Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Halusinasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi déprési anu bisa ngabalukarkeun halusinasi.

Halusinasi nyaéta gangguanpsikologis kalawangejala ayana sénsasi anu diprosés kuuteuk jeung bisa mangaruhansistemindra manusa nepi ka ngalaman hal-hal anu teu nyata.[1] Halusinasi teu bisa dipikapaham ku batur, sabab bener-bener mangrupa pangaruhsénsorik anu dijieun ku pikiran jalmana sorangan. Tapi, keur anu ngalamanana mah karasa nyata pisan, ngadesek jeung kacida jéntréna. Keur jalma anu kakeunaanSkizofrenia 70 persen di antarana bakal ngalaman halusinasi.[2] Halusinasi béda jeung gangguanwaham sindiran (jalma anu kakeunaan ngarasa diobrolkeun ku batur); béda ogé jeungthought echo (eusi pikirana diulang-ulang dinasirahna),thought insertion (eusi pikiran ti luar asup kana jerouteuk),thought withdrawal (eusi pikiranana dicokot ku hal anu aya di luar dirina),thought broadcasting (eusi pikiranana diémbarkeun nepi ka batur téh pada mikanyaho) anu mangrupa gangguan eusi pikir. Ari halusinasi mah mangrupa gangguanpersépsi.[3]

Kecap halusinasi asalna tinabasa Latin anu hartina ngumbara sacara méntal. Halusinasi dihartikeun salaku persépsi objék atawa kajadian anu teu nyata jeung pangalaman sénsorik anu henteu disababkan ku rangsangan organ sénsorik anu saluyu. Dina istilah awam, halusinasi ngalibetkeun dadanguan, panempo, rarasaan, pangambeu, atawa pangecap hal-hal anu teu nyata. Anu pangumumna, halusinasi dadanguan anu ngalibetkeun dadanguan sora anu teu miboga sumberfisik.[4]

Faktor

[édit |édit sumber]

Wanda

[édit |édit sumber]
  • Visual, biasana ngalibetkeunmata keur nempoobjék, jalma,cahaya, atawa pola anu sabenerna teu nyata. Nempo waé jalma anu geus tilar dunya, babaturan, atawa jalma anu geus dipikawanoh lila jeung tilar dunyana matak pikasediheun. Jalma anu kakeunaan halusinasivisual bisa ngarobah persépsi anu ditempo nepi ka hésé nangtukeun jarak anu jauh atawa deukeut.
  • Olfactory, biasana ieu gangguan tumerap kana pangambeu jalma boh ngarasa ngangseu anuseungit atawabau anu teu pikagenaheun dina diri sorangan, batur jeung hiji objék.
  • Gustatory, halusinasi anu tumerap kana indra pangrasa. Ieu gangguan nyababkeun jalma ngarasa anu tangtu dinalétahna. Contona anu kakeunaan panyakit épilépsi ngarasa aya rasabeusi dina létahna.
  • Auditory, ieu gangguan keuna ka pangdangu jalma. Dadanguan téh sok ayasora léngkah, sora-soragaib jeung ketukan anu diulang-ulang.
  • Tactile, ieu gangguan tumerap kanakulit jalma. Biasana sok ngarasa ayasato leutik anu leumpang dina kulit, gerakanorgan dina jero awak jeung ngarasa aya batur nu nyekelleungeun atawa awakna.[1]

Tingkat

[édit |édit sumber]
  1. Jalma anu ngalaman halusinasi di mangsa anu geus kalarung, tapi éta jalma paham anu dialaman téh lain hal anu nyata nepi ka halusinasi téh jadi gejala kurang séhat anu dialamanana.
  2. Jalma anu ngalaman halusinasi di mangsa anu geus kalarung jeung percaya kénéh yén éta téh bener-bener nyata kajadianana.
  3. Jalma anu ngalaman halusinasi tapi embung ngaémbarkeun ka batur.
  4. Jalma anu ngalaman halusinasi tapi teu pernah percaya jeung tara dituturkeun ku pikiranana.
  5. Jalma anu ngalaman halusinasi jeung percaya kana halusinasina.[3]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. abcAl Fajar, Kemal."Delusi dan Halusinasi, Apa Perbedaannya?".Hello Sehat (dalam id-ID). 01 Juni 2020. Diakses tanggal2021-04-22.  CS1 maint: Unrecognized language (link)
  2. Perwitasari, Nur Hidayah."Apa Itu Delusi dan Halusinasi, Penyebab hingga Cara Mengatasinya?".tirto.id (dalam Indonesian). 04-09-2020. Diakses tanggal2021-04-22. 
  3. abManangsang, Alvina Stella."MENGENAL HALUSINASI".grhasia.jogjaprov.go.id. 03-07-2014. Diakses tanggal2021-04-23. Archived 2021-04-23 diWayback Machine
  4. Mardatila, Ani."Penyebab Halusinasi, Gejala, Jenis dan Cara Mengatasinya".merdeka.com. 28-08-2020. Diakses tanggal2021-04-23. Archived 2021-04-23 diWayback Machine
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Halusinasi&oldid=675759"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp