Sajarah Finlandia anu kacatet dimimitian ti taun 1100 M, nu mana kapibogaan nagara ieu masih diparebutkeun antara Swédia jeung Rusia.[4] Ti taun1154, nagara ieu geus mangrupa bagian KarajaanSwédia.
Kamerdékaan Finlandia tuluy ngakibatkeunPerang Saudara Finlandia, antaraGolongan Bodas, nyaéta prajurit Finlandia anu dilatih jeung dibantuan kuJérman anu ngadarat di Finlandia, ngalawanGolongan Beureum, nyaéta urangkomunis Finlandia jeung prajuritRusia anu masih ditugaskeun di Finlandia. Mei 1918, Golongan Bodas meunang dina éta perang. Jumlah korban ti Golongan Beureum aya 8.000 jalma anu tiwas katémbak, jeung 20.000 séjénna tiwas akibat kalaparan nalika ditahan di kamp-kamp konséntrasi.[4] Paséa ngeunaan wawatesan diréngsékeun saenggeusPajangjian Tartu ditandatanganan dina1920.
Ti taun 1920-an nepi ka 1930-an, Finlandia masih kénéh aya di handap ancaman Rusia nu harita geus jadiUni Soviét. Dua nagara éta miboga idéologi anu pasalingsingan. Finlandia mangrupa nagaradémokrasikapitalisliberal, sedengkeunUni Soviet mangrupa nagara diktatorkomunis anu réprésip. Rasa kasieunan yén Uni Soviét bakal ngarebut deui wewengkon Finlandia jadi ancaman jeung téror jang padumuk jeung pamaréntah Finlandia.[4]
Tapi, ancamanUni Soviét heunteu eunggeus di ditu hungkul. WanciPerang Dunya II, Finlandia geus nolak Uni Soviét dua kali: kahiji dinaPerang Usum Tiis antara1939–1940 jeung Perang Sambungan antara1941–1944. Dina 1944, Finlandia sakali deui ditarajang, ayeuna ku pihakJérman dinaPerang Laplandia 1944-1945, di mana tentara Finlandia hasil nundung tentara Jérman ti beulahkalér Finlandia. Sanggeus perang, pamaréntah Finlandia geus miboga pajangjian jeung tatanggana nyaétaUni Soviét, antara1947-1948 sarta masihan sababaraha wewengkonna (Karélia,Salla, jeungPetsamo) ka nagara éta.
Saenggeus perang, Finlandia aya dina kaayaan nu bahaya salaku nagara panyangga antara kawasa ageung komunisUni Soviét jeung nagara démokratis nu lian di Éropa. Ku kituna, dina taun 1948, nagara ieu kapaksa nandatanganan pajangjian Finlandia–Soviét nyaéta Pajangjian Sosobatan, Kerja sama, jeung silih nguntungkeun, nu kawanoh ogé salakuPajangjian YYA. Pajangjian ieu penting pikeun mastikeun lumangsungna Finlandia salaku hiji nagarakapitalis démokratis. Dumasarna mah dina pajangjian ieu, Finlandia kedah minangka nagara nétral wanciPerang Tiis jeung ngabendung tarajangan nanaon wéh ka Uni Soviét liwat Finlandia.
Asal ngaranFinlandia (Suomi dina basa Finlandia) teu terang, tapi, meureun kognatna nyaéta kecap proto-Baltikzeme hartina "taneuh". Dumasar kana téori nu lian, ngaran ieu diturunan tisuomaa atawasuoniemi.
ÉksonimFinlandia mirip jeungngaran patempatanSkandinaviaFinnmark,Finnveden jeung ratusan toponim lian nu awalna "Fin(n)" di Swédia jeung Norwégia. Sababaraha ngaran éta geus jelas diturunan tifinnr, kecap Jérmanik pikeun tukang ngumbara/pamanggih jeung saterasna kira-kira hartina "paninggaran-pangumpul"nomadik atawa patanituar duruk. Teu kauninga kumaha, naha, jeung iraha "Finnr" mimiti ngaharti "Finlandia Asli".
Salah sahiji dokumén kahiji nu nyebutkeun "taneuh bangsa Finn" nyaéta 2 batu rune. Aya 1 di Söderby, Swédia, jeung prasastifinlont (U 582) jeung 1 diGotland, pulo bogaan Swédia di Laut Baltik, kalawan prasastifinlandi (G 319) nu asalna tiabad ka-11.[5]
Finlandia mangrupa hiji nagara kalawan rébuan dano jeung pulo; 187.888 dano jeung 179.584 pulo. Salah sahiji danona,Saimaa, nyaéta nu ka-5 panglegana diÉropa. Wangun taneuh di Finlandia kalobaannana datar kalawan sababaraha pasir jeung titik pangluhurna,Haltitunturi dina 1.328m, aya di tungtung kalérLaplandia. Salian ti loba danona, daratanna ogé didominasi ku leuweungpinus (kira-kira 68% ti lega daratan) jeung saeutik taneuh subur.
Raloba kapuloan nu aya dina bagian kidul-kulon nagri, bagian tikapuloanÅland, jeung sapanjang basisir kidul diTeluk Finlandia. Finlandia mangrupa salah sahiji ti saeutik nagara di dunya nu tetep "numuwuh". Ku lantaranpangangkatan isostatik nu geus aya tiJaman és pangtungtungna, lega wewengkon nagara ieu ogé tumuwuh kira-kira 7 kilométer persegi saban taun.
Padumuk Finlandia mayoritasna mangrupaSéké Finn jeung aya sababaraha minoritasSwédia Finlandia janten basa resmina nyaétabasa Finlandia jeungSwédia. Basa minoritas nu séjén nyaétabasa Rusia jeungbasa Éstonia. Populasi Finlandia kalobaannana museur di wewengkon kidul nagri.
Parlemén Finlandia, nu disebutEduskunta atawaRiksdag, miboga anggota 200 urang jeung mangrupa otoritaslégislatif pangluhurna di nagara éta. Parlemén ieu bisa ngarobihKonstitusi Finlandia jeung ngéléhanhak véto présidén. Législasi bisa diusulkeun ku kabinét atawa ti anggota Eduskunta nu dipilih pikeun opat taun kalawan réprésentasi proporsional.
Finlandia mangrupa nagara industri, miboga ékonomi pasar bébas, jeung produksi per kapita kira-kira sami sarengBritania Raya,Perancis,Jérman, jeungItali. Standar hidup di Finlandia luhur. Séktor konci ékonomi nyaétaproduksi, utamina di widang télékomunikasi. Dagang miboga peran penting nu ampir sapertiluPDBna. Finlandia mimiti nganggoEuro dina1 Januari1999.
Kapuloan Åland miboga tingkatanotonomi sorangan. Dumasar kana pajangjian internasional jeung hukum Finlandia, pamaréntahan régional Åland ngurus sababaraha masalah nu kaasup ka otoritas propinsi diFinlandia Daratan.
Pamaréntahan lokal diorganisasi saterasna ku 432kotamadya Finlandia. Ti1977, euweuh bébédaan administratif antara "town", kota, jeung kotamadya nu séjén. Salian kotamadya, Finlandia ogé kabagi kana 20 wewengkon.
Lamun dibandingkeun jeung urangSkandinavia nu séjén, Finlandia bisa kasebut béda pisan boh ditingali tina géografi, budaya, jeung basa. Tinu ampir 100 basa asliÉropa, kabéh basa masih kaasup kulawarga basaIndo-Éropa iwal ti basaBasque anu kaisolir, jeung opat basa séjénna. Opat basa éta kaasup kulawarga basaFinno-Ugria, nu di antarana nyaéta basa Finlandia, basaÉstonia—anu masih deukeut patalina, sarta basaHungaria jeung basaLapp (Saami)—anu jauh patalinna.[4]
↑(en)Formerly a semi-presidential republic, it's now a parliamentary republic according to David Arter, First Chair of Politics at Aberdeen University, who in his "Scandinavian Politics Today" (Manchester University Press, revised 2008), quotes Jaakko Nousiainen in "From semi-presidentialism to parliamentary government" in Scandinavian Political Studies 24 (2) p95–109 as follows: "There are hardly any grounds for the epithet 'semi-presidential'." Arter's own conclusions are only slightly more nuanced: "The adoption of a new constitution on 1 March 2000 meant that Finland was no longer a case of semi-presidential government other than in the minimalist sense of a situation where a popularly elected fixed-term president exists alongside a prime minister and cabinet who are responsible to parliament (Elgie 2004: 317)". According to the Finnish Constitution, the President has no possibility to rule the government without the ministerial approval, and does not have the power to dissolve the parliament under his or her own desire. Finland is actually represented by its Prime Minister, and not by its President, in the Council of the Heads of State and Government of the European Union.