Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Dréstarata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dréstarata
Dréstarata
Dréstarata
Déwanagari:धृतराष्ट्र
Éjahan Sansakerta:Dhṛ(ri)tarāṣ(sh)ṭra
Asal:Astinapura,Karajaan Kuru
Papasangan:Gandari

Dréstarata (basaSansekerta: धृतराष ;Dhritarāshtra) dinawiracaritaMahabarata, nyaéta anak tiWicitrawirya jeungAmbika. Manéhna lolong ti mimiti lahir alatan indungna nutupan panon sawaktu ngalakonan upacaraPutrotpadana anu diayakeun ku ResiAbiyasa pikeun meunangkeun turunan. Dréstarata mangrupa lanceuk téréPandu. Sabenerna Dréstarata anu mibanda hak jadi RajaAstinapura alatan manéhna mangrupa anak Wicitrawirya anu pangkolotna. Tapi manéhna lolong antukna pamaréntahan kudu dibikeun ka adina. Sanggeus Pandu mangkat, manéhna ngagantikeun kalungguhan adina kasebut. Dréstarata nyaéta salakinaGandari sarta bapana paraKurawa.

Kalahiran

[édit |édit sumber]

SanggeusWicitrawirya mangkat tanpa mibanda turunan,Satyawati ngirim dua randaWicitrawirya, nyaétaAmbika jeungAmbalika, pikeun manggihan ResiAbiyasa (anakSatyawati ti Resi Parasara), lantaran Sang Resi baris ngayakeun hiji upacara pikeun maranéhanana sangkan meunangkeun turunan.Satyawati ngajurungAmbika sangkan manggihan ResiAbiyasa di rohangan upacara. Sanggeus Ambikaasup ka rohangan upacara, manéhna nempo beungeut Sang Resi anu pohara pikasieuneun sarta panonna anu hurung ngempur. Hal éta ngajadikeun Ambika nutupan panonna. Alatan Ambika nutupan panon salila upacara lumangsung, mangka anakna lahir lolong. Anakna kasebut sanggeus lahir dingaranan Dréstarata.

Mangsa pamaréntahan

[édit |édit sumber]

Alatan Dréstarata lahir lolong, mangka tahta karajaan dibikeun ka adina, nyaétaPandu. Sanggeus Pandu mangkat, Dréstarata ngagantikeun manéhna salaku raja (kadangkala disebut pajabat pamaréntahan pikeun samentara waktu). Dina maréntah, Dréstarata diréndéngan ku kulawarga sarta barayana, nyaéta para pinisepuh Wangsa Kuru kawasBisma,Widura,Dorna, sartaKrépa.

Waktu anak kahijina nyaétaDuryodana lahir,Widura jeungBisma nganaséhatan Dréstarata sangkan miceun anakna kasebut alatan tanda-tanda goréng anu nyimbutan waktu kalahiranana. Tapi alatan rasa asihna ka anak kahijina kasebut, manéhna henteu téga ngalakonanana sarta tetep ngasuh Duryodana salaku anakna.

Parebutan kakawasaan

[édit |édit sumber]

Duryodana boga ambisi ngajadikeun dirina salaku panerus tahtaKarajaan Kuru diAstinapura. Dréstarata ogé boga kahayang anu sarua, tapi manéhna kudu laku adil kaYudistira, anu leuwih kolot manan Duryodana. Waktu Dréstarata nyalonkeun Yudistira jadi raja, hal éta malahan ngabalukarkeun rasa kuciwa anu pohara pikeun Duryodana. Sanggeus ngaliwatan sawala sarta ku bongbolonganBisma,Karajaan Kuru dibagi dua. WewengkonAstinapura dibikeun ka Duryodana sedengkeunYudistira dibéré wewengkon anu tandus sarta padumukna jarang, anu dipikawanoh sabagé Kandawaprahasta. Ku bantuan ti dulur misan Yudistira, nyaétaKresna jeungBaladéwa, maranéhanana ngarobah wewengkon tandus kasebut jadi makmur jeung agréng, sarta dipikawanoh sabagéIndraprahasta.

Maén dadu

[édit |édit sumber]

Dréstarataa nyaéta salah sahiji ti sawatara pinisepuh Wangsa Kuru anu hadir nyaksian kaulinan dadu antaraDuryodana,Dursasana, sartaKarna anu diwakilan kuSangkuni, ngalawanPandawa anu diwakilan kuYudistira. Yudistira kaleungitan sagala kakayaanana dina kaulinan dadu kasebut, kaasup kailangan baraya sarta pamajikanana. WaktuDrupadi ditaranjangan kuDursasana di hareupeun para hadirin dina baleriung kaulinan dadu, Dréstarata henteu ngedalkeun sakecap ogé. Manéhna henteu ngahulag tindakanDursasana anu rék ngalaan pakéan Drupadi. Sanggeus usaha Dursasana pikeun naranjangan Drupadi henteu hasil,Bima sumpah yén jaga manéhna baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna. Saterusna Dréstarata ngarasakeun wirasat goréng yén turunanana baris binasa. Manéhna gancang nyieun hiji kawijakan, maréntahkeunDuryodana sangkan sagala harta Yudistira anu baris jadi milik Duryodana gancang dipulangkeun. Manéhna ogé ngajurung sangkan Yudistira jeung barayana geura balik kaIndraprahasta.

Tapi, alatan pangrojongDuryodana jeungSangkuni, kaulinan dadu diayakeun deui pikeun anu kadua kalina. Ayeuna tarohanana lain harta, tapi saha anu éléh kudu ngabuang diri ka leuweung salila 12 taun, sanggeus éta hirup dina mangsa nyamur salila sataun, sarta sanggeus éta kaci balik ka karajaanana.Yudistira ogé henteu nampik ku harepan baris meunang, tapi sabalikna Yudistira éléh maén. Ahirna, Yudistira reujeung pamajikan sarta dulur-dulurnaa ngasingkeun diri ka leuweung sarta ninggalkeun karajaan maranéhanana.

WaktuPandawa ninggalkeun karajaanana, Dréstarata masih baluas ku sumpahBima akibat panghina anu dipigawé ku anak-anakna. Alatan tindakan Dréstarata anu henteu ngomong sakecap ogé waktuDrupadi rék ditaranjangan di hareupeun umum, manéhna dicawad supaya leuwih mentingkan kawajiban salaku raja batan rasa asih salaku bapa ka anak.

Perang di Kurusétra

[édit |édit sumber]

Dréstarata mibanda saurang panungtun nu ngarannaSanjaya. Sanjaya téh nyaéta alona Dréstarata alatan manéhna mangrupa anaknaWidura, adi téré Dréstarata. Sanjaya dibéré kasinugrahan ku ResiAbiyasa sangkan manéhna bisa nempo mangsa nu geus kaliwat, mangsa ayeuna, sarta mangsa nu bakal disanghareupan. Sanjaya anu ngadongéngkeunkajadian diKurusétra salila perang rongkah ka Dréstarata.

Waktu Dréstarata dipinuhan ku kahariwang bakal ancurna Kurawa, manéhna sok nanya kaSanjaya ngeunaan kaayaan di médan Kuru atawaKurusétra. Warta anu dicaritakeun ku Sanjaya lolobana mangrupa warta sedih pikeun Dréstarata, lantaran anakna hiji-hiji nungtutan gugur ditelasan kuArjuna jeungBima. Sanajan warta ti Sanjaya mindeng ngaleutikkeun haté Dréstarata, tapi Dréstarata satia merhatikeun satiap kajadian anu lumangsung dina perang diKurusétra.

Ngancurkeun patung Bima

[édit |édit sumber]
Dretarastra kabeuleum ku seuneu di leuwueng di gunung Himalaya

Dina wekasan perang, Dréstarata nahan rasa kasedih sarta kaambek ku gugurna para Kurawa. Waktu manéhna papanggih jeung paraPandawa anu ménta restuna alatan maranéhanana jadi pawaris tahta, manéhna ngarangkul maranéhanana hiji-hiji. Sabot anjog giliranBima, pikiran jahat ngarasuk Dréstarata sarta rasa dendamna mecenghul ka Bima.Kresna nyaho yén sanajan Dréstarata lolong, manéhna mibanda kakuatan anu sarimbag jeung saratusgajah. Mangka kalayan gancang Kresna ngadorongBima sarta ngagantina ku hijipatung nu nyarupaan Bima. Dina waktu harita ogé Dréstarata ngancurkeun patung kasebut nepi ka jadi lebu. Ahirna Bima salamet sarta Dréstarata mimiti ngarobah rarasaanana sarta méré kasinugrahan ka paraPandawa.

Kahirupan saterusna jeung ajalna

[édit |édit sumber]

Sanggeus perang rongkah diKurusétra lekasan,Yudistira diangkat jadi RajaIndraprahasta sakaligusAstinapura. Sanajan kitu, Yudistira tetep némbongkeun rasa hormatna ka Dréstarata kalayan netepkeun yén tahta RajaAstinapura masih dicekel ku Dréstarata. Ahirna Dretarastra mutuskeun pikeun ninggalkeun kahirupan kadunyaan sarta ngumbara di leuweung minangka patapa babarengan jeungGandari,Widura,Sanjaya, sartaKunti. Di jero leuweung diHimalaya, maranéhanana palastra alatan leuweung kabeuleum ku seuneu.

Wiracarita Mahabarata kuKrishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti KuruPalaku séjén
Santanu |Bisma |Satyawati |Citrānggada |Wicitrawirya |Ambika |Ambalika |Widura |Dréstarata |Gandari |Sangkuni |Subadra |Pandu |Kunti |Madrim |Yudistira |Bima |Arjuna |Nakula |Sadéwa |Duryodana |Dursasana |Yuyutsu |Dursala |Drupadi |Arimbi |Gatotkaca |Ahilawati |Utara |Utari |Ulupi |CitrānggadāAmba |Barbarika |Babruwahana |Irawan |Abimanyu |Parikesit |Wirata |Kicaka |Krépa |Dorna |Aswatama |Ékalaya |Kertawarma |Jarasanda |Satyaki |Mayasura |Durwasa |Sanjaya |Janaméjaya |Abiyasa |Karna |Jayadrata |Kresna |Baladéwa |Drupada |Arimba |Dréstajumena |Burisrawa |Salya |Adirata |Srikandi |Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima |Kurawa |Astinapura |Indraprahasta |Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra |Bagawad Gita |Karajaan Kuru |Silsilah Pandawa jeung Kurawa


Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Dréstarata&oldid=492148"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp