewengkon nu ayeuna ngarannaItalia Kidul (dumasar kanaAntiochus ti Syracuse, di bagian kidul samenanjungBruttium). Tapi, dina masa Antiochus, istilahOenotria jeung Italia mangrupa sinonim, jeung ngaran éta ogé digunakeun pikeun kalobaanLucania. Saterusna, urang Yunani biasa nyebut "Italia" pikeun wewengkon nu leuwih lega, tapi baru dina wanci panalukan Romawi istilah éta bener-bener ngasupkeun sakabéh samenanjung.[21]
Pagunungan Apennina minangka tulang tukang samenanjung ieu, manjang ka arah kulon-kalér nepi ka ngagabung jeungAlpen, barisan pagunungan nu ngawangun lengkungan nu ngawatesan Italia di sisi kalér. Di wewengkon ieu ogé dipanggihandataran alluvial gedé,dataran Po-Venesia, nu dialiran kuWalungan Po kalawan loba anak walunganna ngalir ti Alpen,Apennina, jeungDolomites. Walungan kondang nu séjén kaasupTiber,Adige, jeungArno.
Titik pangluhurna nyaétaGunung Blanc (Monte Bianco) dina 4.810 m. Sanajan kitu, Italia biasana leuwih dipatalikeun jeung duagunung api nu katelah:Vésuvius deukeutNapoli jeungÉtna di Sisilia.
Padumuk Italia kalobaannana ngagem agama jeung ngagunakeun basa nu sami tapi kalawan budaya, ékonomi, jeung politik nu rupa-rupa. Italia miboga kapadetan padumuk panggedéna kalima di Éropa kalawan 196 padumuk perkilométer pasagi. Grup minoritas padumuk asli leutik jumlahna.
SanajanKatolik Roma mangrupa agama mayoritas (85% nu babar di Italia umumna agamana Katholik), aya sababraha komunitas nu mangrupa bagian GaréjaProtéstan, jeung ogéBené Roma nu geus ngalaksanakeunJudaisme di Italia dina rébuan taun. Jeung aya ogé komunitas imigranMuslim.