Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Facebook

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Facebook
facebook
Logo Facebook
URLfacebook.com
Komérsial?Nuhun
RégistrasiMeunang milih
BahasaInternational

Facebook nyaétaramatloka jaringan sosial anu dipedalkeun dina4 Pebruari2004 sarta diadegkeun kuMark Zuckerberg, saurang lulusanHarvard. Kaanggotaanana mimitina diwatesan keur para siswaHarvard College. Dua bulan saterusna, kaanggotaanana dilegaan ngawengku sakola séjén di wewengkon Boston (Boston College,Boston University,MIT,Tufts),Rochester,Stanford,NYU,Northwestern, sarta kabéh sakola anu jadi anggotaIvy League. Satuluyna, lobapaguron luhur séjén anu diasupkeun jadi anggota dina mangsa sataun sanggeus diadegkeunana ramat loka ieu. Pamustunganana, jalma-jalma anu mibanda alamatsurat éléktronik atawa email sahiji universitas (kawas .edu, .ac.uk, dll) ti sakumna dunya bisa ogé ngagabung jeung ramat loka ieu.

Saterusna, ieu ramat loka dimekarkeun nepi ka ngawengku ogé sakola-sakola tingkat luhur sarta sawatara pausahaan badag. Saprak11 Séptémber2006, jelema nu boga email naon waé bisa ngadaptar pikeun jadi anggota Facebook. Pamaké bisa milih pikeun ngagabung jeung hiji atawa leuwih ramat loka anu sadia, kawas ramat loka nu dumasar kanasakola tingkat luhur, tempat gawé, atawa wewengkon géografis.

Nepi ka bulanJuli2007, ramat loka ieu mibanda jumlah pamaké panglobana ti antara ramat-ramat loka jaringan sosial lianna kalayan leuwih ti 34 juta anggota aktip anu boga tumbu kana éta website ti sakuliah dunya. Ti bulanSéptémber2006 nepi ka bulan Séptember2007, réngkingna naék ti posisi ka-60 ka posisi ka-7 ti antara ramat loka anu panglobana didatangan, sarta mangrupa ramat loka nomer hiji pikeun poto diAmérika Sarikat, ngungkulan loka umum séjénna kawasFlickr, kalayan 8,5 juta poto nu dimuat saban poéna.

Rujukan

[édit |édit sumber]

Tumbu ka luar

[édit |édit sumber]
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Facebook&oldid=668103"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp