Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Calana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti.
Mangga bantosngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi.
Calana panjang

Calana (basa Hormat:Lancingan,basa Budak:Acin/Acing) nyaéta salah sahiji jenispapakéan luar anu nutupan awak ti mimiticangkéng nepi ka mumuncangan, kadang-kadang ngan nepi kana tuur, anu mungkus batang suku sacara kapisah, utamana sok dipaké ku lalaki.[1]

Aya dua katégori ilahar ngeunaan Calana:

Calana pondok (kalawan ukuran ti cangkéng nepi ka tuur atawa kurang ti éta)
Calana panjang (kalawan ukuran ti cangkéng nepi ka keuneung)

Modél

[édit |édit sumber]

Nyampak sababaraha jinis calana:[1]

  • Calana buntung: calana lalaki anu panjangna ngan nepi ka atawa ngaliwatan tuur saeutik;
  • Calana cutbrai: calana panjang anu rubak di beulah handapna;
  • Calana jero/Salémpak: papakéan jero anu mangrupa calana minangka panutup bobogaan (ilahar dijieun tina bahan anu ipis tur babari nyerep késang); cawat;
  • Calana jéngki: calana anu heureut dina bagéan suku;
  • Calana bangkong: calana monyét;
  • Calana kolor: calana (jero) anu mangkolor dina cangkéng;
  • Calana kombor: calana anu badag pisan;
  • Calana monyet: calana anu pasambung jeung baju; Calana bangkong;
  • Calana pangsi: Calana anu rubak di handapna, panjangna leuwih ti tuur (dipaké pikeun silat atawa upacara adat);
  • Calana panjang: Calana anu panjang (sampai mata kaki);
  • Calana pondok: Calana anu pondok (ngan nepi ka luhur tuur);
  • Calana sepan: Calana pageuh anu ukuranna pas napel dina awak pamaké;
  • Pantalon: Calana anu panjangna nepi ka mumuncangan;[2]

Référénsi

[édit |édit sumber]
  1. ab"Hasil Pamaluruhan - KBBI Daring".kbbi.kemdikbud.go.id.
  2. "Hasil Pamaluruhan - KBBI Daring".kbbi.kemdikbud.go.id.

Tutumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenaiTrousers.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Calana&oldid=650171"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp