Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

DNA

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Réplikasi DNA

Asam déoksiribonukléat (deoxyribonucleic acid,DNA) mangrupaasam nukléat nu mawaparéntahgenetik pikeunpertumbuhan biologis sadaya bentukkahirupan jeung rupa-rupavirus. DNA kadang disebut salakumolekulwarisan sababdiwariskeun sarta digunakeun pikeun ngabaranahkeunsifat. Nalikaréproduksi, DNAdisalin sarta diteruskeun ka turunan.

Dinabaktéri jeung organismesélbasajan séjénna, DNA nyebar kurang leuwih ampir di sapanjang jero sél. Na sélkompléks nu nyusun tatangkalan,sato, sartaorganisme multisél séjén, lolobana DNA kapanggih nakromosom nu aya nainti sél.Organél nu ngahasilkeun énergi nu katelah salakukloroplas jeungmitokondria ogé mawa DNA, nya kitu ogé rupa-rupavirus.

Ihtisar struktur molekular

[édit |édit sumber]

Najan kadang disebut "molekul warisan", lambaran DNA teu mangrupa molekul tunggal. DNA mangrupa pasangan molekul, nu murilit kawas tambang nu ngawujud jadi hijihéliks ganda (bagéan luhur na gambar katuhu).

Unggal lambar molekul mangrupa salambar DNA: hiji ranténukléotida nu numbu kimiawi nu masing-masing ngandung hijigula, hijifosfat, jeung salah sahiji ti opat "basa"aromatik. ku sabab lambaran DNA diwangun ku subunit-subunit nukléotida ieu, mangga kaasuppolimér.

Kabinékaan basa ieu ngandung harti yén aya opat rupa nukléotida, nu biasa ditujul dumasar basana, nyaétaadénin (A),timin (T),sitosin (C), jeungguanin (G).

Dina héliks ganda, dua lambar polinukléotida ngahiji dinapapasangan kompleméntér basa-basana ku ayanabeungkeut hidrogén. Unggal basa nyieun beungkeut hidrogén ukur jeung pasangan nu tinangtu—A ka T jeung C ka G -- antukna idéntitas basa na hiji lambar nangtukeun basa naon nu aya na lambar lawanna. Sakujurwangun nukléotida dina unggal lambar téh kompleméntér jeung pasanganana. Mun dipisahkeun, unggal lambar éta bisa dijadikeun citakan pikeunnyieun pasanganana.

ku sabab papasangan basa nukléotidana aya dina sumbu héliks, mangka gugus gula jeung fosfatna ngaruntuy di bagian luar. Ranté anu dibentuk ku pasangan ieu gula-fosfat sok disebut "tulang tonggong" (backbones) héliks.

Pentingna runtuyan

[édit |édit sumber]

Dina hiji gén, runtuyan nukléotida sapanjang lambar DNA nangtukeun hijiprotéin, nu perlu dijieun ku hijiorganisme atawa "diéksprésikeun" sakali atawa sababaraha kali nalika hirupna ngagunakeun béja runtuyanana. Hubungan antara runtuyan nukléotida jeung runtuyanasam amino protéinna ditangtukeun ku aturantarjamah sélular basajan, nu sacara koléktif katelah salakusandi genetik. Maca sapanjang runtuyan "panyandi protéin" hiji gén, unggal tilu runtuy nukléotida (disebutkodon) nangtukeun atawa "nyandi" hiji asam amino.

Di lobaspésiés, jigana ukur sabagéan leutik tina sakabéh runtuyangénom nu nyandi protéin. Fungsi nu sésana nepi ka kiwari can dipikanyaho. Geus dipikanyaho yén aya runtuyan nukléotida nu nangtukeunaffinity pikeunprotéin pamengkeut DNA (DNA binding protein) nu boga rupa-rupa peran penting, hususna dina ngatur réplikasi jeung transkripsi. Runtuyan ieu mindengna disebutruntuyan pangatur (regulatory sequence), bari panalungtik nganggap yén sajauh ieu mah aranjeunna bisa manggihan ngan saeutik ti antarana. "DNA runtah" (junk DNA) nunjukkeun runtuyan nu can kapanggih mibanda gén atawa fungsi.

Runtuyan ogé nangtukeun karentanan hiji bagéan DNA tina beulah alatanénzimréstriksi, alat penting pisan dinarékayasa genetik. Lebah mana meulahna dina sapanjang génom individu nangtukeun "sidik DNAna".

Réplikasi DNA

[édit |édit sumber]

Artikel utama:Réplikasi DNA

Réplikasi DNA atawa sintésis DNA mangrupa prosés nyalin DNA lambar-ganda nuturkeun ayanapembelahan sél. Lambaran ganda nu dihasilkeun sacara umum ampir sarua samasakali, ngan kasalahan dina réplikasi bisa ngakibatkeun salinan nu teu sampurna (tempomutasi). Unggal lambar ganda nu dihasilkeun ngandung salambar nu asli sarta salambar nu anyar disintésis. Ieu disebutnaréplikasi semikonservatif. Prosés réplikasi ngawengku tilu hambalan:inisiasi,réplikasi, jeungterminasi.

Sifat mékanis nu patali jeung biologi

[édit |édit sumber]

Beungkeut hidrogén antara lambaran héliks ganda cukup lemah antukna bisa leupas kalawan gampang ku ayanaénzim. Énzim nu katelahhélikase ngudar lambaran pikeun ngajalanan majuna énzim nu maca runtuyan kayaningpolimérase DNA.

Maca runtuyan DNA

[édit |édit sumber]

Bentuk jeung beungkeut nu asimétri dina nukléotida ngandung harti yén salambar DNA salawasna mibandaa discernable orientation atawadirectionality. Ku sabab kitu, najan salambar nukléotida nujul ka hiji "arah", nu séjénna (pasanganana) pasti nujul ka sabalikna. Susunan lambar kieu disebutnaantiparalél.

Pikeun alesan tata ngaran kimia, urang kudu ngarujuk ka tungtung asimétri dina unggal lambaran DNA-na salaku tungtung5' jeung3' (dibaca "prima lima" jeung "prima tilu"). Olah DNA (misalna nu ngalibetkeunénzim) ilaharna maca runtuyan nukléotida ti "5' ka 3'". Dina ilustrasi héliks ganda nu nangtung/vértikal, lambaran 3' biasana naék, sedengkeun lambaran 5' sabalikna.

DNAsingle-stranded (ssDNA) jeung ngoméan mutasi

[édit |édit sumber]

Dina saababarahavirus, DNA téh aya dina bentuk lambar tunggal sarta nonhéliks. ku sabab mékanismengoméan DNA mah biasana lumangsung dina basa-basa nu papasangan, virus nu ngan bogagénom ssDNAmutasina leuwih mindeng batan mun boga utas ganda. Balukarna, aya spésiés-spésiés nu bisa adaptasi leuwih gancang antukna teu lastari.

Rujukan

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=DNA&oldid=650243"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp