Lamun fase henteu-enol, sakabéh wangunan gelombang katempo digésér waktuna saloba θ/ω detik. Harga negatif ngagambarkeun gelombang nu tinggaleun, sarta harga positif ngagambarkeun "miheulaan".
Osilasi sistem pér-massa di sabudeureun titik imbangna ngarupakeun hiji gelombang sinus.Gambaran dua diménsi tina osilasi sistem pér-massa.
Rumus ieu ngagambarkeun gelombang sinus pikeun diménsi tunggal, jadi rumus umum di luhur méré amplitude gelombang dina sahiji tempatx dina waktut sapanjang sahiji garis.
Ieu, contona, bisa dianggap harga hiji gelombang sapanjang sahiji kawat.
Conto dua-diménsi bakal ngajelaskeun amplitudo gelombang dua diménsi dina posisi (x, y) dina waktut.Ieu, misalna, bisa dianggap harga sahiji gelombang cai dina sahiji balong satutasna sahiji batu diragragkeun kana éta cai. Sanajan conto ieu bener-bener mangrupa sahiji gelombang diménsi tilu, ieu nunjukkeun masalahna; conto anu leuwih akurat nyaéta rambatan sahiji gelombang listrik ngaliwatan papan konduksi.
Sababarah conto kajadian anu disusun ku gelombang sinus
Polagelombang ieu mindeng kapanggih di alam, kaasupgelombang sagara, gelombangsora, sarta gelombangcahaya. Ogé, pola kasar sinusoida bisa katingal tina citakan gambar rata-rata temperatur poéan salila sataun, sanajan gambarna mungkin nyarupaan gelombangkosinus anu tibalik.
Gambar teganganarus bulak-balik ngahasilkeun sahiji pola gelombang sinus. Kanyataannana, gambar tegangan gelombangarus saarah sistem panyaarah méré pola gelombang sinusharga mutlak, di mana gelombang tetep aya dina sisi positif sumbu-x.
Sahiji gelombangkosinus disebut sabagé "sinusoida", lantaran:
anu ogé mangrupa sahiji gelombang sinus kalayan pagéséran fase saloba п/2. Lantaran miheulaan, mindeng disebut yén fungsi kosinus miheulaan fungsi sinus atawa fungsi sinus katinggaleun ti fungsi kosinus.
Satiapgelombang nu henteu-sinusoida, sapertigelombang kotak atawa malah gelombang sora anu henteu teratur anu nyusunucapan manusa, bisa dinyatakeun sabagé sakumpulan gelombang sinusoida kalayanperioda sartafrékuénsi anu béda-béda anu dicampurkeun babarengan. Téknik ngarobah wangunan gelombang kompléks jadi komponén-komponén sinusoidana disebutanalisis Fourier.
Ceuli bisa nganyahokeun gelombang-gelombang sinus tunggal lantaran sora-sora kalayan wangunan gelombang saperti kitu kadéngé "beresih" atawa "jelas" ku manusa; sababaraha sora anu nyarupaan sahiji gelombang sinus murni nyaétasuitan, sahijigelas kristal anu dipaksa ngageter ku cara ngelapkeun sahiji ramo baseuh sapanjang biwir gelas, sarta sora anu dihasilkeun ku sahijigarpu tala.
Pikeun ceuli manusa, sahiji sora anu disusun ku leuwih ti hiji gelombang sinus bakal kadéngé "ribut" atawa bakal ngahasilkeunharmonik anu bisa didéteksi; hal ieu bisa dijelaskeun sabagé sahijitimbre anu béda.
Dina taun 1822,Joseph Fourier, saurang ahli matematika Perancis, manggihan yén gelombang-gelombang sinusoida bisa digunakeun sabagé building block anu saderhana pikeun 'nyusun' sarta ngagambarkeun ampir sakabéh wangunan gelombang périodik. Prosésna disebutanalisis Fourier, anu mangrupa alat analitis anu mangfaat dina tolab ngeunaan gelombang, aliran panas, widang ilmiah séjénna, sarta téoripamrosésan sinyal.