Ngaran ilmiah ganas,Ananas comosus,ananas, dicokot tina ngaran asli buahna dinabasa Tupi (Rio de Janeiro, Brazil),nanas, luyu jeung catetan André Thevenet taun 1555.
Penyerbukan alami buah ganas biasana dibantuan kukolibri. Penyerbukan ieu perlu pikeun ngabentuk siki; ayana ieu siki ngurangan kualitas buah. Di Hawai, nu loba tatanén ganas, impor kolibri dicaram ku alesan ieu.
Buah ganas ngandungénzimprotéolitikbromelain, nu ngarecah dahareun ku cara ngancurkeunprotéinna. Ku kituna, sari ganas sok dipaké pikeun ngaleuleuskeun daging. Ieu énzim bisa bahya pikeun nu nandangan kakurangan atawa cacad protéin, misalna baésindrom Ehlers-Danlos.
Kapercayaan tradisional nyebutkeun yén ganas bisa jadi ubar keur gangguan pencernaan, ogé cénah bisa ngabantu pikeun ngalahirkeun.[2]
Ganas seger kadang bisa ngabalukarkeun iritasi kana tungtung létah, anu karasana semu peuheur atawa pahang. Pikeun ngurangan gangguan ieu, biasana ganas sok dikeueum heula dina ciuyah.
Buah ganas téh sumbermangan anu hadé (91%DV tina sagelas) sarta loba ngandungvitamin C (94%DV tina sagelas) jeungVitamin B1 (8%DV tina sagelas).[3]
Charles II disuguhan ganas anu munggaran dipelak di Inggris (lukisan taun 1675 karya Hendrik Danckerts).
Ganas sumebar ti tempat asalna (tengah Amérika Kidul) ku cara dipelak. MangsaChristopher Columbus datang (1492), ganas geus sumebar ka Amérika Kidul jeung Tengah, Méksiko kidul, jeung Karibia (Hindia Kulon). BangsaSpanyol mawa ieu pepelakan kaPilipina,pulo Hawai (kira awal abad ka-19, budidaya komersil munggaran 1886), jeungGuam. Di Éropa, ganas bisa dipelak dirumah kaca. Kultivar anu biasa dipelak nyaéta 'Red Spanish', 'Hilo', 'Smooth Cayenne', 'St. Michael', 'Kona Sugarloaf', 'Natal Queen', jeung 'Pernambuco'.
Jahn, G. C. 1990. The role of the big-héaded ant in méalybug wilt of pinéapple. In G.K. Veeresh, B. Malik, and C. Viraktamath [eds.] "Social Insects and the Environment." Oxford & IBH Publishing Co., New Delhi, 614-615.
Jahn, G. C. 1995. Gray pinéapple méalybugs,Dysmicoccus neobrevipes Béardsley, found inside of pinéapple fruit. Proc. Hawaiian Entomol. Soc. 32: 147-148.