Républik Islandia (basa Islandia:Lýðveldið Ísland) atawaLemah És nyaéta hiji nagara pulo di bagian kalérSamudra Atlantik. Islandia aya kira-kira 300 kilométer di wétaneunGreenland jeung kira-kira 1.000 kilométer tiNorwégia.
Kira-kira taun930-an, para pangawasa Islandia mimiti nyeratkonstitusi nagara aranjeunna. Aranjeunna naon nu dingarananAlthing, sarupaparlemén nu kantor pusatna di kotaÞingvellir. Islandia bisa disebut salaku nagara démokrasi pangkolotna nu masih aya nepi ka ayeuna.
Dina taun985, Érik si Beureum diasingkeun ti Islandia sabab geus maéhan hiji jalma. Manéhna terus balayar ka kulon jeung manggihanGreenland. Budakna Érik,Léif Érikson, manggihAmérika dina taun1000 jeung méré ngaranVinland. Lalampahan Érik, Léif, jeung pangiringna dicaritakeun dina hijisaga.
Dina taun1262, Islandia minangka bagian tiNorwégia nepi ka taun1814, Islandia minangka bagian tiDénmark. Dina ahir abad ka-19, loba padumuk Islandia nu hayang merdéka tiDénmark. Dina taun1918, Islandia miboga kadaulatanna, tapirajaDénmark masih didaulat minangka raja Islandia.
WanciJérman ngawasaanDénmark dina kaping9 April1940,Althing netepkeun yén Islandia téh pibanda rahayat Islandia. Tapi, maranéhna masih heunteu ngadéklarasikeun kamerdékaan waktos éta. PasukanInggris jeung engkénaAmérika Sarikat boga inisiatif pikeun ngawasaan Islandia sangkan heunteu ditarajangan ku Jérman. Dina taun1944, Islandia ahirnya ngadéklarasikeun kamerdékaanna.
SaenggeusPerang Dunya II, Islandia minangka anggotaNATO, tapi heunteu jadi anggotaUni Éropa. Antara taun1958 nepi ka1976, aya tilu kali papaséaan paham antara Islandia jeungInggris ngeunaan saha nu boga hak nyokot laukkod ti cai sakurilingeun Islandia. Peperangan éta disebutPerang Kod. euweuh korban dina perang éta. Dina taun1980,Vigdís Finnbogadóttir kapilih jadiprésidén. Anjeunna mangrupaprésidén awéwé nu kahiji di Islandia.
Kalobaannana urangSkandinavia. Basa nu dipaké nyaétabasa Islandia nu ampir teu robih éjaan jeung tata basana dina 1.000 taun. Urang Islandia malah tiasa macasaga kuna nu nyaritakeun ngeunaan patualangan paraViking tampa sesah nu ngaharti. Ampir sadaya urang Islandia ngagem agamaKristen aliranLutheran.
Nami tukang teu kawanoh dina nami Islandia. Urang Islandia nggunakeunpatronim, di mana digunakeun ahiran-son lamun lalaki jeung-dóttir lamun awéwé.
Contona, Jón Stefánsson mibanda murangkalih lalaki nu naminaFjalar. Nami ahir Fjalar sanés Stefánsson kawas ramana, tapiFjalar Jónsson nu hartinaFjalar, murangkalih lalaki ti Jón. Perkawis nu sarua aya kana wanita. Lamun Jón Stefánsson mibanda murangkalih awéwé nu naminaKata, teras nami tukangna sanés Stefánsson, tapiJónsdóttir. Dina hal ieu, harti naminaKata, murangkalih awéwé ti Jón.
Dina sababaraha kasu, nami tukang hiji jalma bisa ogé dicandak lain ti nami kahiji sepuhna, tapi ti nami kaduana. COntona, upami Jón téh murangkalih lalaki ti Hjálmar Örn Vilhjálmsson, manéhna bisa dinamianJón Hjálmarsson (Jón, murangkalih lalaki ti Hjálmar) atanapiJón Arnarson (Jón murangkalih lalaki ti Örn). Alesanna nyaéta yén sepuhna leuwih daék murangkalihna dipanggil kalawan nami tengah, lain nami kahiji.
Kalobaannana nami tukang urang Islandia mawa panjenengan ramana, tapi dina kasus katangtu, panjenengan indungna nu dainggo lantaran rupa-rupa alesan. Kadang murangkalihna atawa indungna arék megatkeun ikatan sosial dengan si ayah. Sababaraha féminis ngagunakeun hal ieu sabagé hiji nyanyataan sosial. Sabagian nu lian milih ukur lantaran masalah seléra. Konvénsinya tetep sarua. Fjalar, murangkalih lalakina Bryndís, bakal ngagunakeun nami lengkepFjalar Bryndísarson nu hartinaFjalar, murangkalih lalaki ti Bryndís.
Di raloba nagara, jalma nyauran jalma nu lian nganggo nami tukangna, tapi di Islandia urang nyauran urang lian nganggo nami payunna. Contona wanci ngomongkeun ngeunaanHalldór Ásgrímsson, aranjeunna heunteu nyebutna Ásgrímsson, tapi Halldór.