Gula beureum nyaéta sebutan umum pikeungula kawung jeunggula kalapa, alatan bahan dijieunna ieu gula, bohkembangkalapa boh kembangkawung. Ieu gula beureum gé dipikawanoh ku sebutan gula Jawa. Warnanacoklat semu beureum, biasana leuwih mindeng dipaké pikeunsamara. Unggal poé,pankréas anu normal sanggup ngarobah 90 gram (kira-kira 9séndok dahar) gula beureum jadiénergi. Lamun dibandingkeun, gula beureum mangrupa gula anu leuwih hadé pikeun kaséhatan lamun dibandingkeun jeunggula bodas atawagula batu.[1]
Nurutkeun élmukadokteranTiongkok, gula beureum sipatna haneut, rasana amis, mibanda éfék nambahandarah, nguatkeunlimpa, ngahaneutkeunlambung, ngurangan nyeri, ngaktifkeunn perédaran darah. Serapan pikeun manula nu geus kolot pikeunmultivitamin sartamikronutrién lila-kalilaan ngurangan, leuwih hadé sapopoé dipinuhan dina kadaharan, pikeun ngajaga pungsi métabolisme sarta ngalambatkeun penuaan.[2]
Gula beureum cocog pikeun kabéh jelema. Gula beureum nyaéta gula garihal anu acan dilemeskeun, loba ngandungvitamin sartamineral. Umumna jalma-jalma miboga anggapan, gula beureum cocog pikeun wanoja anu kakara ngababarkeun sarta ménstruasi anu henteu teratur. Tapi, sabenerna gula beureum leuwih cocog pikeun manula, utamana manula anu fisikna lemah sarta manula anu anyar pulih tina gering parna.[2]
![]() | Artikel ngeunaandahareun jeunginumanieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |