Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Gulé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gulai
Gulé hayam
BagéanDeungeun sangu
Tempat asalJawa Kulonawa
Suhu pidanganPanas atawa haneut
Bahan utamaMangrupa campuran bungbu (konéng,katuncar,pedes,laja,jahé,cabé beureum,bawang beureum,bawang bodas,adas,pala,séréh,kayu manis jeungjinten nu dilemeskeun, dicampur, tuluy diolahkeun kanacipati) jeung sarupaning daging, jeroan, lauk, atawa sayuran
Cookbook:Gulai Gulai

Gulé mangrupa kaolahan nu bahan bakuna daginghayam, sarupaninglalaukan,embé, sapi, jeroan, atawa sayuran kayaningkétéwél,tongtolang jeung daunsampeu, nu diolahkeun jeung kuah bungbu nu rasana gurih. Ciri has gulé nyaéta bungbuna nu euyeun samara kayaningkonéng,katuncar,pedes,laja,jahé,cabé,bawang beureum,bawang bodas,adas,pala,séréh,kayu manis jeung jinten nu dilemeskeun, digalokeun, tuluy diasakan jeungcipati.[1] Ieu kaolahan mibanda ciri mandiri, warnana konéng lantaran pangaruh sarikonéng. Ieu kaolahan dianggap minangka wanda lian tinakari, jeung sacara internasional sok disebut minangka kari ala Indonésia,[2] sok sanajan dina seni kulinér Indonésia mah kari béda deui jinisna.

Varéasi lokal

[édit |édit sumber]

Gulé mangrupa salah sahiji jinis kaolahan nu sumebar di sakuliah Nusantara, utamana diJawa jeungSumatra sarta Semenanjung Malaya. Ieu kaolahan asalna ti Sumatra minangka hasil pangaruh jeung larapan seni masak India nu euyeub ku samara jeung bungbu jigakari. Gulé nyaéta salah sahiji bungbu kaolahan dasar nu pangkakoncarana dinakaolahan Minangkabau, kuah gulé nu warnana konéng ieu ngajadikeun bungbu jeung méré citarasa pikeun mangrupa-rupa kaolahan nu disuguhkeun di réstoran Padang. Kuah atwa bungbu gulé biasana mah kintel dina kaolahan Minangkabau, Malayu, jeung Acéh, ngan di Jawa mah kuah gulé leuwih éncér jadi kawas sop nu disuguhkeun panas-panas anu eusina daging atawa jeroan embé.

Ari gulé biasana disuguhkeun jeung sangu panas, ngan sawatara resép jiga gulé embé mah bisa disuguhkeun jeung roti canai.

Ieu di handap varéasi gulé dumasar bahanna:

Hayam

  • Guléhayam
  • Gulé haté hampela
  • Gulé endog

Daging

Jeroan

Lauk darat jeung lauk laut

Sayuran

Rujukan

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Gulé&oldid=650496"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp