élmuwan geus ngaidentifikasi yén aya opat fase aktivitas vulkanik nu nyusun formasi Gunung Fuji. Fase kahiji, disebutSen-komitake, nu disusun kuandesite nu ayeuna katutupan di bagéan jero gunung.[rujukan?]Sen-komitake dituturkeun ku "Komitake Fuji," nu disusun kubasalt tur dipercaya kabentuk dina sababaraha rebu taun katukang.[rujukan?] Ampir 100,000 katukang, "Old Fuji" geus nutupanKomitake Fuji.[rujukan?] Nu panganyarna, "New Fuji" dipercaya kabentuk tur nutupan Old Fuji kira-kira 10,000 taun katukang.[1]Archived 2004-08-03 diWayback Machine
Vulkanik ayeuna kaasuptipe letusan rendah resiko. Catetan panungtung bituna Gunung Fuji nyaéta dina taun1707 mangsaEdo period.[rujukan?] Dina waktu ieu, kabentukkawah anyar, sapanjang puncak kadua, disebutHōei-zan, dumasar kanangaran era.[rujukan?]
Fuji-san kadangkala dipaké keur gagantiFuji Yama dina sabaraha teks basa asing, sabab karakter katilu éta ngaran, 山 hartina gunung, bisa ogé dibaca "yama".[rujukan?] (Tempocara maca kanji.) Sanajan kitu ieu ngarupakan ngaran heubeul di Jepang.[rujukan?] Kanyataana, Frase Basa Jepang "Fujiyama,geisha" hartina Jepang nu salah ngartikeun ku urang asing.[rujukan?] Ahiran-san, hartina gunung, teu pakait jeunggelar Jepang-san nu dipaké keur jalma.[rujukan?]
"Fuji" kadang kala dieja "Huzi" lamun makéromanisasiNippon-shiki. Tapi ejaan standar nu paling ilahar dipaké keur ngagambarkeun ucapan dina Basa Jepang.[rujukan?]
Ngaran séjén keur Gunung Fuji, nu lalaunan leungit atawa jarang dipaké nyaéta Fuji-no-Yama (ふじの山,Gunung Fuji), Fuji-no-Takane (ふじの高嶺,Puncak Fuji), Fuyō-hō (芙蓉峰,Puncak Lotus), jeung Fu-gaku (富岳 atawa 富嶽, karakter mimiti 富士,Fuji, jeung 岳,gunung).[rujukan?]
Ayeuna kanji keut Gunung Fuji nyaéta, 富 jeung 士, hartinakakayaan atawaloba sartaprajurit, tapi karakter ieu dipilih sabab cara ngucapkeunna sarua jeung suku kata ngaranna, henteu dumasa kana harti ngaranna.[rujukan?]
Ngaran asliFuji teu jelas.[rujukan?] Dinaetimologi rakyat nyebutkeun yénFuji asalana tina 不二 (henteu +dua), hartinateu sarua atawanonpareil. séjénna nyebutekeun asalna tina 不尽 (teu +rusak), hartinaabadi.[rujukan?]
Carita rakyat nu populer nyebutkeun yén ngaran gunung hartinapinuh ku tentara, ditulis maké karakter Cina 富士 (loba atawakakayaan +tentara). TempoThe Tale of the Bamboo Cutter.[rujukan?]
Gunung Fuji mimiti ditaekan dina taun663 ku pendeta nu teu dipikanyaho ngaranna. mangrupa gunung suci ti baheula, Gunung Fuji teu meunang ditaekan ku awewe nepi kaEra Meiji.[rujukan?] poé ayeuna, Gunung Fuji tujuan wisata nu kawentar tur ilahar ditaekan (tempo di handap).[rujukan?]
Gunung Fuji mangrupacongcot vulkanik nu endah tur remen dipaké dina subyek seni Jepang. Nu pangkawentarna lukisanUkiyo-e karyaHokusai36 Pamandangan Gunung Fuji. Salian ti éta loba disebutkeun dina literatur Basa Jepang dina sababaraha umur jeung subyek sajak.
périodeu nu ilahar keur naek ka Gunung Fuji ti 1 Juli nepi ka 27 Agustus, mangsa pondok jeung fasilitas séjén muka.[rujukan?] Beus bisa nepi ka stasion kalima mimiti 1 Juli, sarta beus panungtung jam 3 burit tur ongkosna kira-kira $28.ooUS dollars.[rujukan?] Lamun katinggaleun beus keur ka stasion kalima, bisa maké taksi biayana kira-kira $60.ooUS sakali jalan.[rujukan?] Beus ti Gunung Fuji nepi ka jam 11, mangka kitu lamun teu ngagunakeun taksi kudu nyiapkeun sarapan tur ngadagoan sababaraha waktu lila. Kira-kira 200,000 urang naek ka Gunung Fuji unggal taun, 30% di antarana urang asing.[rujukan?] Lilana waktu naek antara 3 nepi ka 7 jam, sedengkeun turnna antara 2 nepi ka 5 jam.[rujukan?] Aya sababaraha jalan anyar nu bisa dipaké keur ka puncak, tapi teu matak ngurangan kana waktu keur nepi ka puncak.[rujukan?] Waktu naek bakal ngurangan nepi ka stasion kalima gumantung kana kamampuh, tapi ngajadikeun rute naek leuwih gampang.[rujukan?] Rute naek dibagi kana sapuluh stasion, nu geus diaspal nepi ka stasion kalima, kira-kira 2300 méter luhureun laut.[rujukan?] Lamun mimiti naek ti Stasiun Kahiji perlu waktu 10 nepi ka 12 jam keur nepi ka puncak.[rujukan?] Ti Stasiun Kahiji nepi Kalima, angin ngagelebug tur tanjakan kacida netekna.[rujukan?] Sababaraha jalan bakal kapanggih ke nepi ka sub stasion kagenep.[rujukan?] Stasiun Kagenep mimitip ngan sakadar daerah panempoan tur bisa dipaké keur reureuh jeung nyiapkeun cai.[rujukan?] Keur maké tempat reureuh kudu mayar.[rujukan?] Tempat reureuh di Stasion Kalima mangrupa tempat reureuh panghadéna. Lolobana nu reureuh keur ngahaneutkeun awak, tempatna bersih tur bauna rada nyegak.[rujukan?] Pondok di stasion ieu teu dijaga waktu peuting. Pondok ieu ngan keur nu datang beurang, tur sakadar keur nempo sakuruling jeung moal naek nepi ka puncak.[rujukan?] Rebuan urang ka Gunung Fuji salila périodeu dua bulan ieu.[rujukan?] Loba nu naek peuting sangkan bisa nempo panonpoe bijil poé isukna.[rujukan?] Waktu nu panghadéna ti Stasiun kalima ka puncak nyaéta jam 9 peuting.[rujukan?] Reureuh di Stasiun Kadalapan atawa Kasalapan nepi ka jam 2 isung-isuk, diterukeun ku leumpang sangkan bisa nepi ka puncak dina kira-kira jam 4:15 janari.[rujukan?] Antara Stasion Kadalapan jeung Kasalapan hawa di luar pondok kacida tirisna, sabab kitu leuwih hadé cicing di jero pondok.[rujukan?] Bisa ogé ngendong di pondok Stasion Kasapuluh, biayana $40.00 - $50.00US dollar sapeuting.[rujukan?] Bisa ogé nyobaan nawar mayar per jam keur ngadagoan janari bari bisa sare, tapi ilaharna teu bisa sabab ku lobana nu datang kaayaan jadi gandeng.[rujukan?] Lobana nu naek ieu ogé jadi masalah, tapi teu matak ngurangan kapopuleran nu hayang naek ka Gunung Fuji.[rujukan?]
Aokigahara nyaétaleuweung nu nuruban dasar gunung.[rujukan?] Loba legenda ngeunaan ieu, salah sahijina nyaéta gunung nu mibanda endapanbesi nu nyababkeunkompas kaasup ogéGPS teu bisa dipaké, sarta matak gampang keur kaleungitan arah.[rujukan?]
Legenda ieu teu bener:medan magnet nu disababkeun ku beusi kaasup lemah keur nyababkeun pangaruh kana kompas.[rujukan?] Boh Pasukan Pertahanan jeung Angkatan Laut sacara teratur latihan di ieu leuweung, kompas, GPS jeung alat-alat navigasi séjénna bisa dipaké kalayan normal.[rujukan?]
Guha nu di ieu leuweung ngandung es salila usum panas.[rujukan?] Legenda monsterjurig, jeunggoblin leuweung, nambahan dongeng ngeunaan geueumna ieu leuweung. Saterusna, Aokigahara Jukai (Tangkal-tangkal laut) mangrupa tempatbunuh diri di Jepang; jiwa nu hayang bunuh diri salilana aya di ieu leuweung.[rujukan?] Leuwih ti 78 layon kapanggih di ieu leuweung, nyababkeun pamaréntah ngaluarkeun larangan keur bunuh diri di ieu leuweung.[rujukan?]