Kecap "Gubernur" asalna bisa tibasa Portugis "governador",basa Spanyol "gobernador" atawabasa Walanda "gouverneur". Kecap basa Walanda ieu méh sarua jeungbasa Perancis nu harti harfiahna nyaéta "pamingpin", "pangawasa", atawa "maréntah".
Gubernur, dina kontéks Otonomi Daérah di Indonésia, nyaéta Kapala Daérah keur daérahPropinsi. Gubernur boga tugas jeung wewenang mingpin penyelenggaraan daérah dumasar kana kawijakan nu ditetepkeun babarengan jeungDPRD. Gubernur dipilih papasanngan sacara langsung ku rahayat di Propinsina; ku sabab éta Gubernur tanggung jawab ka rakyat.
Lian ti minangka Kapala Daérah, gubernur ogé boga kadudukan minangka wakil pamaréntah di wilayah propinsina; antukna dina hal ieu Gubernur tanggung jawab ka Présidén. Gubernur lain atasan Bupati atawa Walikota, tapi ukur wates ngabina, ngawas, jeung ngoordinasi penyelenggaraan pamaréntahan daérahkabupatén/kota
Gubernur lain kapanjangan leungeun Pamaréntah Pusat, tapi mangrupa pamingpin indepénden di Propinsi nu dipilih langsung ku rahayat Propinsi ngaliwatan Pamilihan Kapala Daérah atawa PILKADA. Gubernur tanggung jawab langsung ka Déwan Perwakilan Daérah Propinsi.
DiJepang,[1] kalungguhan "Gubernur" (知事,chiji?) nujul kana kalungguhan pangluhurna di PamaréntahanPréféktur. Gubernur dipilih sacara langsung ku rakyat tur marentah salila opat taun. Gubernur bisa dieureunkeun dumasar kana hasil referendum. Upama ngantunkeun, teu mampuh, atawa eureun, pamaréntahan resmi dicepeng ku Wakil Gubernur nu tugasna atawa kalungguhanna sarua jeung Gubernur.
TempoRuntuyan gubernur Jepang keur runtuyan guberner nu kiwari marentah.