Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Gunung Agung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gunung Agung

Gunung Agung taun 1989
Luhur3,142 méter (9,944 suku)
PerenahBali, Indonesia
Koordinat8.342° S 115.508° E
TipeStratovolcano
Panungtungan bitu1964, 2017
Rute panggampangnaleumpang

Gunung Agung nyaéta salasahiji gunung nu perenahna diPropinsiBali,Indonésia. Dina 3,142 m saluhureun laut, ieustratovolcano mangrupa gunung pangluhurna di Pulo Bali. Ieu gunung aya diKacamatanRendang,KabupaténKarangasem,Propinsi Bali.[1]

Gunung Agung aktip kénéh, sabab kawah nu lega jeung jero téh sakapeung mah sok ngaluarkeunhaseup jeunglebu. Ti kajauhan, ieu gunung katempo nyongcot sampurna sok sanajan kawahna lega.[1]

Ti pupunclut gunung urang bisa nempo pupunclutGunung Rinjani di puloLombok, sanajan duanana remen kasimbutan ku halimun. Wanci nu pangalusna keur naék ka gunung agung téh nyaéta waktu balébat atawa carangcang tihang, mangsa hawa beresih kénéh, loba tetempoan pamandangan nu éndah jeung pikabetaheun.

Naék gunung

[édit |édit sumber]

Aya tilu jalan utama nu deukeut tur ilahar dipaké keur naék ka ieu gunung. Ti kidul, wétan kidul, jeung ti kulon. Ti kulon mangrupa jalan nu pangumumna, sabab bisa dipaju ti Pura Besakih téténjoan nu éndah sapanjang lalampahan. Penting keur nu naraék ka gunung kudu mawa cai sorangan, sabab teu meunang ngala cai sapanjang jalan alatan dianggap suci. Loba taneuh jeung batu nu ngagolosor, ku kituna penting ogé maké sapatu nu cocog keur kasalametan.[2]

Bitu taun 1963-64

[édit |édit sumber]

Nalika gunung bitu, lahar na ngagulidag ngan sababaraha meter baé tiPura Utama Besakih jadi henteu nimbulkeun karuksakan nanaon. Ieu kajadian ku urang Bali dianggap hiji mukjizat jeung totonden ti para Dewa, yén Dewa nembongkeun kakuatan nu kacida rohaka tapi hente ngaruksak wangunan nu geus dijieun pikeun ibadah urang Bali. Dalah ti kitu, dina ieu kajadian saeutikna 1000 urang palastra jeung sababaraha Desa ancur burakrakan ditarajang bituna ieu gunung.[2]

Gunung Agung di beulah kénca;Gunung Batur, jeung lianna, di beulah katuhu
Peta gunung seuneuan di Indonésia

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Artikel ngeunaanIndonésiaieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.

Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. abJalan-jalan Bali. 2008.ISBN 9789797803025. Unknown parameter|Last= ignored (|last= suggested) (bantuan);Unknown parameter|First= ignored (|first= suggested) (bantuan);Unknown parameter|Publisher= ignored (|publisher= suggested) (bantuan)
  2. abIntensive-Learning English. 2008.ISBN 9789799255440. Unknown parameter|Last= ignored (|last= suggested) (bantuan);Unknown parameter|First= ignored (|first= suggested) (bantuan);Unknown parameter|Publisher= ignored (|publisher= suggested) (bantuan)
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Gunung_Agung&oldid=650497"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp