Fabales nyaéta ordo tutuwuhan kembangandikotil nu miboga 3 kulawarga, nyaétaCaesalpipiaceae,Fabaceae (atawa Leguminosae),Mimosaceae.[1][2] Sacara kolektif, ordo ieu dipikawanoh salaku légum.[1] Fabales kaasup tutuwuhan ngarambat atawa tangkal nu mibogadaun nu sénsitif.[1] Anggota ieu biasana miboga katetepan, daun majemuk, 10 benang sari atawa leuwih loba nu sok dihijikeun dina filamen, jeung carpel tunggal nu ngajadikeun buah garing (polong) bakal kabuka nalika béak mangsa ku cara meulah jadi dua, ngaleupaskeun siki (endosperm).[2] Loba, atawa kur sabagian tina anggota ordo ieu ngalakonansimbiosis jeungbakteri pangiketnitrogén dina akarna.[2] Loba tutuwuhan tina Fabales mangrupa panghasil produk utama tina dunya pertanian.[2]
 | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |