Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Guha

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Guha pawon taun 1920-1932

Guha nyaéta liang rubak anu aya dinataneuh,batu atawa digunung kalawan bisa diasupan kujalma.[1][2]Ayana guha ku alatantaneuh jeungbatu anu aya di éta tempat saeutik-saeutik leyur kabawacai, lila kalilaan ngawangun liang anu rubak (speleogenesisi).[1][3]Guha ogé ilahar dipaké pikeun nyebut kana liang anu leutik tina tumpukan batu karang anu aya di jerolaut.[4]

Pedaran

[édit |édit sumber]

Guha ngawujud ku ayana rupa-rupa kajadiangéologi sapertilini, kagiatanmikroorganisme, bisa waé ngaliwatan proséskimia,érosi,cai, sarta ayana tekenan jeung pangaruhatmosfer.[5]Guha ilaharna aya digunungapu, ku alatan ayana caihujan anu rembes kana rengat anu aya di éta gunung, cai anu rembes tuluy suub asup ka jero ngaleyurkeun apu anu aya, lila kalilaan rengat beuki ngagedéan antukna ngawangun lombang jeung liang anu rubak.[2]

Guha ngawujud ku kajadianalam disabudeureunna.[4]Batu,apu, jeungtaneuh anu leyur kabawa rembesancai biasana aya di jerotaneuh kalawan mibanda ukuran anu gedé.[4] Sawaréh guha aya ngawangunspeleothem ku alatan rembesan cai tina lalangit guha anu tuluy-tuluyan dina waktu pohara lilana .[4]Pikeun maluruh umur jeung kajadiangeologis anu dirandapan hiji guha bisa ditempo dina urut namperna cai dina dasar éta guha(isotop).[5]

Rupa-rupa guha

[édit |édit sumber]

Ditempo tina lumangsungna kajadian anu ngawangun hiji guha, aya sababarahatéori anu nyebutkeun guha dibedakeun kana tilu rupa :

  1. TéoriVadose; hiji guha ngawujud ku alatan ayana cai anu rembes ka jero kalawan ngaleyurkeunbatu,taneuh, jeungapu anu kaliliwatan nepika ngawangun hiji liang.[1]
  2. TéoriDeep Phreatic ; cenah guha téh ngawujud ku alatan cai anu ngocor kahiji tempat, tempat liliwatan éta cai ngalaman koropok anu antukna kabawa palid sarta ninggalkeun hiji lombang anu badag.[1]
  3. TéoriWater Talbe ; numutkeun téori ieu cenah guha téh ngawujud ku alatancai anu ngocor dina waktu anu lila dina dasar guha kalawan nimbulkeun dasar guha paragi liliwatan cai ngawangun hiji rohangan anu démprak.[1]


Dicutat tina

[édit |édit sumber]
  1. abcdeSurya Cipta Ramadhan Kete (2016). "Goa".Pengelolaan Ekowisata Berbasis Goa: Wisata Alam Goa Pindul. Sleman: deepublish. pp. 46–49.ISBN 978-602-401-143-7. 
  2. abJonathan Rigg (1862). "G".A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: LANGE & CO. pp. 46–49. 
  3. Malam dkk., John (2005). A Marshall, ed.Intisari Ilmu: Planet Bumi.London: PT Penerbit Erlangga.ISBN 979-781-078-x Check|isbn= value (bantuan). Cite uses deprecated parameter|Editor= (bantuan)
  4. abcd"Cavern Geology"(PDF).National Caves Association. Diakses tanggal29 June 2016. Archived 5 Oktober 2016 diWayback Machine
  5. abLaureano, Fernando V.; Karmann, Ivo; Granger, Darryl E.; Auler, Augusto S.; Almeida, Renato P.; Cruz, Franciso W.; Strícks, Nicolás M.; Novello, Valdir F. (2016-11-15). "Two million years of river and cave aggradation in NE Brazil: Implications for speleogenesis and landscape evolution". Geomorphology 273: 63–77. doi:10.1016/j.geomorph.2016.08.009. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0169555X16306985. 
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.



Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungCaves.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Guha&oldid=664033"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp