Puseur dayeuh atawaibu kota (diéjah ogéibukota) nyaétakota utama di hijinagara atawa daérah, sanajan kota ieu tacan tangtu mangrupa kota panggedéna ogé. Di kota ieu ilaharna aya gedong-gedong pamaréntahan pusat atawa daérah jeung hiji déwan perwakilan rahayat nu sering ogé disebutparlemén sarta kantor-kantor pusat pausahaan-pausahaan komérsial. Lian ti éta, di ibu kota nagara biasana aya wawakil-wawakil ti nagara deungeun nu biasa disebutkadutaan gedé.[1]
Sawatara perkecualian:
- Di nagriWalanda puseur dayeuhna nyaétaAmsterdam, tapi dayeuh pamaréntahanana nyaétaDen Haag. Di dayeuh pamungkas ieu ogé aya wawakil-wawakil ti nagara deungeun.
- Puseur dayeuhIsraél nyaétaYerusalem. Tapi ku sabab dayeuh ieu kudunya internasional dianggap minangka hiji dayeuh internasional, mangka kadutaan gedé nagara-nagara anu nyambungdiplomatik jeung Israél nempatkeun kadutaan gedé maranéhanana di dayeuhTél Aviv, kajaba sawatara nagara.
- Puseur dayeuhAfrika Kidul nyaétaPrétoria tapi parlemén perenahna diCape Town/Kaapstad.
- Puseur dayeuh Républik China diTaiwan anu resmi nyaéta Nanjing, tapi alatan éléh dina perang baraya ku kituna Chiang Kai-shek mindahkeun pamaréntahan ka puseur dayeuh samentara di Taipéi, Taiwan.
Sakapeung sawatara nagara mindahkeun puseur dayeuh maranéhanana alatan alesanpulitik atawaekonomis. Sawatara nagara anu kungsi mindahkeun puseur dayeuh maranéhanana nyaéta:
Remen ogé puseur dayeuh kudu dipindahkan alatan dilindih atawa dikawasa ku nagara deungeun.
Dina mangsaperang remen ogé puseur dayeuh dikawasa ku satru sarta kudu ngadegkeun puseur dayeuh "tandingan" atawa samentara di dayeuh séjén:
Sakapeung puseur dayeuh nagara kudu dibagi jeung nagara séjén alatan dikawasa satru:
- ↑Jonathan, Rigg (1862).A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.