Hiu mangrupalauklaut anu kaasup panggedéna, potonganana biasa sok disebut ogécucut.[1] Hiu loba rupana jeung loba ngarana, aya anu ngendog jeung aya anu ngajuru, gedéna hiu teu sarua jeungpaus, paling panjangna ngan nepi ka 13 méter,sungutna aya di handapeunhulu dina tonggongna aya sapasangcécépét, jeung lamunsisit diusap ti hulu kabuntut lésang, tapi sabalikna lamun diusapna ti buntut ka hulu karasa saperti ngusapparud, lantaran étakulit nu garing sok dipakéhampelas.[1].
Hiu atawa cucut kaasup sakelompok (superordo Selachimorpha) lauk anu karangtulang rawan anu lengkep jeung awakna anu ipis.[2] Hiu napasna ku lima liang ingsang (sakapeung mah genep atawa tujuh, gumantung kana spésiesna) di gigir, atawa dimimiti saeutik di bagian tukang, jeung huluna.[2] Hiu miboga awak anu awakna dibuntel kukulitdermal denticles pikeun nutupan kulit tina karusakan tina parasit, jeung pikeun nambahan dinamika cai.[2] Hiu miboga sababaraha huntu anu bisa diganti.[2] Hiu kaasup spésies anu ukuranan gedé saperti dampal leungeunhiu pigmi.[2]
Euprotomicrus bispinatus, mangrupa spésies ti laut jero anu panjangna 22 cm.[2] Lauk paus atawaRhincodon typus kagolong lauk panggedéna anu bisa ngagedéan nepi ka 12 méter, Lauk anu mirip jiga paus daharna nganplankton ngaliwatan alat panyaring di bahamna.[2] Hiu banténg atawaCarcharhinus leucas, nyaéta paling kasohor tina sababaraha spésies anu ngojay dina cai laut atawa cai biasa (jenis ieu kapanggihna di Danau Nikaragua, di Amérika Tengah).[2]
Rorongkong hiu béda dibandingkeun jeung lauk-lauk anu miboga tulang sapertilauk kod, ku sabab tulangna tinatulang ngora, anu hampang jeung leuleus, sanajan tulang ngora ieu di lauk-lauk hiu mah leuwih kolot sakapeung mah bisamengapur, nepi ka bisa jadi heuras saperti tulang.[3] Rahang hiu loba rupana jeung ceuk sahaol mah geus revolusi tinarongga ingsang anu munggran.[3] Rahang ieu teu napel dinacranium jeung miboga asupanmineral panambah anu méré kakuatan leuwih gedé.[3] Ilaharna hiu lila gedéna lantaran séksualna saeutik ngabalukarkeun saeutik katurunana dibandingkeun jeung lauk-lauk anu dipanén.[3] Ku sabab kitu hiu kagolong sato anu langka.[3]