Fosfor nyaéta hijiunsur kimia dinatabél périodik anu miboga lambangP jeungnomor atom 15.[1] Fosforus mangrupa unsur non-logam multivalen tina kelompoknitrogén.[2] Ieu unsur kapanggih di alam dina sawatara bentuk alotropik jeung mangrupa élemen penting pikeun kahirupanorganisme.[2] Nyangkaruk sawatara wangun Fosforus nyaéta Fosforusbodas,beureum jeunghideung.[2] Fosforus bodas nyaéta jenis anu biasa diproduksiindustri.[2] Fosforus bosa hurung dinu poék, kabeuleum sacara spontan mun keuna hawa, sarta mangrupa racun angot.[2] Fosforus beureum mah varéatif dina warnana téh, tina orén kabungur ku sabab varéasi leutik tina struktur kimiana.[2] Wangun katilu, Fosforus hideung, dijieun dina tekenan luhur, wujudna siga grafit sarta bisa ngahantarkeunlistrik.[2] Di alam, Fosforus teu pernah dipanggihan dina wangun murni, tapi ngan minangka fosfat anu kawangun tinaatom fosforus anu katalian dina opatatomoksigén.[2] Fosforus ogé aya nu minangkaion fosfat muatan négatif (PO43-) anu kawangun tinamineral atawa minangkaorganofosfat nu mana nyangkarukmolekulorganik anu napel kana hiji, dua, atawa tiluatomoksigén.[2] Fosforus ogé nyangkaruk dina mangrupa-rupakadaharan.[2] Kadaharan anu euyeub fosforusna nyaétatuna,salmon,sardén,haté,kalkun,hayam,endog jeungkéju (200 mg/100 g).[2] Di alam, nyangkaruk lobamineral fosfat nu wangun pang-ngaleuyana mah nyaétaapatit.[2]