Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Intel Corporation

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Intel Corporation
Logo kiwari, dipaké ti Désémber 2005.
RupaUmum
Simbol sahamNASDAQ[1]
Komponén Dow Jones Industrial Average[1]
Komponén NASDAQ-100[1]
Komponén S&P 500[1]
IndustriSemikonduktor
Ngadeg18 Juli 1968; 0 detik lalu (1968-07-18)
Nu ngadegkeunGordon Moore,Robert Noyce
MarkasSanta Clara,California,Amérika Sarikat[1]
Daérah layananSakuliah dunya
Jalmi pentingAndy Bryant[1]
(Chairman)
Brian Krzanich[1]
(CEO)
Renée James[1]
(President)
ProdukBluetoothchipset,mémori flash,mikroprosésor,papan induk,parabot jaringan,parabot sélular
Ramatlokawww.intel.com

Intel Corporation sok disebutIntél, nyaéta hiji pausahaan multinasional anu puseurna diSanta Clara,California,Amérika Sarikat jeung kawentar ku rancangan jeung produksi mikroprosésor sarta ngahususkeun produkna dina sirkuit kaintegrasi.[2] Intel mibanda proyék panalungtikan téhnologi anu maju dina sakabéh aspék produksi semikonduktor.[2] Ngaran Intel mimitina mah dipikawanoh utamana ngan ukur ku parainsinyur jeung ahli téhnologi, anu disebut ku jujulukIntel Inside anu sohor di taun 1990-an barengan jeung prosésor Pentium-na.[2]

Pangadeg Intel Corporation

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Robert NoycejeungGordon Moore.

Dina taun 1968,Robert Noyce jeungGordon Moore nyaéta duainsinyur anu gawé di pausahaan semikonduktorFairchild. Maranéhna duaan ngundurkeun diri pikeun ngabangun pausahaanna sorangan, nu waktu harita loba ogé karyawanFairchildanu areureun pikeun nyieun pausahaanna sorangan. Kabéh urut karyawanFairchildkayaningNoyce jeungMoore meunang jujulukFairchildren.[2]Robert Noyce ngan ngetik salambar kertas nu ngajelaskeun ide-na ngeunaan naon anu hayang ku anjeunna dilakukeun kana pausahaan anyarna, tuluy Art Rock di San Francisco ngadukung usaha anyarNoyce jeungMoore ieu.[rujukan?] Rock saterusna neundeun modal gedéna 2,5 yutaUSD dina waktu kurang ti 2 poé ku ngajual obligasi konvérsi. Saterusna Intel resmi diadegkeun dina tanggal18 Juli1968, ku panaratas semikonduktorRobert Noyce jeungGordon Moore.[2]

Sajarah

[édit |édit sumber]

Ngaran Intel

[édit |édit sumber]
Andy Grove,Robert Noyce jeungGordon Moore (1978)
Logo Intel heubeul dipaké ti 18 Juli 1968 nepi ka Désémber 2005
Logo dipaké ti Januari 2006-2020

Intel mimiti diadegkeun taun1968 ku ahli fisika dan kimiaGordon Moore jeungRobert Noyce panyipta sirkuit kaintegrasi, sanggeus maranéhanana ninggalkeun pausahaanFairchild.[3] Salila taun 1980-an Intel dijalankeun ku saurang insinyur kimia nu ngarannaAndy Grove, nu bisa disebut anggota katilu ti kulawarga asli Intel.[3]Andy Grove dianggap minangka salah saurang pamingpin bisnis jeung ahli strategi pausahaan nu pohara penting.[3]

Nalika pausahaan diadegkeun,Gordon Moore jeungRobert Noyce mibanda ide pikeun ngaran pausahaan maranéhanana nyaétaMoore Noyce.[3] Tapi pas ngaran éta diucapkeun téh kadéngé minangkaMore Noise, ide ieu gancang ditinggalkeun sangkan néangan ngaran nu leuwih cocog, ogé anu hartina teu matak jadi goréng.[3] Teu lila ngaranNM Electronics dipilih terus dipaké salila sataunan. Pausahaan téh antukna mah diganti deui ku ngaranIntegrated Electronics, atawa pondokna mah INTEL.[3] Teu ku hanteu, ngaran ieu geus dipaké ku pausahaan jaringan hotél anu kasohor, nyahak paténna téh kudu dibeuli bari mahal-mahal ogé.[3]

Ronjatan Prosésor

[édit |édit sumber]

Taun1969, Intel minangka produsén semikonduktor geus menerima pamundutan tiNippon Calculating Machine Corporation (NCMC) pikeun ngarancang 12chip husus, nu rencanana dipaké pikeun nyieun produk kalkulator Busicom 141-PF.[2] Intel saterusna ngarancang sasét nu kawengku ti opatchip anu dipikawanoh minangka MCS-4. Sét ieu kawengku ticentral processing unit (CPU) mangrupa chip 4004,chip anu didukung ku memoriread-only (ROM) ngandung program aplikasi husus,chip memorirandom-access (RAM) pikeun ngolah data, jeung hijichipshift-register anu pancénna nyanghareupan portinput/output (I/O).[2] Sangkan bisa ngamanpaatkeun rancanganna éta pikeun langganan lianna, Intel tuluy meuli hak patén pikeun disain éta tiNCMC.[2]

Tanggal15 Nopémber1971, Intel ngaluarkeun prosésor opat bit Intel 4004 jeung sét chip disakuliahna.[rujukan?] Intel 4004 geus jadi mikroprosésor munggaran nu dijual pikeun umum sajaba jadiCPU munggaran nu dijalankeun di luhureunchip.[2] Dina iklan nu sumebar diElectronic News, Intel ngadéklarasikeun minangka "Hiji Zaman Anyar Dina Dunya Éléktronik Kaintegrasi".[2]” Nyusul pohara suksés 4004, Intel ngaluarkeun generasi panerusna dina bulanApril1972, mangrupa mikroprosésor 8008, tuluy 8080 jeung arsitéktur 8 bit anu kacida dianti-antina.[2] PausahaanSéiko misalna langsung mesen chipsét ieu pikeun dipelak dina produk kalkulatorna.[2] Minangka panerus 8008, Intel 8080 dikaluarkeun dina bulanApril1974.[rujukan?] Chip ieu ogé anu dipasang di Altair 8800, nyaéta PC munggaran dina sajarahna.[2] Katénaran mikroprosésor ieu, jeung ngalegaanna program aplikasi nu didukung ku 8080 geus ngabangkitkeun minat pausahaan semikonduktor séjénna pikeun nyieun tiruanna.[2] Ide anu ditawarkeun ku generasi 4004 jeung 8008, geus diwujudkeun mangrupa Intel 8080 minangka mikroprosésor idaman nu loba pamakéna.[2]

Dina taun1976 Intel ngawanohkeun dua jenis prosésor anyar, nyaéta Intel 8085 nu rilis dina bulan Maret disusul Intel 8086 dina bulanJuni.[rujukan?] Angka “5” dina ngaran kode “8085” asalna tina ciri has prosésor ieu anu ngan ngabautuhkeun daya gedéna 5volt, cukup leutik mun dibandingkeun jeung prosésor saméméhna nu ngabutuhkeun daya kombinasi nepi ke 12volt.[2] Tipe Intel 8085 kacida pas dipaké minangka mikrokontroler dibandingkeun pamakéan minangka prosésor.[2] Dina salah sahiji aplikasi misi NASA dina mimitian taun 2000-an disebutkeun geus ngaberdayakeun mikrokontroler Intel 8085.[2] Minangka ronjatan 8085, Intel ngarilis vérsi 8086 anu sarupa, tapi geus dilegaan jadi data bus 16 bit.[rujukan?] Ari pék Arsitéktur Intel 8086 kurang dipikaresep ku parancangPC.[2]Juni 1979 Intel ngaluncurkeun tipe 8088, anu jadi chipset munggaran ogé pikeun pamakéan husus di séktor ieu.[rujukan?] Pilihan 8088 dumasar kana niléi ékonomis.[2]

Intel ICH7southbridge dinapapan induk Intel D945GCPE

Tumuluy, Intel 80286, anu sok disebut 286, nyaéta chip munggaran nu bisa bener-bener disebut “prosésor”.[rujukan?] Chip ieu anu ngawanohkeun pangabisa pikeunmultitasking, ngajalankeun sawatara program sakaligus.[rujukan?] Kaleuwihan ieu teu karasa passistem operasi nu pakéna masih kénéhDOS mah, namungsistem operasi nu dikembangkeun sanggeusna, kayaningWindows, bener-bener karasa niléi leuwihna tina pangabisa ieu téh.[2] Intel sebenerna geus ngamimitian meroduksi 80386 dina bulanOktober1985.[rujukan?] Tapi chip nu sok disebut ku ngaran i386 éta téh can dijual bébas nepi ka awal taun1986.[rujukan?] Tipe i386, mangrupa sét chip munggaran anu nyumponan sakabéh sarat dasar pikeun ngajalankeunsistem operasi modérn kayaningWindows jeungLinux.[2] Dirojong ku kahayang pikeun ngadésainchipsét anu leuwih kahontal, Intel tuluy ngaluarkeun tipe 80486 dina taun1989.[2] Sistem anu makéCPU Intel 80486 némbongkeun digawé anu leuwih hadé tur gancang, pamakéPC mimiti bisa ngajalankeun program ku cara “klik”, tanpa kudu ngetik paréntah hiji hiji.[2] Chipsét ieu ogé ngadukung pidangan layar warna jeung dioperasikeun cukup gancang.[2]

Dina tanggal2 Maret1992, Intel ngaluarkeun 486DX2 ku pangabisa ganda ti saméméhna, sangkan pangabisa operasionalCPU ogé bisa jauh leuwih luhur.[2] Dina taun ieu Intel jadi pausahaan semikonduktor panggedéna di dunya mungguhDataquest.[2] Intel Pentium diwanohkeun dina tanggal22 Maret 1993 kuPentium nu jadi andelan ku sabab leuwih gampang madukeun data-data nyata kayaning; sora, tulisan leungeun jeung foto. Kajayaan Pentium dilestarikeun ku dikaluarkeunna Intel Pentium Pro.[rujukan?] Prosésor ieu ditargétkeun pikeun ngajawab tuntutan dunya bisnis sarupaning perkantoran jeung minangka hiji stasion gawéengineering.[2] Dina tanggal26 Pébruari1999, Intel ngaluarkeun Intel Pentium III nu pangabisana leuwih dironjatkeun pikeun ngolah gambar, 3D, audio jeung vidéo.[2] Intel ogé ngaluarkeun Intel Pentium III Xéon, minangka pangembangan ti Intel Pentium III, tapi ditargétkeun pikeun kabutuhan sérver.[2]

Dina tanggal 3 Januari 2001 Intel ngaluarkeun mangrupa prosésor Pentium IV nu gancangna 1.3 GHz.[2] Maké prosésor Pentium IV, para pamakéPC dibéré kaleuwihan anu ngamungkinkeun nyieun film kualitas profesional, jsb.[2] Minangka ronjatanna dikaluarkeun ogé Pentium IV Xéon nu ditagétkan pikeun komputer kelas tumengah nu digawéna luhur.[2] Satuluyna, dina taun 2002, Intel ngaluarkeun Prosésor Intel Pentium M, anu mangrupa salah sahiji komponén téknologimobile Centrino.[2] Téknologimobile Intel Centrino dirarancang husus pikeun komputerportabel ku pakakas nirkabel dipelak dina komputer laptop jeung sawatara digawémobile unggul.[rujukan?] Prosésor tipe ieu ngajadikeun laptop bisa jadi leuwih hampang, leuwih kompak sarta operasina leuwih lila makébatré.[2] Dina sataun reujeung, Intel ogé ngaluarkeun Prosésor tipe Itanium 2.[2]

Taun2006, Intel ngaluarkeun tipe prosésor Pentium D, anu dipelakeun dua inti (dual core) kana chip-na.[rujukan?] Dua jenis Pentium D anu disumebarkeun di sakuliah pasar nyaéta Smithfield, nyaéta Pentium D nu intina basis Prescott (90 nm), jeung Prester, mangrupa Pentium D nu intina basis Cedar Mill (65 nm) .[2] Prosésor Intel Core 2 Duo, dikaluarkeun dina tanggal21 Januari2007, ronjatan digawé komputer atawa éfisiensi daya nepi ka 40% mun dibandingkeun jeung Prosésor Intel generasi saméméhna.[2] Dina tanggal11 Agustus2008, prosésor pikeun komputer desktop anu saméméhna geus dibéré ngaran Nehalem, sacara resmi bijil minangka Intel Core i7.[rujukan?] Ngaran ieu dicokot tinaidentifier i7, nyaéta téeknologi panganyarna nu dibijilkeun Intel.[rujukan?] Dina tanggal8 Séptémber2009, Intel ngaluarkeun Intel Core i5. Hiji mikroprosésor jeung téknologiturbo boost jeunghyper-threading.[rujukan?]

Intel Core iSeries dikaluarkeun dina tanggal19 Januari2010. Prosésor ieu dirarancang pikeun nyumponan kabutuhan individual sacara otomatis.[2] Ku chipset ieu laptop atawa PC jadi leuwih ganang cepat digawéna jeung leuwih pinter, lian ti kitu tetep hémat daya. Prosésor ieu ngagabungkeun opat komponén dina hiji chip nyaétaCPU,prosésor grafis,system agent, jeung pangontrol mémori.[2] Intel Core iSeries ngoméan pidangan kontén 3D, kaulinan, sarta sagala ngeunaan multimédia sangkan kuliatasna mingkin écés.[2] Dina kuartal kadua2012, Intel ngaluarkeunIvy Bridge anu digawéna jauh leuwih gancang tinimbangSandy Bridge, lian ti ngaminimalkeun kabutuhan daya. Chip ieu nyaéta anu munggaran maké téknologi transistor pikeun ngolah grafis 3D anu sakumna dipelak dina chip.[2] Chip ieu ditargétkeun pikeun dipaké ngadukung produk jenis ultrabook anu kompak, ku sabab teu butuh deui komponenVGA tambahan.[2] Chipset Intel Haswell, dikaluarkeun nu janjina bakal jadi luncatan raksasa dina hal éfisiénsi jeung digawé sakumna.[rujukan?] Chipset ieu ngamanpaatkeun arsitéktur anyar anu dirarancang jeung diproduksi maké prosés 22 nm.[2]

Chip Haswell bakal mibanda 3 status pangendalian daya, dibandingkeun ngan dua dina Ivy Bridge, nyaéta aktip, saré, jeung Idle aktip.[rujukan?] Intel ngakukeun héhématan daya ngaronjat 20x dibandingkeun generasi chip saméméhna.[2] Prosésor Core generasi ka opat bakal ngadukung pidangan Ultra HD nu dipikawanoh minangka 4K jeung jelasna opat kali leuwih écés tinimbang HD nu kiwari aya.[rujukan?] 4k mibanda leuwih ti 8 yuta piksel individu (3.840 x 2.160) dibandingkeun jeung kurang leuwih 2 yuta dina HD (1.920 x 1.080) .[2]Juni2013, Intel ngaluarkeun generasi ka opat ti prosésor Intel Core (Haswell) dina hiji acara nu ngarannaComputex diTaipei.[2] BulanJuni2014, Intel ngaluarkeun inovasi Intel Core M dirilis di ramatloka resmi Intel.[rujukan?] Jeung bulanSéptémberna, Intel Core M geus diwanohkeun dina acaraExpo IFA 2014 diBérlin.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
Artikel ngeunaantéhnologiieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Artikel ngeunaankomputerieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Intel_Corporation&oldid=704808"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp