Dinabotani,daun téh salah sahijiorgan di bagéan luhur tutuwuhan nu miboga fungsi pikeunfotosintésis.[1] Pikeun tujuan ieu, daun téh bentukna datar/cépér tur ipis, sangkan sél-sél nu ngandungkloroplas (jaringanklorénkim) kasorot kucahya (panonpoé), sarta nyerep/nembus kana jaringanana.[rujukan?] Dina lolobana tutuwuhan, daun ogé mangrupa tempat lumangsungnaréspirasi,transpirasi, jeunggutasi.[rujukan?] Daun bisa neundeundahareun jeungcai, sarta, pikeun sababaraha tutuwuhan lian ogé mibanda pancén lianna deui.[rujukan?]
Dauntangkal kembangan nu lengkep diwangun kupetiola (watang daun),lamina (lambaran daun), jeungstipula. Tempat napelna petiola kana watang disebutaxil daun. Teu sakabéh tutuwuhan daunna lengkep kawas kitu. Dina sababarahaspésiés, stipulana teu écés atawa sama sakali euweuh, euweuh petiolaan, atawa lambar daunna teu laminar (datar).[rujukan?]
Daun téh mangrupa salah sahiji organ tutuwuhan nu ilaharna diwangun ku sababaraha jaringan:
Épidermis mangrupa kelompoksél luar multilapis nu ngabungkus daun, nu jadi wates antara tutuwuhan jeung dunya luar. Épidermis mibanda sababaraha pancén: ngajaga sangkan cai teu leungit, ngatur panukeuran gas, sékrési sanyawamétabolik, jeung—dina sababaraha spésiés—pikeun nyerep cai. Lolobana mah daun téh mibanda anatomi dorsoventral: beungeut luhur (adaxial) jeung handap (abaxial) nu wanda jeung pancénna bisa béda.
Épidermis ilaharnatransparan (sél épidermal teu ngandung kloroplas) sarta dilapis kukutikula nu ngandung lilin pikeun ngahambat nyaabna cai. Kutikula ieu biasana mah leuwih ipis di épidermis bagian handap, sarta leuwih kandel dina daun nu hirup di wewengkon nu iklim garing.
Karakter luar daun (kayaning bentuk, margin, bulu, jsb.) téh penting pikeun nangtukeun spésiés tutuwuhan. Struktur ieu téh mangrupa hasil ngaluyukeun (adaptasi) ka kaayaan lingkunganana.
Daun bisa digolongkeun ku rupa-rupa cara, sedengkeun tipeuna biasana mah luyu jeung ciri spésiésna, najan aya sababaraha spésiés nu ngahasilkeun leuwih ti hiji tipeu daun. Istilah-istilah nu patali jeung gambaran morfologi daun dipidangkeun diWikipustaka.