Républik Indonésia (RI) (Aksara Sunda: ᮛᮦᮕᮥᮘᮣᮤᮊ᮪ ᮄᮔ᮪ᮓᮧᮔᮦᮞᮤᮃ) nyaéta hiji nagara diAsia Tenggara, nu diliwatan ku guratkhatulistiwa jeung aya di antara BuanaAsia jeungAustralia sarta antaraSamudra Pasifik jeungSamudra Hindia. Indonésia mangrupa nagarakapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo,[6][7] ku kituna disebut ogéNusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna).[8] Kalawan populasi disawang 270 yuta jiwa dina taun 2020,[9] Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagemIslam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lainnagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaétarépublik, kalawanDéwan Perwakilan Rakyat,Déwan Perwakilan Daérah, jeungPrésidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaétaJakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeungMalaysia diPulo Kalimantan,Papua Nugini diPulo Papua, sartaTimor Lésté diPulo Timor. Indonésia mangrupa anggotaPBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota tiASEAN,APEC,OSI jeungG-20.
Kecap "Indonésia" asalna tiBasa Latin tina kecapdus nu hartina "Hindia" sarta kecapBasa Yunaninesos nu hartina "pulo".[10] Jadi, lamun ditilik sacara harti kecapIndonésia hartinawewengkon Hindia kapuloan, atanapi kapuloan nu aya di Hindia, nu nunjukkeun yén ngaran ieu geus aya saméméh Indonésia jadi nagara daulat.[11] Dina taun 1850,George Earl,etnolog nu asalna ti nagara Inggris, mimiti ngusulkeun sesebutanIndunesia jeungMalayunesia pikeun pangeusi "Kapuloan Hindia atawa Kapuloan Melayu".[12] Murid éarl,James Richardson Logan, maké kecapIndonésia salaku sinonim tiKapuloan India.[13] Tapi, panulisan akademik Walanda di média Hindia-Walanda teu maké kecapIndonésia, tapiKapuloan Melayu (Maleische Archipel);Hindia Wétan Walanda (Nederlandsch Oost Indië), atawaHindia (Indië);Wétan (de Oost); sartaInsulinde (istilah ieu diwanohkeun taun 1860 dina novelMax Havelaar (1859), yasanaMultatuli, ngeunaan kritik kana kolonialisme Walanda).[8]
Saprak taun 1900, ngaran Indonésia jadi leuwih ilahar dina lingkungan akademik di luareunWalanda , sarta golongan nasionalis Indonésia maké kecap éta dina widang pulitik.[8]Adolf Bastian tiUniversitas Bérlin ngawanohkeun ngaran ieu dina bukuIndonesien oder die Inseln des Malayischen Archipels, 1884–1894. Pelajar Indonésia munggaran nu maké ngaran ieu nyaétaSuwardi Suryaningrat (Ki Hajar Dewantara), nalika anjeunna ngawangun kantor warta di Walanda nu ngarannaIndonesisch Pers Bureau dina taun 1913.[11]
Titinggal fosil-fosilHomo erectus, nu kuantropolog ogé dilandi "Manusa Jawa", mawa pamadegan yén kapuloan Indonésia geus dieusian antara 2 yuta nepi ka 500.000 taun kaliwat.[14]. BangsaAustronésia, nu ayeuna mangrupa mayoritas pangeusi Indonésia, pindah ka Asia Tenggara tiFormosa. Maranéhna disawang nepi ka Indonésia dina taun 2000 SM, sarta ngabalukarkeun BangsaMélanésia nu geus aya saméméhna kagigirkeun ka wewengkon nu jauh di beulah wétan.[15] Kaayaan nu cocog pikeun tatanén ngabalukarkeun geu ayana kaahlianmelak paré saprakabad ka-8 SM,[16]. ku kituna ngabalukarkeun ogé ku lobana désa, kota, jeung karajaan-karajaan leutik tumuwuh jeung mekar dinaabad ka-1 M. Salian ti éta, Indonésia nu aya di jalur perdagangan laut internasional jeung antar pulo, geus jadi jalur lalayaran antara India jeung Cina dina sababaraha abad.[17] Sajarah Indonésia saterusna boga loba pangaruh ti kagiatan paniagaan éta.[18]
Ti pangaruh agamaHindu jeungBuddha, sababaraha karajaan ngadeg di puloKalimantan,Sumatra, jeungJawa saprakabad ka-4 nepi kaabad ka-14.Kutai, nyaéta karajaan nu pangkolotna di Indonésia nu ngadeg dina abad ka-4 di huluWalungan Mahakam,Kalimantan Wétan. Di wewengkon kulon Pulo Jawa, dina abad ka-4 nepi ka ka-7 M aya KarajaanTarumanagara. Dina abad ka-7 aya Karajaan Malayu nu puseurna diJambi, Sumatra.Sriwijaya ngéléhkeun Malayu sarta jadi karajaan maritim nu pangkuatna di wewengkonNusantara. Wewengkon kakawasaanna ngawengku Sumatra, Jawa, samenanjung Melayu, ogé ngawasaan paniagaan di Selat Malaka, Selat Sunda, sarta Laut Cina Kidul.[19] Kadatangan padagang-padagangArab jeungPérsia liwat Gujarat, India, tuluy mawa agamaIslam.Samudera Pasai nu ngadeg dina taun1267, mangrupa karajaan Islam kahiji di Indonésia.
Panjajahan
Indonésia ogé mangrupa nagara nu kungsi diéréh ku loba nagara. Ieu di handap nyaéta sababaraha nagara nu kungsi ngaéréh atawa ngajajah sakabéh atawa sabagian wewengkon Indonésia.
Perancis, sacara teu langsung ngawasaan Jawa dina jaman 1806-1811 lantaran Karajaan Walanda taluk ka Prancis. BasaLouis Bonaparte, adinaNapoleon Bonaparte, diistrénan di walanda dina taun 1806, ku kituna otomatis jajahan Walanda pindah ka Prancis. périodeu ieu lumangsung dina mangsa pamaréntahan Gubernur JenderalHerman Willem Daendels di taun 1808-1811. Dipungkas taun 1811 nalika Inggris ngéléhkeun kakuatan Walanda-Prancis di pulo Jawa.
Nalika urangéropa daratang di mimitiabad ka-16, maranéhna manggih sababaraha karajaan nu gampang diéléhkeun pikeun ngawasaan perdagangan rempah-rempah. Portugis mimiti nepi di 2 palabuanKarajaan Sunda nyaétaBanten jeungSunda Kalapa, tapi bisa ditundung jeung teras pindah ka wétan ngawasaanMaluku. Dinaabad ka-17,Walanda ngéléhkeunBritania Raya jeungPortugal (iwal diTimor Portugis). Disawang mangsa harita agemanKristenkmimiti sumebar dindonésia salaku salah sahiji tujuan imperialisme lawas nu kawanoh salaku3G, nyaétaGold, Glory, and Gospel atanapi "Emas, Kajayaan, jeung Ageman".[20] Walanda ngawasaan Indonésia salaku wewengkon jajahan nepi kaPerang Dunya II. KaMimitinaVOC, tapi tuluy ku pamaréntah Walanda saprak awal abad ka-19.
Walanda nyieun sistimCultuurstelsel (Sistem Pamelakan) dina abad ka-19, nyaéta sistim melak kebon-kebon garedé sarta pelak paksa nu sakabéhna dilaksanakeun di Jawa, nu méré kauntungan pikeun Walanda nu teu bisa dihasilkeun ku VOC. Dina jaman pamaréntahan panjajahan nu leuwih bébas sanggeus1870, sistim ieu dihapus. Sanggeus1901 pihak Walanda ngawanohkeunKawijakan étis,[21] nu ngawengku parobahan pulitik nu tangtu sarta invéstasi nu leuwih gedé di Hindia-Walanda.
Dina jaman Perang Dunya II, nalika Walanda dijajah kuJérman,Jepang ngawasaan Indonésia. Indonésia dieréh deui dina taun1942, Jepang nempo yén para pajuang Indonésia mangrupa batur paniagaan nu kooperatif jeung bisa milu jadi prajurit lamun dibutuhkeun.Sukarno,Mohammad Hatta,KH. Mas Mansur, jeungKi Hajar Dewantara dibéré pangajén kuKaisar Jepang dina taun1943.
Usaha-usaha ngalawan pergerakan kamerdikaan Indonésia ieu tuluy dipikawanoh ku Walanda salaku 'aksi kapulisian' (Politionele Actie), atanapi ku Indonésia dipikawanoh minangka 'Agrési Militér'.[22] Walanda ahirna ngaku kamerdikaan Indonésia dina27 Désémber1949 salaku nagaraféderal nu disebutRépublik Indonésia Sarikat sanggeus aya tekenan ti kalangan internasional, utamanaAmérika Sarikat. Mosi IntegralNatsir dina 17 Agustus 1950, ngahudangkeun balikna Negara Kesatuan Républik Indonésia sarta ngabubarkeun Républik Indonésia Sarikat.
Dina jaman 1950-an jeung 1960-an, pamaréntahan Sukarno milu sakaligus naratasgerakan non-blok awalna, tapi tujuanna sangkan leuwih deukeut jeung bloksosialis, sapertiRépublik Rahayat Cina jeungYugoslavia. Taun 1960-an minangka saksi ayana konfrontasi militér jeungMalaysia ("Konfrontasi"),[23] sarta kateupuasan kana héséna ékonomi. Salajuna dina 1965 aya kajadianG30S nu nyababkeun maotna 6jendral sarta sababarahaperwira tengah lianna. Kaluar kakuatan anyar nu dilandiOrde Baru (Ordeu Anyar) nu nuduhPartéy Komunis Indonésia salaku dalang kajadian jeung boga maksud ngaléngsérkeun pamaréntahan nu keur aya sarta ngarobah dasar nagara kana pahamsosialis-komunis. Tuduhan ieu sakaligus dijadikeun alesan pikeun ngaganti pamaréntahan saméméhna dina paréntah Sukarno kana pamaréntahan nu anyar.
JendralSoeharto jadi Présidén Indonésia dina taun1967 maké alesan pikeun ngamankeun nagara tina bahyakomunisme. Ratusan rébu warga Indonésia nu dianggap milu pihak komunis ditelasan, samentara loba warga Indonésia nu keur aya di luar negri, teu wanieun mulih ka Indonésia, sarta teras dicabutkawarganagaraanna. Jaman kakawasaan Soeharto dilandiOrde Énggal sarta jaman pamaréntahan Sukarno disebutOrde Lawas.
Soeharto ngagunakeun ékonominéoliberal sarta hasil ngadatangkeun ralobainvéstasi luar negri asup ka Indonésia sarta ngahasilkeun pamekaran ékonomi nu gedé, sanajan teu rata. Dina awal rézim Orde Énggal, kawijakan ékomomi Indonésia disusun ku sababaraha urangékonom lulusanUniversitas California, Berkeley, nu dilandi "Mafia Berkeley".[24] Soeharto ahirna dipaksa léngsér ti jabatanna ku aksidémonstrasi sarta kaayaan ékonomi nagara nu goréng dina taun1998.
Sawatara wengkon Indonésia ngusahakeun pikeun misahkeun manéh, sapertiPapua Kulon jeungMaluku Kidul.Timor Wétan resmi misah ti Indonésia dina taun1999 sanggeus 3 taun dina administrasiPBB, jadi nagaraTimor Lésté.
Lembaga éksekutif museur kanaprésidén,wakil présidén, jeungkabinét. Kabinét di Indonésia mangrupa kabinét présidénsial jadina mentri mibanda tanggung jawab ka présidén.
Indonésia ayeuna miboga 38propinsi, 5 propinsi miboga status husus. Propinsi dibagi kanakabupatén jeungkotamadya nu dibagi deui kanakacamatan. Babagian administratifna lanjut deui nepi ka bagian nu pangleutikna nyaéta Rukun Tatangga (RT) nu mangrupa daérah tingkat ka-6.
Unggal propinsi mibogaDPRD Propinsi salaku badan législatif wewengkon sarenggubernur salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Unggal kabupatén mibogaDPRD Kabupatén salakeun badan législatif wewengkon sarengbupati salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Unggal kotamadya mibogaDPRD Kotamadya salaku badan législatif wewengkon sarengwalikota salaku puseur badan éksekutif wewengkon. Sadayana, dipilih langsung ku rahayat langku pamilihan umum. Tapi di Jakarta (Wewengkon Husus Ibu Kota Jakarta) euweuh DPRD Kabupatén atanpai Kotamadya, ku sabab Kabupatén Administrasi jeung Kota Administrasi di Jakarta sanés wewengkon otonom.[27]
PropinsiAcéh,Daérah Husus Yogyakarta,Papua Kulon, jeungPapua miboga hak husus sarta tingkat otonomi nu leuwih luhur ti propinsi nu lian. Misalna, Acéh boga hak pikeun nagntukeun sistim hukumna sorangan; dina taun 2003, Acéh mimiti maké hukumSyariah.[28] Yogyakarta miboga status daérah husus salaku pangakuan kana pentingna Yogyakarta dina ngarojong Indonésia nalika Révolusi.[29]Propinsi Papua (baheulana disebut Irian Jaya), miboga status otonomi husus taun 2001.[30]DKI Jakarta mangrupa wewengkon husus ibu kota nagara.Timor Portugis digabungkeun ka wewengkon Indonésia minangka propinsiTimor Wétan dina 1979–1999, nu teras misahkeun manéh liwat réferéndum jadi nagara merdika,Timor Lésté.[31]
Dumasar kana undang-undang di Indonésia, pamaréntah puseur jeung daérah miboga anggaran atikan 20% ti anggaran nagara jeung anggaran daérah salian ti upah guru jeung biaya kadinasan. Tapi dina taun2007, dana nu disadiakeun karak 17,2 %[35].
Peta nu némbongkeun Produk Doméstik Régional Bruto (PDRB) per kapita propinsi-propinsi di Indonésia dina taun 2008.
██ Langkung ti Rp 100 yuta██ Rp 50 yuta ++ - Rp 100 yuta██ Rp 40 yuta ++ - Rp 50 yuta██ Rp 30 yuta ++ - Rp 40 yuta
██ Rp 20 yuta ++ - Rp 30 yuta██ Rp 10 yuta ++ - Rp 20 yuta██ Rp 5 yuta ++ - Rp 10 yuta██ Kirang ti Rp 5 yuta
Sistim ékonomi Indonésia awalna dirojong ku ayanaOeang Repoeblik Indonesia (ORI) minangka mata uang kahiji Indonésia, nu sanggeusna ganti jadiRupiah.
Dina jaman pamaréntahanOrde Lawas, Indonésia heunteu sapinuhna ngagunakeun sistim ékonomi kapitalisme, tapi dicampurkeun jeung sistim nasionalisme ékonomi. Pamaréntah nu masih anyar, raloba milu kana produksi nu boga pangaruh ka masarakat, ditambah ku kaayaan pulitik, nyababkeun ayana kateustabilan ékonomi nagara.[36]
Pamaréntahan Orde Énggal geura maké disiplin ékonomi pikeun nekeninflasi, stabilisasi mata uang, pangaturantambut luar nagri, sarta ngondang investasi asing.[36] Dina jaman1970-an, hargaminyak bumi nu naék nyababkeun naékna angka ékspor sarta tingkat tumbuh ékonomi rarata nu luhur saloba 7% antara taun 1968 nepi ka 1981.[36] Parobahan ékonomi salajengna dina jaman 1980-an, saperti dérégulasi kauangan jeung déflasi,[36] teras ngalirkeun invéstasi asing ka Indonésia hususna dina industri-industri nu ngarah ka ékspor antara 1989 nepi ka 1997[37] Ékonomi Indonésia ngalaman kamunduran dina ahir1990-an ku sababkrisis ékonomi di raloba wewengkonAsia keur éta,[38] nu dibarengan ku réngséna pamaréntahan Orde Énggal sarta mundurna Soeharto salaku présidén dina 21 Méi 1998.
PertumbuhanPDB Indonésia dina 2004 jeung 2005 leuwih ti 5%.[39] Tapi, akibatna heunteu boga pangaruh loba dina tingkat pangangguran, nyaéta 9,75%.[40][41] Perkiraan taun 2006, 17,8% masarakat hirup di handapeungurat kamiskinan, sarta aya 49,0% masarakat hirup kalawan panghasilan kirang ti AS$ 2 sapoé.[42]
Hasil tatanén nu utama sapertibéas,entéh,kopi,rempah-rempah, jeungkarét.[44] Widangjasa mangrupa panyumbang PDB nu panggedéna, nyaéta 45,3% dina PDB 2005.Industri 40,7%, sarengtatanén 14,0%.[45] Sanajan kitu, widang tatanén miboga pagawé nu leuwih loba ti widan séjénna, nyaéta 44,3% ti 95 yuta jiwa. Widang jasa 36,9%, sarta widang industri 18,8%.[46]
Kapadetan populasi Indonésia dumasar kana Sénsus 2010
Dumasar kana sénsus populasi taun 2000, Indonésia miboga kirang-langkungna 206 yuta jiwa,[48] sarta diperkirakeun taun 2006 miboga 222 yuta jiwa.[9] 130 yuta (leuwih ti 50%) ngeusianPulo Jawa nu mangrupa pulo nu panglobana pangeusina sakaligus pulo tempatna ibu kotaJakarta.[49] Kalobaannana urang Indonésia mangrupaUrang Austronésia, sarta aya ogé kelompok urangMélanésia,Polinésia, jeungMikronésia utamina di Indonésia beulah wétan. Aya ogé urang nu asalna ti luar nagri saperti étnisTionghoa,India, jeungArab. Indonésia miboga kira-kira 4 yuta populasi urang Tionghoa.[50]
Islam mangrupaagama mayoritas nu pangagemna saloba kira-kira 85,2% urang Indonésia, nu nyababkeun Indonésia salaku nagara kalawan populasi muslim nu panglobana sadunya.[44] Umat lian sapertiKristen Protéstan (8,9%),Kristen Katolik (3%),Hindu (1,8%),Buddha (0,8%), jeung sajabana (0,3%). Pamaréntah Indonésia ogé sacara resmi ngakuanagama Konghucu.[51]
Indonésia mibogabasa Indonésia salaku basa kahijian jeungbasa nasional. Indonésia ogé kaasup salah sahiji nagara kareng basa panglobana di dunya.[52] laloba basa, miboga rébuan panyatur tapi kaayaanna kaancam ku sabab generasi ngorana teu nyaturkeunna deui, sarta para panyatur pindah ka basa nasional.[53]
Indonésia miboga kira-kira 300 kelompok étnis nu boga rupa-rupa warisan budaya nu mekar sairing jaman, nu ogé dipangaruhan ku kabudayaan India, Arab, Cina, Éropa, sarta kaasup ogé budaya sorangan,Melayu. Saperti kasenianwayang ti wewengkonJawa jeungBali nu midangkeun carita-carita mitologi Hindu kawasRamayana jeungBaratayuda, ogé carita-carita adaptasi kaayaan modéren. Aya ogé kasenian tarian contona tiSumatra saperti tariRatéb Meuseukat jeung tariSeudati tiAcéh. Aya ogé senisisindiran,gurindam, jeung sajabana ti raloba wewengkon misalna Melayu.
Raloba wewengkon Indonésia mibogamusik tradisionalna sorangan. Aya ogé musik tradisional campuran sapertikeroncong nu dipangaruhan kuPortugis di wewengkonTugu,Jakarta,[54]. Msik Indonésia lianna sapertidangdut nyaéta musik aliran Melayu modéren nu dipangaruhan ku musik India.
Sangu mangrupa kadaharan utama di lolobana wewengkon Indonésia.Sambel,saté,baso,soto, jeungsangu goréng nyaéta sababaraha contoh kadaharan masarakat Indonésia.[55]
Poster pilemTjoet Nja' Dhien (1988), pilem ngeunaan pahlawan nasional Indonésia ti Acéh.
Pilem kahiji nu diproduksi di nusantara nyaéta pilem taun1926 kalawan judulLoetoeng Kasaroeng nu dijieun ku sutradara Walanda, G. Kruger jeung L. Heuveldorp, dina jamanHindia Walanda. Pilem ieu dijieun ku Pausahaan Pilem Jawa NV diBandung sarta diputer kahiji kalina dina 31 Désémber1926 di téater Elite and Majestic,Bandung. Popularitas industri pilem Indonésia muncak dina jaman 1980-an sarta diputer di raloba bioskop di Indonésia,[56]. Antawis 2000 nepi ka 2005, jumlah pilem Indonésia nu dirilis unggal taunna teras ningkatan.[56] PilemLaskar Pelangi (2008) mangrupa pilem kalawan pamasukan anu panglobana sapanjang sajarah pilem di Indonésia nepi ka danget ieu.
Figur penting dina sastra modéren Indonésia saperti panulis WalandaMultatuli nu méré kritikan kana kalakuan Walanda ka Indonésia dina jaman panjajahan Walanda;Muhammad Yamin jeungHamka nu mangrupa panulis sarta pulitisi pra-kamerdikaan;[57] sartaPramoedya Ananta Toer, panulis novel Indonésia nu kakoncara salah sahijina nyaéta nulis novel Bumi Manusia.[58] Salah sahiji conto panulis puisi Indonésia misalnaChairil Anwar. Raloba urang Indonésia mibogatradisi lisan nu kiat, nu ngarojong dina nerangkeun sarta ngamumulé kaayaan budayana.[59]
Wewengkon Indonésia miboga rupa-rupa mahluk hirup. Ku kituna sababaraha sumber nyebatkeun yén wewengkon lingkungan Indonésia mangrupa "Mega biodiversity" atanapi "anéka rupa mahluk hirup nu loba"[60][61]. Rupa-rupa mahluk hirup Indonésia aya di paringkat ka-3 sadunya sanggeusBrasil jeungRépublik Démokratik Kongo.[62]
Sanajan kitu,Guinness World Records dina taun 2008 pernah nyutat rékor Indonésia salaku nagara nu panggancangna ruksak leuweungna sadunya. Unggal taunna, Indonésia dituar leuweungna saluas+1,8 yuta héktar. Karuksakan ieu aya di wewengkon hulu/jero leuweung (hutan) nu ngaruksak ogé wewengkon di hilir (basisir).[63]
↑Earl, George S. W. (1850). "On The Leading Characteristics of the Papuan, Australian and Malay-Polynesian Nations".Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 119.
↑Logan, James Richardson (1850). "The Ethnology of the Indian Archipelago: Embracing Enquiries into the Continental Relations of the Indo-Pacific Islanders".Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 4,252–347.;Earl, George S. W. (1850). "On The Leading Characteristics of the Papuan, Australian and Malay-Polynesian Nations".Journal of the Indian Archipelago and Eastern Asia (JIAEA): 254,277–278.
↑Dotinga, Harm (2000).International organizations and the law of the sea: documentary yearbook, Vol 14. Martinus Nijhoff Publishers. hlm. 960.ISBN9041113452, 9789041113450.;
↑World Bank, (2008),Spending for development: making the most of Indonesia's new opportunities : Indonesia public expenditure review, World Bank Publications,ISBN 978-0-8213-7320-0
↑abcdSchwarz, A. (1994).A Nation in Waiting: Indonesia in the 1990s. Westview Press.ISBN 1-86373-635-2, halaman 52–57.
↑World Bank (1994).A World Bank country study Country Studies: Indonesia: environment and development. World Bank Publications.ISBN0821329502, 9780821329504.;