Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Hak asasi manusa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rohangan pikeun gempungan Déwan Hak Asasi Manusa PBB diJenewa,Swiss.

Hak asasi manusya (sok disingget HAM) nyaéta hak dasar hirup nu dipibanda ku unggal manusya ti saprak gumelar ka alam dunya.[1]Hak asasi manusya lain dibéré kuNagara,hukum, atawamanusa séjén, tapi dipibanda ku manusya sagemblengna nu tayalian ciptaan pangéran numaha kawasa.[1] Hak asasi manusya sifatnauniversal, hartina ieu hak henteu kawengku kutempat,waktu, kitu deui jalma nu tangtu, sarta ieu hak teu meunang dilanggar komo dipisahkeun ku singsaha ogé.[1]

Dina hirup kumbuh sapopoé hak asasi manusya bisa jadi hiji panyalindungan diri pikeun manusya tina martabat kamanusyaana, ogé jadi hiji tatapakan moral pikeun ngawangun hubungan silih asah silih asih sarta silih asuh di antara manusya jeung manusya séjéna.[2] Hak asasi manusya mangrupa hiji hak kodrat nu marengan unggal manusa, mibanda sifat (ipso facto dan ab initio).[1]

Sajarah

[édit |édit sumber]

Ditempo tinaétimologis, Hak asasi manusa diwangun tina tilukecap,hak,asasi, jeungmanusa.[2] Dua kecap nu munggaran, hak sarta asasi asalna tina basaArab, ari kecap manusa nya tina basa urang kénéh.[2] Kecaphaqq dicokot tina akar kecaphaqqa,yahiqqu,haqqaan nu pihartieuna bener, nyata, pasti, tetep, sarta wajib.[2] Lamun diucapkeun kecapyahiqqu ‘alaika an taf’ala kadza, pihartieuna : anjeun kudu ngalaksanakeun kawas kieu.[2] Kecapasasiy asalna tina akar kecapassa,yaussu,asasaan nu hartina : ngawangun, ngadegkeun, nunda.[2] Bisa ogé hartina asal, asas,pangkal (puhu), dasar tina sagala rupa.[2]ku kituna, asasi mibanda harti sagala rupa nu mibanda sipat dasar turfundamental nu salawasna napel kana objekna.[2]

Sajarah HAM dimimitian ti dunya beulah kulon (Éropa), tayalian saurangfilosufInggrisJohn Locke dina abad ka-17.[1] Manéhna nyebutkeun aya hiji kodrat hakmanusa pikeun hirup (natural rights), nu mana ieu hak marengan kana diri tiap manusa tayalian : hak hirup, hak milih, sarta hak pikeun bebas.[1]

Numutkeun catetansajarah, kasang tukang HAM téh ayana kahayang manusa pikeun marjuangkeun diri sangkan diriksa, dihormat, sarta diaku, pikeun nanjeurna harga diri unggalmanusa nujadi tetekon dila lumangngsungna hirup kumbuh manusa sapopoé.[1] Dina lingkungan Internasional, pamikiran ngeunaan HAM meunang pangrojong ti sakabéh pangeusinagara, ieu jadi hiji totondén kana ngaronjatnasajarah hadé dinaperadaban manusa.[1] Hak asasi manusa geus jadi hiji dasar dina prinsip-prinsip umum nu diaku Hukum Internasional (HI), Kadieunakeun Hukum Internasional ngeunaan HAM ogé hasil tinamendekonstruksi atawa meureut sifat tradisional tina (HI).[1]

Dina HI tradisional ditétélakeun cenah hijinagara mibanda hiji kabébasan pinuh dina ngayakeun tindakan pikeun sakabéhwarga nagarana,daérah atawa wilayah umum saperti :laut,atmosfer, sartaluar angkasa.[1] Tapi dina hukum HAM Internasional, henteu kitu waé nagara mibanda kakawasaan pinuh, bisa waédiintervensi umpama hiji nagara kanyahoan ngalakukeun tindakan nu sakama-kama ka pangeusi nagarana, baris nyanghareupanhukuminternasional.[1]

Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. abcdefghijkGunakarya, Widiada (2017).Hukum Hak Asasi Manusia. Yogyakarta: Penerbit Andi.ISBN 9789792963649.
  2. abcdefghEl-Muhhtaj, Majda (2017).Hak Asasi Manusia dalam Konstitusi Indonesia. Jakarta: Prenada Media.ISBN 9786021186657.

Baca ogé

[édit |édit sumber]


Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hak_asasi_manusa&oldid=650537"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp