Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Djoeanda Kartawidjaja

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Djoeanda Kartawidjaja
Perdana Menteri Indonésiaka-10
Masa jabatan
9 April1957 9 Juli1959
SaméméhnaAli Sastroamidjojo
SanggeusnaSukarno
Menteri Keuangan Indonésiaka-11
Masa jabatan
10 Juli1959 6 Maret1962
PrésidénSukarno
SaméméhnaSutikno Slamet
SanggeusnaR.M Notohamiprodjo
Menteri Pertahanan Indonésiaka-11
Masa jabatan
9 April1957 9 Juli1959
PrésidénSukarno
SaméméhnaAli Sastroamidjojo
SanggeusnaA. H. Nasution
Menteri Pagawéan Umum Indonésiaka-5
Masa jabatan
29 Januari1948 4 Agustus1949
PrésidénSukarno
Perdana MentriMohammad Hatta
SaméméhnaHerling Laoh
SanggeusnaHerling Laoh
Menteri Perhubungan Indonésiaka-3
Masa jabatan
2 Oktober1946 4 Agustus1949
PrésidénSukarno
Perdana MentriSutan Sjahrir
Amir Sjarifoeddin
Mohammad Hatta
SaméméhnaAbdulkarim
SanggeusnaHerling Laoh
Masa jabatan
6 Séptémber1950 30 Juli1953
PrésidénSukarno
Perdana MentriMohammad Natsir
Sukiman Wirjosandjojo
Wilopo
SaméméhnaMananti Sitompul
SanggeusnaAbikusno Tjokrosujoso
Katerangan lian
GumelarIr. H. R. Djoeanda Kartawidjaja
14 Januari1911
WalandaTasikmalaya,Jawa Kulon,Hindia Walanda
Pupus7 Novémber1963 (yuswa 52)
IndonesiaJakarta,Indonésia
KabangsaanIndonésia
Partéy pulitikPartéy Nasional Indonésia
ProfésiPulitikus
AgemanIslam

Ir.H.R. Djoéanda Kartawidjaja (éjahan anyar:Juanda Kartawijaya) ngaranna dipikawanoh minangkaIr. H. Djuanda (gumelar diTasikmalaya,Jawa Kulon,Hindia Walanda, 14 Januari 1911  tilar dunya diJakarta,Indonésia, 7 November 1963 dina umur 52 taun)[1] nyaéta Perdana MenteriIndonésia ka sapuluh.[1] Pangdeudeul panggedéna dina mangsa jabatanna nyaéta Déklarasi Djuanda tanggal13 Desember1957.[1] Dina Déklarasi éta disebutkeun yén laut Indonésia kaasup laut sabudeureunna, di antara, jeung di jero kapuloan Indonésia jadi hiji kasatuan wilayah NKRI atawa dipikawanoh ku sebutan nagara kapuloan dina konvénsi hukum lautUnited Nations Convention on Law of the Sea (UNCLOS).[1]

Atikan

[édit |édit sumber]

Djuanda anak cikal ti papasanganRadén Kartawidjaja jeungNyi Monat, bapana téh MantriGuru diHollandsch Inlansdsch School (HIS).[1] Atikan sakola dasar dibéréskeun di HIS, tuluy pindah ka sakola budak urangÉropa, nyaétaEuropesche Lagere School (ELS).[1] Djuanda diasupkeun ka sakola menengah husus urangÉropa, nyaétaHogere Burger School (HBS).[1] Dina taun harita ogé anjeunna asup ka Sakola Luhur Taknik (Technische Hooge School) kiwari jadiInstitut Téhnologi Bandung (ITB) nyokot jurusan téknik sipil jeung lulus taun1933.[1]

Abdi Nagara

[édit |édit sumber]

Sanggeus ngabéréskeun atikanna, anjeunna ngabdikeun diri ka masarakat minangka guru diSMA Muhammadiyah diJakarta.[1] Sanggeus opat taun ngajar diSMA MuhammadiyahJakarta, dina taun1937, Djuanda ngabdi di dinas pamaréntah di jawatan IrigasiJawa Kulon.[1] Lian ti kitu, anjeunna aktip minangka anggota Déwan Daérah Jakarta.[1] Sanggeus Proklamasi17 Agustus1945, nya dina tanggal28 Séptémber1945, Djuanda mingpin para pamuda ngawasaan jawatankaréta api tiJepang.[1] Disusul ngawasaan jawatan Panambangan, Kotapraja, Karasidénan, tur obyék-obyékmilitér di Gudang KalérBandung.[1] Satuluyna, pamaréntah Indonésia ngangkat Djuanda minangka Puhu Jawatan Karéta Api pikeun wilayah Jawa jeung Madura.[1] Sanggeus kitu, anjeunna diangkat ngajabar Menteri Perhubungan jeung kungsi ngajabat Menteri Pengairan, Kemakmuran, Keuangan jeung Pertahanan.[1]

Babaraha kali anjeunna mingpin rurundingan jeungWalanda, di antarana dina KMB anajeunna minangka Puhu Panitia Ékonomi jeung Keuangan Délégasi Indonésia.[1] Ir. Djuanda ku kalanganpérs dibéré jujuluk "menteri maraton" ku sabab ti mimiti kamerdékaan (1946) geus ngajabat minangka menteri ngora perhubungan, Perdana Menteri jeung Menteri Pertahanan (19571959), sarta menteri munggaran dina mangsaDémokrasi Kapimpin (19591963).[1]

Déklarasi Juanda

[édit |édit sumber]

Djuanda kacida ngarasa was-was ngilik pangakuan masarakat internasional harita nu ngan ngakukeun yén wates laut téritorial salega 3 mil laut kaitung ti garis basisir panghandapna.[2] Éta téh hartina pulo-pulo Nusantara dina wilayah Nagara Kasatuan Républik Indonésia anu diproklamirkeun17 Agustus1945, mangrupa pulo-pulo anu kapisah-pisah ku cai (lautan) internasional (bébas).[2]

Ku wawanénna anjeunna ngumumkeun ka sakuliah dunia (Déklarasi Djuanda13 Désémber1957) yén sagalaperairan di sabudeureun, di antara, jeung anu numbukeun pulo-pulo anu kaasup kana daratan Républik Indonésia, ku henteu ngilik lega jeung lébarna, nyaéta bagian anu wajar ti wilayah daratan Nagara Républik Indonésia jeung ku kituna mangrupa bagian tinaperairan jero atawaperairan nasional anu aya dina panangtayungan kadaulatan Nagara Républik Indonésia.[2] Djuanda ogé ngumumkeun yén wilayah laut Indonésia teu ngan saukur anu diatur dinaTerritoriale Zee Maritiem Kringen Ordonantie1939, tapi wilayah laut Indonésia nyaéta kaasup laut di sabudeuren, di antara, jeung di jero KapuloanIndonésia.[2] Déklarasi éta ogé nangtukeun wates laut 12 mil anu diukur ti garis-garis anu numbukeun titik pangluarna ti pulo-pulo Nagara Républik Indonésia bakal ditangtukeun ku undang-undang.[2]

Déklarasi éta ditampik kuAmérika Sarikat jeungAustralia. Tapi, Djuanda jeung para panerus dina pamaréntahan satuluyna, di antaranaProf. Dr. Mochtar Kusumaatmadja jeungProf. Dr. Hasyim Djalal, ku wawanénna merjuangkeun liwat diplomasi sangkan konsépsi nagara nusantara éta ditarima jeung ditetepkeun dina Konvénsi Hukum LautPBB,United Nation Convention on Law of the Sea (UNCLOS)1982.[2] Ku kituna, Indonésia jadi nagara kepuloan jeung maritim panggedéna di dunya. Mibanda wilayah laut selega 5,8 yuta km2 anu mangrupa tilu parapat ti sakabéh wilayahIndonésia.[2] Déklarasi Djuanda ieu tulut ditangtukeun minangka Poé Nusantara liwat Képprés nomor 126 taun 2001.[2]

Pungkasan Hirup

[édit |édit sumber]

Ngaran Djuanda diabadikeun minangka ngaran lapangan ngawang diSurabaya ku sabab jasana dina merjuangkeun pangwangunan lapangan ngawang éta sangkan bisa kalaksana.[1] Lian ti kitu, ngaran Djuanda diabadikeun pikeun ngaran leuweung raya diBandung, nyaéta Taman Hutan Raya Ir. H. Djuanda.[1] Di taman ieu nganjrek Muséum jeung Monumén Ir. H. Djuanda.[1] Djuanda tilar dunya diJakarta dina tanggal7 Nopémber1963 lantaran serangan jantung sarta dikurebkeun diTMP Kalibata,Jakarta.[1] Dumasar SKPrésiden RI No.244/1963 Ir. H. Djuanda Kartawidjaja diangkat minangka inohong nasional/pahlawan kamerdékaan nasional.[1]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. 12345678910111213141516171819202122Jasa Terpadu Telematika. 2015Ir. Djoeanda Kartawidjaja[tumbu nonaktif]. Diaksés 17 April 2015.
  2. 12345678Tokoh Indonesia. 2015Pendeklarasi Negara KepulauanArchived 2012-08-20 diWayback Machine. Diaksés 17 April 2015.
Politik
Abdul Halim Syatari ·Abdoel Halim ·Achmad Soebardjo ·Adam Malik ·Adenan Kapau Gani ·Alimin ·Andi Sultan Daeng Radja ·Arie Frederik Lasut ·Djoeanda Kartawidjaja ·Ernest Douwes Dekker ·Fatmawati ·Ferdinand Lumbantobing ·Frans Kaisiepo ·Gatot Mangkoepradja ·Hamengkubuwana IX ·Herman Johannes ·Idham Chalid ·Ida Anak Agung Gde Agung ·Ignatius Joseph Kasimo Hendrowahyono ·I Gusti Ketut Pudja ·Iwa Koesoemasoemantri ·Izaak Huru Doko ·J. Leimena ·Johannes Abraham Dimara ·Kusumah Atmaja ·L. N. Palar ·Mangkunegara I ·Maskoen Soemadiredja ·Mohammad Hatta ·Mohammad Husni Thamrin ·Moewardi ·Teuku Nyak Arif ·Nani Wartabone ·Oto Iskandar di Nata ·Radjiman Wedyodiningrat ·Rasuna Said ·Saharjo ·Samanhudi ·Soekarni ·Soekarno ·Sukarjo Wiryopranoto ·Soepomo ·Soeroso ·Soerjopranoto ·Sutan Syahrir ·Syafruddin Prawiranegara ·Tan Malaka ·Tjipto Mangoenkoesoemo ·Oemar Said Tjokroaminoto ·Zainul Arifin
Militer
Kemerdekaan
Revolusi
Pergerakan
Sastra
Seni
Pendidikan
Integrasi
Pers
Pembangunan
Agama
Perjuangan

Sjahrir
Syahrir
1945–1947

Sjarifoeddin
Syarifuddin
1947–1948

Hatta
Hatta
1948–1950

Natsir
Natsir
1950–1951

Soekiman
Sukiman
1951–1952

Wilopo
Wilopo
1952–1953

Ali
Ali
1953–1955
1956–1957

Burhanuddin
Burhanuddin
1955–1956

Djoeanda
Juanda
1957–1959

Lihat pula:Soesanto Tirtoprodjo (Pejabat Perdana Menteri)
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Djoeanda_Kartawidjaja&oldid=704545"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp