Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Inuman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
jus buah

Inuman ilaharna nujul kana sagala rupa cairan nu diteleg. Kecap ieu kadang-kadang dipaké keur harti nu leuwih heureut, keurinuman nu ngandung alkohol.

Jenis cai inuman

[édit |édit sumber]

Cai herang

[édit |édit sumber]

Ilaharnamanusa ngonsumsicai herang nu bérésih, herang jeung steril minangka inuman utama keur dikonsumsi, tur ieu téh kacida hadéna keur kasehatan. Cara-cara nyeterilkeun cai di antarana:

  • Ozonisasi, nyaéta ngolah cai makéozon nu ilahar dilakukeun di pausahaan cai inuman dina kemasan nu skalana gedé
  • makésinarultra violét sakumaha nu dipaké dina depot cai inuman eusi ulang
  • Ditaheur, ilaharna di rumah tangga-rumah tangga diIndonésia

Cai warnaan

[édit |édit sumber]
Jus jeruk
Inuman nu dikarbonasi
Sacangkirkopi

Lian ti cai herang, inuman ogé loba rupana, boh keur acara resmi, istirahat, atawa acara santey di imah. Unggal wewengkon mibanda inuman has sewang-sewangan. Inuman nu ilahar disuguhkeun di antarana:

Inuman has Indonésia

[édit |édit sumber]

Inuman tradisional Sunda

[édit |édit sumber]
  • Bajigur: nyaéta inuman anu rasana amis, dijieunna tina cipati dicampuran gula kawung jeung cangkaléng, diseungitan ku daun pandan, nyieunna digodogkeun.
  • Bandrék: inuman nu rasana amis lada, dijieunna tina cai dicampuran gula kawung jeung jahé, nyieunna digodogkeun.
  • Céndol: kadaharan sabangsa dawet, dijieunna tina aci kawung, jsté, digéréntél-géréntél, didaharna maké peueut dicipatian
  • Cingcaw: kadaharan jiga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop.
  • Goyobod: sabangsa kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager, didaharna jeung alpuket maké sirop diésan.
  • Lahang: cai amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa palem lianna, sok diinum, atawa dijieun gula.
  • Sakoteng: ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas jiga siki dalima, ditinyuh ku gula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.
  • Sirop: cai gula kentel dicampuran sari bungbuahan jsté., nu beunang dililakeun, diinumna ditambahan cai és jsté.
  • Téh tubruk: inuman anu dijieun tina cai dicampur entéh, dina nyieunna entéh ditinyuh ku cai panas ngagolak, dicampur ku gula bodas.

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Inuman&oldid=680961"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp