Invéstasi nyaéta hiji isitilah nu boga sababaraha harti, anu aya patalina jeung kauangan sartaékonomi.[1] Istilah éta patali jeungakumulasi atawa jumlah hijiaktiva nu ka hareupna dipiharep bisa ngahasilkeun kauntungan.[1] Aya ogé nu nyebutna salakupenanaman modal.[1]
Dumasar kana téori ékonomi, invéstasi miboga harti meuli (sarta prosuksi) ti modal barang nu teu dikonsumsi tapi tetep dipaké pikeun produksi ka hareupna.[2] Contona ngawangunrél karéta atawapabrik.[2] Invéstasi nyaéta salah sahiji komponen tinaPDB (Produk Domestik Bruto).[2] Fungsi invéstasi dina aspek ieu dibagi kanainvéstasi non-residential (saperti pabrik jeungmesin), sartainvéstasi residential (imah anyar).[2] Invéstasi nyaéta salah sahiji panghasilan jeung tingkat bunga.[2] Hiji tambahan dina panghasilan nu ngaroojong invéstasi leuwih gedé, di mana tingkat bunga nu leuwih luhur bakal nurunkeun minat pikeun invéstasi, hal éta bakal leuwih mahal tibatan jeung nginjeum duit.[2] Sanajan hiji perusahaan séjén maké dana na sorangan pikeun invéstasi, tingkat bunga nunjukkeun hiji biaya kasempetan ti invéstasi éta tibatan nginjeum pikeun meunangkeun bunga.[2]
Sababaraha prodak invéstasi dipiwanoh salakuéfék atawa surat berharga.[3] Efek nyaéta hiji instrumen wangun kapamilikan nu bisa diganti hak milikna dina wangun surat berharga,saham/obligasi, bukti hutang (Promissory Notes), bunga atawa partisipasi dina hiji parjanjian koléktif (Reksa dana), Hak pikeun meuli hiji saham (Rights), garansi pikeun meuli saham diwaktu ka hareupma atawa instrumen nu bisa dijual beulikeun.[3]
Salian ti nambahan panghasilan, Invéstasi ogé mibanda risiko kauangan mun invéstasi éta gagal.[3] Kagagalan invéstasi dibalukarkeun ku loba hal, di antarana nyaéta faktor kaamanan (bisa bencana alam atawa nu diballukarkeun kumanusa), atawa katertiban hukum.[3]