Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Hungaria

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti.
Mangga bantosngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi.
Magyar Köztársaság
Bandéra HungariaLambang Hungaria
Lagu
Himnusz
"Himne"

Location of Hungaria
Location of Hungaria
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Budapest
Basa resmiHungaria
PamaréntahRépublik démokratis
 - PrésidénTamás Sulyok
 - Perdana MenteriViktor Orbán
Ngadeg
 - DiwangunDésémber1000 
 - Peupeus tiAustria31 Oktober1918 
Aréa
 - Total 93.030 km² (108)
 mil² 
 - Cai (%)0,74%
Populasi
 - Perkiraan  20249.580.000 (95)
 - Sénsus 20239.599.794 
 - Kapadetan103 /km² 
 /mil²
GDP (PPP)Perkiraan 2005
 - TotalUS$162.289 yuta (49)
 - Per kapitaUS$16.627 (43)
Mata uangForint (HUF)
Zona wanciCET(UTC+1)
 - Usum panas (DST)CEST (UTC+2)
TLD Internét.hu
Kode telepon+36

Républik Hungaria mangrupa hijinagara diÉropa tengah. Tepung wates jeungAustria di kulon,Slowakia di kalér,Ukraina di wétan,Romania di tenggara, jeungKroasia sartaSérbia di kidul. Dina basa lokal, nagara ieu dikenal salakuMagyarország nu hartina wewengkonMagyar. Hungaria ngawangun grupVisegrád sarengPolandia,Slowakia, jeungCéko.

Sajarah

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Sajarah Hungaria.

Dina wanciKakaisaran Romawi, urang Romawi nyebut wewengkon ieuPannonia (kuloneunWalungan Danube). Senggeus Roma labuh dina migrasiséké-séké Jérmanik jeung tekenan bangsaKarpia,Période Migrasi masih kénéh ngadatangkeun raloba panarajang. Awalna datangurang Hun, nu ngawangun hiji impérium nu kiat dina paréntahAttila. Ngaran "Hungaria" meureun kapangaruh ku bangsa Hun, sanajan meureun ogé ngaran éta asalna ti ngaran aliansiTurkis dina abad ka-7 nu disebutOnogur. Saenggeus pamaréntahan urang Hun tileuleup, séké-séké Jérmanik nu séjén, nyaéta urangLombardi jeungGepid ngawasaan Pannonia dina kira-kira 100 taun. Dina période éta ogésaréké Slavia mimiti migrasi ka kidul. Dina taun560-an, maranéhna digantian kuAvar nu engké ngawasaaan nagri éta dina leuwih ti dua abad. Urang Prancis dina kawasaCharlemagne ti kulon jeung urangBulgar ti tenggara ahirna geus hasil ngéléhan urang Avar dina awal abad ka-9. Teras, urang Frankia tileuleup, jeung karajaan SlavonikMoravia Raya sartaKapangéranan Balaton ngawasaan kalobaan Pannonia nepi ka ahir abad éta. Ahirna, bangsaMagyar migrasi ka Hungaria dina ahir abad ka-9.

Tradisi nyebutkeun yén bangsa Magyar (Hungaria) diwangun kuÁrpád, nu mingpin bangsaMagyar kadataran Pannonia saenggeus taun895.Karajaan Hungaria diwangun dina taun1000 ku RajaSzent István I.

Awalna, sajarah Hungaria mekar dina hiji segitilu-sajarah antaraPolandia jeungBohémia, kalawan loba hubungan jeung para paus sarta kaisar tiKakaisaran Romawi Suci. Antara12411242, sabagian Hungaria ancur jeung loba korban ku tentaraMongol (Tatar) tiBatu Khan.

Lalaunan, Hungaria dina pamaréntahan dinasti kulawargaÁrpád ngarobah kana hiji karajaan nu indepénden. Karajaan Hungaria nu diparéntah ku kulawargaAngevins ti1308, dina waktos nu singket ngalegaan kakawasaanna kaaWallachia jeungMoldova. RajaMatthias Corvinus anu heunteu ngawangun dinasti, murangkalihnaJános Hunyadi, maréntah Karajaan Hungaria ti 1458 nepi ka 1490. Anjeunna ngiatan Hungaria jeung pamaréntahanna. Dina pamaréntahanna, Hungaria (utamana bagian-bagian kalér, sabagian ayeuna aya diSlowakia kiwari) minangka puseurna seni jeung kabudayaan Éropa nu penting dina périodeRénaisan.

Kamerdékaan Hungaria réngsé wanci nagara éta ditalukkeun kuKasultanan Ottoman dina awalabad ka-16; bagian-bagian Hungaria nu teu ditalukan ku Ottoman, dianéksasi kuAustria (nu pangawasana ogé waktos éta nyaéta raja-raja Hungaria) di bagian kulon, jeung jadi KapangérananTransilvania nu indepénden di wétan. Saenggeus 150 taun,Austria jeung sakutu-sakutu Kristenna ngawasaan deui wewengkon nu disebut Hungaria ayeuna dina ahirabad ka-17 ti Karajaan Ottoman.

Dina ahir tileuleupnaurang-urang Turki, mimiti pajuangan antara bangsa Hungaria jeung raja-rajaHabsburg pikeun mibanda palindungan tina hak-hak para bangsawan (kalawan kitu ngeukeuhkeun otonomi Hungaria). Pajuangan ngalawan absolutisme Austria dina pajuangan kamerdékaan rahayat dipingpin ku hiji bangsawan Transilvania,Ferenc II Rákóczi, antara 1704 jeung 1711. Révolusi jeung perang 1848–1849 ngupuspabudakan jeung ngasilkeun hak-hak sipil. Urang Austria ahirna hasil meunang ukur lantaran dibantos Rusia.

Ku sabab kameunangan ngalawan Austria ku koalisi Prancis-Itali (Peperangan Solferino,1859) jeungPrusia (Peperangan Königgratz,1866), Hungaria ahirna, dina1867, hasil jadi bagian otonom tiKakaisaran Austro-Hungaria (lihatAusgleich). Saenggeus miboga status ieu, pamaréntah Hungaria ngusahakeun sangkan karajaan étu ngahiji kalawanMagyarisasi sababaraha kumpulan kabangsaan nu séjén. Hal ieu lumangsung nepi ka ahirPerang Dunya I, wanci kakaisaran Austro-Hungaria labuh. Dina16 Novémber1918, hiji Républik Hungaria nu indepénden diproklamasikeun.

Dina Maret1919, komunis nyokot kakawasaan, jeung dina bulan April,Béla Kun mroklamasikeunRépublik Soviét Hungaria. Pamaréntahan ieu, kawas nu ngaheulaanna, kabukti pondok umurna; sanggeus sababaraha kameunangan militér ngalawan soldadu Cékoslovakia, urang-urangRumania narajang pikeung ngahalangan peperangan diTransilvania. Dina Agustus, leuwih ti satengah wewengkon Hungaria ayeuna, kaasup Budapest, dikawasaan Rumania, nu lumangsung nepi ka Novémber. Kakiatan militér tengen, nu dipingpin ku AdmiralMiklós Horthy ti bekas Austro-Hungaria, asup ka Budapest wanci pasukan Romania badé angkat jeung ngeusian kosongna kakawasaan. Dina Januari1920, pamilu diayakeun pikeun hiji parlemén hiji kamar, jeung Admiral Horthy dipilih minangka Pangawasa, jeung kalawan kitu resmi mulihkeun Hungaria minangka Karajaan, sanajan euweuh deui raja-raja Hungaria, sanajan bekas Raja Habsburg ngusahakeun sangkan ngawasaan deui. Horthy teras ngawasa kalawan kakawasaan otokratik nepi ka1944.

Dina Juni 1920,Pajangjian Trianon ditandatanganan jeung netepkeun wates Hungaria. Dibanding jeung karajaan saméméh perang, lega jeung populasi Hungaria nu anyar ieu dikirangan dua pertiluna. Kira-kira sapertilu ti padumuk Magyar jadi minoritas di nagara-nagara tatanggi. Ku lantaran kitu, politik jeung budaya Hungaria ti waktos antara-paperangan diwarnaan kalawanirredentisme jeungrévisionisme (pamulihan "Hungaria raya" ti wanci abad ka-19 ku cara naon baé).

Horthy ngayakeun pasakutuan jeungJérman Nazi dina taun1930-an, jeung ngarep pikeun mulijkeun wewengkon nu geus leungit saenggeus Perang Dunya I. Aliansi ieu mémang hasil mulihkeun sababaraha wewengkon ka Hungaria dina duaHadiah Wina. Hungaria teras ngabantos pangawasaan Jérman kanaKarajaan Yugoslavia, langsung ngawasaajBanat saenggeus éta, jeung ahirna milu dinaPerang Dunya II dina 1941, utamina ngalawan Uni Soviét. Dina Oktober 1944,Hitler ngagentos Horthy jeung kolaborator Nazi HungariaFerenc Szálasi jeungPartéy Salib Panahna pikeun nyegah robahna Hungaria ka pihak Sakutu, nu teterusan ngancam ti panarajangan sakutu kana Italia.

Hungaria ngagunakeun sababaraha undang-undang anti-Semit dina taun 1920-an jeung 1930-an, jeung sababaraha pajagalan kana urang Yahudi ku pasukan Hungaria aya dina awal Perang Dunya II, tapi Hungaria awalna nolak pikeun ngadéportasi padumuk Yahudina. Tapi ahirnya, dina wanci pangawasaan Jérman,Partéy Salib Panah jeung para pajabat pamaréntah milu sapinuhna dinaHolocaust: dina Méi jeung Juni 1944, polisi Hungaria ngadéportasi kira-kira 440.000 urang Yahudi dina leuwih ti 145 karéta api, kalobaannana kaAuschwitz[1]. Ahirna, leuwih ti 533.000 urang Yahudi di Hungaria dipaéhan dina wanciHolocaust, ditambih ogé kalawan sababaraha puluh rébu urangRoma.

Saenggeus éléhna Jérman Nazi, Hungaria minangka bagian ti wewengkon pangarah Soviét jeung dijieunan kana hijinagara komunis sanggeus hiji période démokrasi nu singket dina 1946–1947. Sanggeus pamingpin Komunis 1948, Mátyás Rákosi, ngawangun hiji pamaréntahan Stalinis di nagara éta, nu ampir teu bisa ditanggung ku nagara nu ancur ku paperangan. Hal ieu ngakibatkeunRévolusi Hungaria 1956 jeung Hungaria disebutkeun kaluar tiPakta Warsawa. Hal ieu dijawab ku intervénsi militér gedé kuUni Soviét. Ti taun 1960-an nepi ka ahir 1980-an, Hungaria miboga status husus salaku "barak nu pangbahjana" di lingkunganblok Wétan, dina pamaréntahan pamingpin komunis nu kontrovérsial,János Kádár, nu nganggo pamaréntahan nu otokratis dina waktos ieu. Dina ahir période1980-an, Hungaria mingpin gerakan pikeun ngabubarkeun Pakta Warsawa jeung ngalih ka démokrasi multi-partéy jeung ékonomi nu ngorientasi kana pasar. Saenggeus labuhna Uni Soviét dina1991, Hungaria mekarkeun patalian nu leuwih pageuh jeung Éropa Kulon, ngagabung kaNATO dina1999 jeungUni Éropa dina11 Méi2004.

Politik

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Politik di Hungaria.

Présidén, nu dipilih kuparlemén saban 5 taun, umumna kagungan peran ukur sérémonial, tapi kawasana ogé kaasup milihperdana menteri. Perdana Menteri milih menteri-menterikabinét jeung kagungan hak éksklusif pikeun ngereunkeunnana. Masing-masing calon anggota kabinét muncul di payun hiji atanapi nu leuwih komite parleménter dina acara dangu pamikiran kabuka nu sipatna konsultatif jeung kedah formal disatujuan ku présidén.

Déwan Nasional (Országgyűlés), parlemén hiji kamar nu anggotana 386 urang, mangrupa institusi kakawasaan nagara pangluhurna jeung ngusulkeun sarta nyatujuan undang-undang nu disponsoran ku perdana menteri. Pamilihan umum parleménter nasional dilaksanakeun saban 4 taun. Hiji Pangadilan Konstitusional kalawan 11 anggota mibanda kawasa pikeun nantang undang-undang lamun kaanggap heunteu konstitusional

Wewengkon

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Wewengkon di Hungaria.

Administratifna, Hungaria kabagi kana 19 kabupatén. Tapi salian ti éta, aya ogé hijiibu kota (főváros):Budapest. Aya 23 kabupatén kota (wangun tunggal:megyei jogú város) di Hungaria, nyaéta:

Peta Hungaria
Peta Hungaria
Kabupatén kotaKabupatén (Ibu kota kabupatén)

Géografi

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Géografi Hungaria.
Peta Hungaria

Lanskap Hungaria kawangun ti taneuh nu rata jeung dataran nu ngampar tiBasin Karpati, kalawan papasiran jeung gunung-gunung nu handap di kalér sapanjang wates jeungSlowakia (titik pangluhurna:Kékes dina 1.014 m). Hungaria kabagi dua ku aliran walungan utamana, WalunganDanube (Duna); walungan-walungan gedé nu séjén kaasupTisza jeungDráva, ari bagian kulon mibogaDano Balaton, hiji dano utama. Dano haneut panggedéna di dunya,Dano Hévíz (Hévíz Spa), aya di Hungaria.[rujukan?]

Iklim

[édit |édit sumber]

Hungaria mibogaiklim buana, kalawan usum tiis nu tiis jeung usum panas nu haneut nepi ka panas. Suhu taunan rata-rata nyaéta 9,7 °C. Suhu nu ékstrem nyaéta kira-kira 38 °C di usum panas jeung −29 °C di usum tiis. Suhu rata-rata di usum panas nyaéta 27 nepi ka 32 °C, jeung di usum tiis 0 nepi ka −15 °C. Rata-rata curah hujan per taun kira-kira 600 mm. Hiji wewengkon leutik di bagian kidul nagara ieu (deukeutPécs) mibogaiklim Meditérania.

Ékonomi

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Ékonomi Hungaria.
Gedong Parlemén di Budapest

Babarengan jeung Slovénia jeung Céko, Hungaria masihan salah sahiji standar hirup pangluhurna di antara nagara-nagara Éropa Wétan. Séktor swasta ngawakilan leuwih ti 80%PDB. Hungaria miboga ampir sapertilu ti sakabéh invéstasi asing langsung nu ngalir ka Éropa Tengah. Pibogaan asing ti pausahaan-pausahaan Hungaria jeung invéstasina kacida legana, jeung invéstasi langsung asing kumulatif nepi ka leuwih ti 23 milyar dolar AS ti1989. Sambetan pamaréntah Hungaria ditingkatkeun dina taun2000 nepi ka kadua pangluhurna di antara sadaya ékonomi transisi Ékonomi Tengah.Inflasi jeungpangangguran—dua-dudana mangrupa kapadulian utama dina2001—geus loba ngirang.

Pamaréntah Hungaria geus ngabéwarakeun yén badé nganggo mata uangeuro dina 2010, tapi mata uang ieu digunakeunnana ayeuna masih dina tahap parancangan awal.

Démografi

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Démografi Hungaria.

Historis

[édit |édit sumber]
  • Kira-kira900Maséhi- dumasar kana rupa-rupa sumber[rujukan?] 250.000 - 400.000 urangMagyar dumuk di dataran Pannonia, nu dicicingan ku utamina urang-urang Slavia
  • 1222 - 2.000.000 dina périodeSapi Emas
  • 1242 - 1.200.000 saenggeus invasi Mongol-Tatar
  • 1370 - 2.500.000 dina période raja-rajaAngevin
  • 1490 - 4.000.000 saméméh panalukan Ottoman (3,2 yuta Magyar)
  • 1699 - 3.300.000 dina périodePajangjian Karlowitz (kirang ti 2 yuta Magyar)
  • 1711 - 3.000.000 dina ahir PerangKuruc (1,6 yuta Magyar)
  • 1790 - 8.000.000 (39% Magyar)
  • 1828 - 11.495.536
  • 1846 - 12.033.399
  • 1880 - 13.749.603 (46% Magyar)
  • 1900 - 16.838.255 (51.4% Magyar)
  • 1910 - 18.264.533 (54.5% Magyar, 5%Yahudi)
  • 1920 - 7.516.000 saenggeusPajangjian Trianon (90% Magyar, 6,1% Yahudi)

