George Washington (ᮍᮨᮇᮛ᮪ᮍᮨ ᮝᮞ᮪ᮠᮤᮀᮒᮧᮔ᮪; gumelar di Westmoreland County, Virginia, 22 Pébruari 1732 – pupus di Mount Vernon, Virginia, 14 Désémber 1799 dina yuswa 67 taun) nyaéta pamingpinmilitér,nagarawan, sartaPrésidén Amérika Sarikat anu munggaran (1789–1797). Anjeunna dianggap salaku "Bapa Nagara" (Founding Father) anu pangmimitina ngawangun pondasi démokrasi di Amérika Sarikat.
Dumasar kana panalungtikan sajarah, kulawarga Washington miboga akar anu kuat diInggris.Karuhun anjeunna, Lawrence Washington ti Sulgrave, Inggris, mangrupa dadasar silsilah kulawarga ieu sateuacan maranéhna pindah sarta netep di wewengkon Virginia dina abad ka-17.[1]
Sajaba ti kakuatan militer, Washington dipikawanoh ku ajén kajujuran sarta integritasna anu janten rujukan dina dunya atikan karakter. Kamampuh Washington pikeun mikir sacara wijaksana sarta miboga rasa tanggung jawab anu luhur saprak anjeunna masih anom janten dadasar pikeun kapamingpinanana di mangsa hareup.[2]
Nurutkeun Charles Sumner, Washington mangrupa perlambang tinaintegritas anu sampurna. Anjeunna henteu ngan saukur mingpin perang, tapi ogé mingpin kalayan kawijaksanaan anu jero. Warisan utamana nyaéta pengkuh dina ngajaga kamerdikaan sarta kakuatan watek anu janten pangrojong pikeun gerakan kabébasan di sakuliah dunya.[3]
NalikaPerang Révolusi Amérika mecenghul, Washington dipilih janten Panglima PangluhurTentara Kontinental. Anjeunna miboga peran anu kacida pentingna dina ngatur siasat sarta ngajaga sumangat pasukan sanajan kaayaanana kacida héséna.[4]
Salaku présidén munggaran, Washington netepkeun rupa-rupa tradisi penting:
Sistem Kabinét: Ngawangun kelompok panaséhat menteri resmi.
Watesan Jabatan: Mundur saatos dua periode, netepkeun conto yén présidén sanés saurang raja anu ngajabat saumur hirup.[5]