Geutah; leugeut nyaéta hiji istilah umum pikeun nyebut kanacairan éncér atawa ogé kuled anu kaluar tinaorgantutuwuha anaponmahluk hirup.[1]Geutah ilaharna ngabagel sababara waktu tisaprak kaluar alatan ayanakondensasi. Dina mahluk hirup, geutah dipaké pikeun nyebut kana cairanlimfatik (getah bening).[2][3]
Dina tutuwuhan, geutah tayalian sagala rupa cairan boh éncér atawa kuled anu bijilna tinatangkal,daun,kembang, atawabuah anu diturih; henteu dibédakeun naha éta cairan mangrupanutrisi tinapembuluh tapis atawa cairan anu mibandamétabolit sekundér tinapembuluhlateks atawapembuluhresin. Pikeun tutuwuhan, kagunaan cairan-cairan ieu mangrupa hiji alat pertahanan diri mangsa ngubaran raheut dina awakna.
Latéks dihasilkeun ku loba tutuwuhan ina anggotabangsaMalpighiales (misalnyasukuApocynaceae jeungEuphorbiaceae).Resin,hars, atawa cairandamar mangrupacairan kuled tur rada transparan anu ngabagel di mana kaluar tina tangkalna. Resin dihasilkeun ku loba tangkal tina anggotaPinales (tumbuhan berunjung) ogé sababaraha anggotaDipterocarpaceae jeunhBurseraceae.[4]
↑Marschner, H (1983). "General introduction to the mineral nutrition of plants".Inorganic Plant Nutrition. Encyclopedia of Plant Physiology15 A. Springer. pp. 5–60.ISBN978-3-642-68887-4.doi:10.1007/978-3-642-68885-0_2.