Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Hujan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hujan

Hujan (basa Sunda Indramayu:Ujan) nyaéta hiji bentukprésipitasi, kawassalju.[1] Hujan lumangsung nalikacai ngareclak ragrag kana beungeutBumi tinaawan. Teu sadaya hujan nepi kana lemah, sawaréhna nguap nalika ragrag ngaliwatan hawa garing, hiji tipe présipitasi nu disebutvirga.[1]

Hujan maénkeun peran utama dinadaur hidrologis nalikacai tisagara nguap, ngagunduk jadiawan, ragrag deui ka Bumi, sarta tungtungna ngamalir deui ka sagara ngaliwatanwalungan pikeun ngulang deui daurna.

Jumlah hujan diukur kucurah hujan, nu dihartikeun salaku jerona cai nu nyangkrung na hiji wadah datar, nu bisa diukur nepi ka satuan 0.25 mm, atawa kadang sok maké hijianléter perméter pasagi (1 L/m² = 1 mm).[1]

Cihujan mindeng digambarkeun kawas "bentuk cikeclak", buleud di handapna jeung méncos di luhurna, padahal teu bener. Cihujan ampirbuleud, nu rada badag mah sok rada depé; nu badag pisan bentukna kawasparasut. Rata-rata, cihujan diaméterna 1 nepi ka 2 mm. Cihujan pangbadagna di Bumi kungsi karékam diBrazil jeungkapuloan Marshall taun2004 - aya nu nepi ka 10 mm.[1]

Sababaraha kabudayaan geus ngembangkeun alat pikeun ngayonan hujan, kayaningpayung jeung jas hujan. Loba ogé nu milih cicing di jero nalika hujan, utamana di wewengkontropik nu hujanna ilahar dibarengan kugelap.[1]

Umumna, hujan mibandapH saeutik handapeun 6, alatan nyerepkarbon dioksidaatmosfir, nu leyur na cihujan jadiasam karbonat. Di wewengkon sagara keusik, kebul ngandung cukupkalsium karbonat pikeun ngimbangan kaasaman cihujan, antukna cihujanna robah jadi nétral, atawa malah jadibasa. Hujan nu pH-na handapeun 5.6 dianggaphujan asam.

Budaya

[édit |édit sumber]
Hujan

Polah budaya ngeunaan hujan béda-béda di unggal bangsa. UrangKulon nganggap hujan salaku totondén goréng, sabalikna ti srangéngé nu pikagumbiraeun. Di tempat séjén, kawasIndia, hujan dibagéakeun kalawansuka bungah. DinaQur'an, disebutkeun yén hujan téh mawa bérékah, sakumahacai nu mawa kahirupan ka alam dunya.

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. abcdeJonathan, Rigg (1862).A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenairain.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hujan&oldid=699802"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp