Pramuka mangrupa singkatan tinaPraja Muda Karana[1] Ari nu disebutkepramukaan nyaéta prosés atikan di luar sakola jeung di luar lingkungan kulawarga dina wangun kagiatan anu ngirut ati,pikabungaheun,séhat,disiplin, puguh udaganana,praktis anu diayakeun di alam luyu jeungPrinsip Dasar kapramukaan jeungMétode Kapramukaan anu tujuan utamana ngawangunwatak,ahlak,budi pekerti anu luhung[2].Kapramukaan mangrupa sistem atikankepanduan anu disaluyukeun jeung kaayaan, kapentingan ogé kamekaran masarakat jeung bangsaIndonésia[2].
Nu ngamimitian ngadegkeun Pramuka di dunya nyaétaLord Robert Baden Powell of Gilwell[3]. Anjeunna nu ngamimitian ngabina rumaja di nagaraInggris[3].Pembinaan rumaja ieu anu jadi cikal bakal mekarna gerakan Pramuka. Baden Powell gumelar ka alam dunya ping 22 Pebruari 1857 anu ngaranna Robert Stephenson Smyth[3]. Bapana ngaranna powell saurang Professor Géometry di Universitas Oxford, anu tilar dunya nalika Stephenson leutik kénéh[3].Rupa-rupa pangalaman Baden Powell ditulis dina bukuAids To Scouting anu mangrupa piunjuk pikeun para tangtara muda diInggris supaya bisa ngalakonan pancénnapenyelidik sacara hadé[3].William Smyth saurang pingpinanBoys Brigade diInggris ménta supayaBaden Powell ngalatih anggotana luyu jeung pangalamanana[3]. Tuluy disipakeun 21 pamuda tiBoys Brigade di unggal wilayah diInggris, diajak kémping jeung latihan dipulau Browns Sea nalika ping25 Juli 1907 anu lilana 8 poé[3].NalikaTaun 1910Baden Powell péngsiun tina tangtara anu pangkatna téhLetnan Jenderal[3]. Nalikataun 1912 kawin jeungOvale St. Clair Soames anu dipaparin tilu urang putra[3].Anjeunna meunangtitelLord tiRaja George,taun 1929Baden Powell tilar dunya8 Januari 1941 diNyeri,Kenya,Afrika[3].Awaltaun 1908Baden Powell nuliskeun pangalamanana pikeun kagiatan latihan kapramukaan anu dirintisna[3].Kumpulan tulisanana ieu dijadikeun buku anu judulnaScouting For Boys[3]. Buku ieu gancang sumebar diInggris jeung nagara-nagara séjénna anu satuluyna jadi organisasi kapramukaan nu saméméhna ngan pikeun lalaki hungkul anu disebutnaBoys Scout[3].Taun 1912 dibantuan ku adina,Agnes nyieun organisasi kapramukaan pikeun awéwé anu ngarannaGirl Guides anu satuluyna diteruskeun ku pamajikanana[3].Taun 1916 ngadeg kelompok pramuka usiasiaga anu ngarannaCUB (anak serigala)anu bukunaThe Jungle Book karanganRudyard Kipling salaku cecekelan dina kagiatanana[3]. Buku ieu nyaritakeun ngeunaanMowgli si anak rimba anu dipiara di reuma ku induk serigala[3].Taun 1918 anjeunna nyieunRover Scout pikeun anu umurna 17 taun[3].Taun 1922 anjeunna nerbitkeun bukuRovering To Success (Mengembara Menuju Bahagia)[3]'.
Lambang Gerakan Pramuka nyaétaTunas Kalapa[4].Lambang gerakan pramuka nyaéta tanda pengenal tetap anu ngswengku cita-cita unggal anggota Pramuka[4].Lambang éta dijieun ku BapakSoemardjo Asmodipuro, saurang pembina Pramuka anu aktif digawé di lingkunganDepartemen Pertanian anu satuluyna dipaké ti mimiti16 Agustus 1961[4]. Lambang éta ditetepkeun kuSurat Keputusan Kwartir Nasional Gerakan Pramuka No. 06/KN/72 taun 1972[4].Harti lambang gerakan pramuka: 1. kalapa dina kaayaanjadi disebutCikal, jeung istilahcikal bakal diIndonesia hartina penduduk asli anu ngamimitian ngawariskeun generasi anyar[4]. Jadi kalapa anu keur tumuwuh téh ngandung hartikonotatif yén unggal pramuka mangrupa inti pikeun kalumangsungan hirup Bangsa Indonésia[4]. 2.kalapa téh awét dina kaayaan kumaha waé,Jadi lambang éta miboga harti yén unggal anggota pramuka nyaéta jalma anujasmani jeungrohaninaséhat,kuat jeungrajin sarta miboga tékad nu gedé dina nyanghareupan rupa-rupa tantangan dina hirup jeung dina ngambah sagala ujian jeung kasusah pikeun babakti ka lemah cai jeung bangsaIndonesia[4]. 3.kalapa bisa jadi di mana waé, anu ngabuktikeun gedéna upaya dina nyaluyukeun diri jeung masarakat di mana manéhna hirup jeung dina kaayaan naon waé[4]. 4.kalapa tumuwuhna lempeng ka luhur jeung mangrupa salah sahiji tatangkalan anu pangluhurna di Indonésia[4].Jadi lambang éta ngandung harti yén unggal pramuka miboga cita-cita anu luhur jeunglurus, nyaéta mulya jeung jujur ogé tetep panceg dina galur[4]. 5.Akar kalapa mah kuat jeung pageuh dina jerotaneuh[4]. Jadi lambang éta ngandung harti tékad jeung kayakinan unggal pramuka anu nyekel pageuh kana dadasar jeung landasan-landasan anu hadé, bener, kuat jeungnyata nyaéta tékad jeung kayakinan anu dipaké ku manéhna pikeun nguatkeun diri pikeun ngahontal cita-citana[4]. 6.Kalapa nyaéta tangkal anuserba guna ti mimitiakar nepi kapucukna[4]. Jadilambang éta miboga harti unggal pramuka nyaéta manusa anu boga guna, jeung babakti pikeun kapentingan lemah cai, bangsa jeung nagaraIndonesia sarta umat manusa[4].
Lambang gerakan pramuka bisa dipaké dinapanji,bandéra,papan ngarankwartir jeung satuan,tanda pengenal administrasi gerakan pramuka[4].Pamakéan éta maksudna salaku alat atikan pikeun nalingakeun jeung ngaronjatkeun kagiatan gerakan pramuka luyu jeung kiasan anu aya dina lambang pramuka éta[4].
Pramuka Siaga nyaéta Golongan Pramuka anu umurna 7 nepi ka 10 taun[5]. Ari kelompok gedé dina siaga disebutPerindukan[5]. Perindukan téh eusina 24 urang Pramuka Siaga[5].Perindukan dibagi jadi satuan leutik anu disebutBarung[5]. Dina sabarung aya 6 urang Pramuka Siaga[5]. Ngawangun Barung anu dilaksanakeun ku para Pramuka Siaga nu dibantuan kuPembina jeungPembantu Pembina Pramuka Siaga[5]. Di unggal Barung maké ngaran warna, contona: BarungBeureum, BarungBodas, BarungHéjo, jeung réa-réa deui[5]. Satuluyna pikeun unggal Barung dibéré tanda kubandéra luyu jeung ngaran Barungna[5].Kapamingpinan dina Barung Siaga luyu jeungKaputusan Kwartir Nasional gerakan Pramuka Nomor 231 taun 2007 ngeunaan penyelenggaraan gugus depan Pramuka dipingpin ku saurang Pembina Siaga anu yuswana minimal 21 taun, dibantuan ku tilu urang Pembantu pembina Siaga anu yuswana minimal 16 taun[5].
Aya tilu rupa tingkatan Pramuka Siaga nyaétaSiaga Mula,Siaga Bantu, jeungSiaga Tata[5].Jang Pramuka Siaga aya tilu rupa Upacara nyaétaUpacara pembukaan Latihan, upacara penutupan Latihan jeung Upacara Pelantikan[5].
Anapon kalengkepan Pramuka Siaga nyaétatopi barét warna coklat, tanda topi anu mangrupatunas kelapa warnakonéng ari dadasarna warnahéjo daun wangunna pikeun awéwé mahbuleud tapi ari pikeun lalaki mah wangunnasegi panjang[5].Tanda pelantikanana nyaétatunas kelapa anu warnanakonéng emas anu warna dasarnacoklat kolot anu dipasangkeun didada beulahkénca[5].Setangan Leher pikeun lalaki nyaétasegitilu anu warnanabeureum bodas, bahanna tina kaén anu ngabutuhkeuncingcin supaya leuwih rapih dipasangkeun di handapeunkerah baju biasa disebutkacu, Ari pikeun awéwé maké pita anu legana 3,5 cm panjangna 40 cm pamakéanana pita disimpul matikeun[5].Baju,Calana jeungerokna warnana saruacoklat ngora kaluhuranana jeungcoklat kolot pikeun ka handapanana[5].Sapatu jeungkaos kaki warnanacoklat atawahideung[5].Tanda Barung dipasangkeun dileungeunbaju beulahkénca, arilokasi dipasangkeun dina leungeunbaju beulahkatuhu[5]. Tanda pangkat Siaga Bantu nyaéta gambarmancung hulu anu warnanabodas tapi dasarnahéjo, Lamun tanda pangakat Siaga Tata nyaéta dua tanda anu sarua jeung tanda siaga bantu anu dipasangkeun di leungeun beulahkénca[5].
Pramuka Penggalang nyaéta Golongan Pramuka nu yuswana 12-15 taun. Satuluyna kelompok gedé dina Penggalang disebut pasukan Penggalang. Dina pasukan Penggalang aya kelompok-kelompok leutik anu disebut regu Penggalang nu diwangun ku 6 - 8 urang. Ngaran-ngaran regu dicokot tina ngaran sato jeung kekembangan. Ngaran sato pikeun regu putra, ari ngaran kekembangan pikeun ngaran regu putri.
Lawungan Pramuka Penggalang anu dibéré ngaran Jambore dilaksanakeun ditingkat nasional[5]. Tapi bisa ogé diayakeun di tingkat Daerah, Cabang atawa Ranting[5]. Saméméh ngayakeun kagiatan Jambore, perlu ayana rarancang atawa tatahar, pengorganisasian jeung pelaksanaan sacara kompréhénsif[5].
Lomba tingkat (LT) nyaéta gelanggang Penggalang Putera jeung Penggalang Puteri boh sacara bérégu atawa perorangan[5]. Nomor lomba ngeunaan kasingeran jeung kaparigelan[5]. Tujuan perlombaan éta nyaéta nguji kamampuh penggalang[5]. Anapon rupa-rupa LT nyaéta LT1 anu diayakeun ku gugus depan, LTII anu diayakeun ku Kortan/kwartir ranting, LTIII diayakeun ku Kwartir cabang, LT IV diayakeun ku kwartir Daerah jeung anu pamungkas nyaéta LT V anu diayakeun ku Kwartir Nasional[5].Conto kagiatan LT dumasar kana aspék kamampuh nyaéta kaparigelan jeung kasingeran[5]. Kaparigelan anu dilombakeun nyaéta lombaPeta pita,Peta perjalanan,Semaphore,Morse,kémah,pioneering dasar,Panorama,Sandi, jeungLomba Masak[5].Ari dina aspék kasingeran nyaéta lombamendaki tangga,mendaki jeung turun tebing,Sambung tali,meniti kayu bulat.Lian ti dua aspék anu geus disebutkeun tadi aya ogé aspék perlombaan séjén kayaning aspékkasenian atawaolahraga,kaagamaan, jeungkamasarakatan[5].
Ambalan nyaéta kelompok gedé dina pramuka penegak[5]. Ngaran Ambalan biasanya nyokot tina ngaran sababarahapahlawan, contona:Ambalan Bung Karno, Ambalan Diponegoro, jrrd[5].Dina Ambalan aya organisasi anu ngawadahan aspirasi penegak anu dingaranan DA(Dewan Ambalan)[5]. Cara kerjadewan ieu nyaéta nyieun kaputusan sacaramusyawarah mufakat[5].Dina Ambalan penegak ayapembina[5]. Pembina mangrupa dulur kolot Ambalan Penegak anu kudu dihargaan jeung diajénan[5].Golongan usia pramuka anu kagolong kana Penegak nyaéta 16-20 taun[5].Dina hiji Ambalan aya sababaraha kelompok leutik anu disebutSangga[5]. Sangga dipingpin ku saurang pamingpin anu dibantuan ku wawakilna[5]. Ngaran-ngaran Sangga dina Pramuka Penegak biasana nyokot tina tahapan kamerdikaan Indonésia, nyaéta:
Tapi salian ti eta, ngaran sangga bisa ogé nyokot tina ngaran sato, kembang, tokoh wayang atawa nu paling sederhana ngaeta ku nomer, jiga Sangga 1 Sangga 2 jrrd. Kode kehormatan Pramuka Penegak sarua jeung kode kehormatan penegak Penggalang nyaétaTri satya jeungDasa Dharma[5].
PW nyaéta lawungan Pramuka anu diayakeun ku penegak jeung pandéga ti rupa-rupa satuan (Ambalan dan satuan Karya)[5]. Kagiatan ieu ngahijikeun diri sarta ngawangun masarakat anu luyu jeung jangji Tri Satya[5].
Raimuna nyaéta perkémahan pikeun ngabina jiwa Pramuka Penegak/ Pandéga anu miboga sifatkréatif jeungproduktif anu ngawengku unsuredukatif (atikan) ngaliwatan sababaraha kagiatan kawas ieu di handap:
Kami pramuka Indonesia[6] manusia Pancasila[6] Satyaku ku Dharmakan[6] Dharmaku ku Baktikan[6] Agar Jaya Indonesia[6] Indonesia Tanah Airku[6] Kami jadi Pandumu[6]
Nalika taun1823 diAmerika kapanggih Morse[5]. Nu manggihan Morse téh nyaétaSamuel F.B Morse[5]. Hurup ieu dipaké salaku alat komunikasi anu sifatna rusiah[5].
Semaphore nyaéta alat komunikasi dua arah anu wangunna duabandéra, unggal bandérana aya gagangan[5].Warna anu sering dipaké jadi warna bandéra nyaéta warnabeureum atawakonéng[5].