Kiwari

[édit |édit sumber]

Kira-kira 95% padumuk Hungaria mangrupaurang Hungaria, basa indung aranjeunna nyaétabasa Hungaria, hiji basaFino-Ugrik nu teu boga pakaitan nanaon jeung basa naon ogé nu aya di nagara-nagara tatanggina. Sababaraha kumpulan étnis minoritas ogé aya di nagara ieu, nyaétaRoma (2%),Jérman (1,2%),Romania (0,8%),Slowakia (0,4%),Kroasia (0,2%),Serbia (0,2%), jeungUkraina (0,1%).

Kumpulan agama panggedéna di Hungaria nyaétaKatolikKatolik Roma jeungOrtodoks Yunani – (kira-kira 50% ti sadaya populasi), kalawan minoritasCalvinis (kira-kira 30%) jeungLutheran (5%). Urang Yahudi ayeuna kira-kira 1% ti sadaya populasi. Tapi angka-angka resmi ieu teu sakabéhna répréséntatif, sabab rahayat Hungaria teu religius[rujukan?]; teu leuwih ti 25% aktip ngalaksanakeun agamana. Leuwih lajengna, panindésan kana agama ku rézim Komunis dina 50 taun geus nyieun agama kalobaannanan diagem ukur ku sesepuh nu heunteu kagungan risiko dina rupa-rupa kasempetan di masarakat.

Minoritas

[édit |édit sumber]

Urang-urang Roma mibanda masalah husus di Hungaria. Ayeuna, leuwih ti 70% barudak Roma ngaréngsékeun atikan dasar (SD) tapi ngan sapertilu nu neruskeun édukasina ka tingkat sakola nengah. Ieu leuwih handap tinimbang 90% proporsi barudak non-Roma nu neruskeun édukasina ka tingkat nengah. Kirang ti 1% urang-urang Roma mibanda ijasah atikan luhur.

Budaya

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Budaya Hungaria.
Ferenc Liszt, komponis kondang Hungaria

Musik Hungaria umumna kawangun timusik rahayat jeung musik ku para komponisRomantik jeungBarok kondang misalnaFerenc Liszt,Béla Bartók, jeungZoltán Kodály (sanajan Kodály utamana ngarang musik kalawan unsur-unsur tradisional). Musik tradisional Hungaria kalobaannana mibogairamadactyl nu kiat, sapertos basana ogé nu biasana méré tekanan séké kecap kahiji dina kecap.

makanan-makanan tradisional misalnagoulash, hiji ciri utama ti makanan Hungaria. Makanan mindeng dibéré bumbupaprika.Sup daging mindeng miboga unsur-unsur nu has, kawasdaging babi atawadaging sapi, misalna sup dagingpörkölt.

Hungaria ogé miboga conto inohong matematika anu kondang, misalnaPál Erdős,John von Neumann,Eugene Wigner, jeung sajabana. Bangsa Hungaria ogé miboga rupa-rupa pamanggihan, kawasholografi,korék api, téori ngeunaanbom hidrogén,bolpén,kubus Rubik, jeungbasa pamrograman BASIC.János Bolyai, hiji matematikawan Hungaria miboga peran gedé dina pamanggihangéometri non-Euclidea.

Sastra Hungaria ogé beunghar. Conto pujangga HungariaJános Arany,Sándor Márai, jeungImre Kertész. Kertész geus meunangkeunAprésiasi Nobel pikeun sastra.

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Réferénsi

[édit |édit sumber]
  1. [1]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenaiHungaria.

  Tempo ogéHungaria di Wikivoyage

Babagian administratifHungariaHungary
Ibu kota:Budapest
County
Kota County
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
wewengkon lianna
Britania Raya
Dénmark
Finlandia
1 Kadang diasupkeun kaAsia, kumaha définisi watesna wéh.2Nagara lintas buana.
Anggota
Austria • Bélgia • Britania Raya • Bulgaria • Céko • Dénmark • Éstonia • Finlandia • Hungaria • Irlandia • Italia • Jérman • Latvia • Lituania • Luksemburg • Malta • Perancis • Polandia • Portugal • Romania • Siprus • Slovakia • Slovénia • Spanyol • Swédia • Walanda • Yunani
Calon
Calon poténsial
Nagara anggotaDéwan Éropa
Anggota
Mitra kerja sama

Afrika Kidul · Afrika Tengah · Albania · Amérika Sarikat · Angola · Antigua jeung Barbuda · Arab Saudi · Argéntina · Arménia · Australia · Bahrain · Bangladésh · Barbados · Basisir Gading · Bélis · Bénin · Bolivia · Botswana · Brasil · Brunéi · Burkina Faso · Burundi · Chad · Chili · Cina · Djibouti · Dominika · Dominika, Rép. · Ékuador · Él Salvador · Fiji · Filipina · Gabon · Gambia · Géorgia · Ghana · Grénada · Guatémala · Guinéa · Guinéa-Bissau · Guyana · Haiti · Honduras · Hong Kong¹ · India · Indonésia · Islandia · Israél · Jamaika · Jepang · Kamboja · Kamérun · Kanada · Kénya · Kolombia · Kongo, RD · Kongo · Koréa Kidul · Kosta Rika · Kroasia · Kuba · Kirgistan · Kuwait · Lésotho · Liechtenstein · Madagaskar · Makau¹ · Makédonia · Maladéwa · Malawi · Malaysia · Mali · Maroko · Mauritania · Mauritius · Méksiko · Mesir · Moldova · Mongolia · Mozambik · Myanmar · Namibia · Nepal · Nikaragua · Nigér · Nigéria · Norwégia · Oman · Pakistan · Panama · Papua Nugini · Paraguay · Péru · Qatar · Rwanda · Saint Kitts jeung Névis · Saint Lucia · Saint Vincent jeung Grénadin · Selandia Anyar · Sénégal · Siérra Léone · Singapura · Kapuloan Solomon · Sri Lanka · Suis · Suriname · Swaziland · Wewengkon Béa Cukai Kapisah Taiwan, Penghu, Kinmen, jeung Matsu² · Tanjung Vérdé · Tanzania · Thailand · Togo · Tonga · Trinidad jeung Tobago · Tunisia · Turki · Uganda · Ukraina ·

Uni Émirat Arab · Uni Éropa³ · Uruguay · Vénézuéla · Viétnam · Yordania · Zambia · Zimbabwé
Nagara anggota
Bandéra NATO
Calon anggota
Nagara anggota jeung PanénjoLa Francophonie
Anggota
Afrika Tengah · Albania · Andorra · Basisir Gading · Bélgia(Komunitas Prancis) · Bénin · Bulgaria · Burkina Faso · Burundi · Chad · Djibouti · Dominika · Gabon · Ghana1 · Guinéa · Guinéa-Bissau · Guinéa Khatulistiwa · Haiti · Kamboja · Kamérun · Kanada(New Brunswick · Quebec) · Komoro · Républik Démokratik Kongo · Républik Kongo · Laos · Luksemburg · Lebanon · Madagaskar · Républik Makédonia · Mali · Maroko · Mauritania · Mauritius · Mesir · Moldova · Monako · Nigér · Perancis(Guyana Perancis · Guadeloupe · Martinik · Saint Pierre jeung Miquelon) · Romania · Rwanda · Saint Lucia · Sao Tome jeung Principe · Sénégal · Seychelles · Siprus1 · Suis · Tanjung Vérdé · Togo · Tunisia · Vanuatu · Viétnam · Yunani
Bandéra La Francophonie
Panénjo
1Associate member    
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hungaria&oldid=671927"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp