‹C› sarta ‹G› asalna ti hurup anu sarua.Bangsa Semit menamakannya gimel (Arab: jim). Lambangna diadaptasi tihiéroglif Mesir anu ngawangunumban iteuk, anu meureun mangrupa harti ti ngarangimel éta sorangan. Kamungkinan séjénna nyaéta lambang éta ngagambarkeununta, anu dinarungkun basa Semit disebutgamal.
DinaBasa Étruska,konsonan letup (éksplosif) henteu miboga penyuaraan kontrastif, jadihurup YunaniΓ (Gamma) diadaptasi ka dina alfabét Étruska pikeun ngawakilan foném /k/. Ogé dinaAlfabét Yunani Kulon, mulanya Gamma nyokot wangun dina alfabet Étruska Mimiti, saterusna dina Étruska Klasik. Saterusna dina basa Latin hurup éta nyokot wangun C dina alfabét Latin klasik. Hurup Latin Mimiti ngagunakeun C pikeun konsonan /k/ sarta /ɡ/, tapi salila abad katilu SM, hiji hurup anu dirobah, geus diwanohkeun minangka lambang sada /ɡ/, sarta C sorangan ditetepkeun pikeun melambangkan sada /k/. Pamakéan hurup C (sarta variasinya nyaétaG) ngagantikeun lolobana pamakéanK sartaQ. Ku alatan éta, dina mangsa kuna sarta satutasna, G geus dipikawanoh sarimbag sacarafonétik jeungGamma, sarta C sarua jeungKappa, dina alih aksara kecap-kecap Yunani ka dina éjahan Latin, kawas dina kecapKA∆MOΣ,KYPOΣ,ΦΩkiΣ, dina surat-surat Romawi ditulis CADMVS, CYRVS, PHOCIS.
Aksara séjén miboga hurup-hurup jiga jeung wangun C tapi henteu sarua dina pamakéan sarta asal mulanya, hususna hurupSirilikEs, anu asalna ti hiji wangun hurup Yunanisigma, dipikawanoh minangka "lunar sigma" alatan bentukna nyarupaanbulan sabit.
Koin Romawi ti abad ke-1 SM, ngagambarkeun sosokAinias, jeung tulisanCAESAR. Dina basa Romawi Kuna, tulisan éta dilafalkan /kaisar/, jeung hurup C minangka lambang konsonan /k/.
Sabot alfabét Romawi diwanohkeun diBritania Raya, C ngan melambangkan sada /k/ sarta peunteun hurup ieu dibéla dina kecap serapan sakumnabasa Keltik kapuloan: dinabasa Welsh,Irlandia, sartaGaélik, C melambangkan sada /k/. Penulisanbasa Inggris Kuna atawa "Anglo-saxon" anu dipelajari tibangsa Kélt, saéstuna tiIrlandia; mangka ti éta C dina basa Inggris Kuna ogé dina mulanya melambangkan /k/; kecap dina basa Inggris modérn kawaskin,break,broken,thick, sartaseek, kabéhanana asalna ti basa Inggris Kuna anu ditulis jeung C:cyn,brecan,brocen,Þicc, sartaséoc. Tapi salila période basa Inggris Kuna, /k/ saméméh vokal hareup (/e/ sarta /i/) ngalamanpalatalisasi, robah jadi sada [tʃ] dina abad kasapuluh, sanajan C masih dipaké, kawas dina kecapcir(i)ce,wrecc(e)a. Samentara éta di daratan benua Éropa, parobahan fonétik sarupa ogé lumangsung (contona dinabasa Italia).
Dinabasa Latin Rahayat, /k/ dipalatalisasi jadi [tʃ] diItalia sartaDalmatia; diPerancis sartasemenanjung Ibéria, sadana jadi [ts]. Sanajan kitu C masih dipaké saméméh vokal hareup (E, I) jeung peunteun sada anu béda. Saterusna,foném /kʷ/ dina basa Latin (ditulis minangka qv) henteu terbibirkan ku kituna jadi sada /k/, hartosnabasa-basa Roman ngandung sada /k/ saméméh vokal hareup. Di gigireun / sabeulah éta,basa Normandia ngagunakeun hurup Yunani K ku kituna sada /k/ bisa dilambangkan ku K atawa C, anu saterusna bisa melambangkan sada /k/ atawa /ts/ gumantung naha mendahului vokal hareup atawa henteu. Kaidah ngagunakeun C sarta K dilarapkeun dina penulisanbasa Inggris sanggeuspenaklukan Normandia, ngabalukarkeun pengejaan balik kecap-kecap Inggris Kuna. Samentara éjahan kecapcandel,clif,corn,crop,cú, dina basa Inggris Kuna masih lestari,Cent,cæ´ (cé´),cyng,brece,séoce, ayeuna (tanpa parobahan sada) diejaKent,keȝ,kyng,breke, sartaseoke; komo saterusnacniht (knight) dirobah jadikniht sartaþic (thick) dirobahthik atawathikk. Éjahancw dina Inggris Kuna teragntikan kuqu tibasa Perancis ku kituna kecapcwén sartacwic jadiqueen sartaquick.
Sada [tʃ] anu mangrupa palatalisasi sada /k/ Inggris Kuna geus ngembang, ogé mecenghul dina basa Perancis, utamana kawas aturan /k/ saméméh ‹a› dina basa Latin. Dina basa Perancis sada éta ditulisCh, kawas dina kecapchamp (ti basa Latincamp-um) sarta pengejaan ieu diwanohkeun ka dina basa Inggris. Dina Injil Hatton, ditulis kira-kira taun1160, ditulis dina Matius i-iii,child,chyld,riche,mychel, pikeun kecapcild,rice,mycel, ti vérsi Inggris Kuna anu dicutat. Dina hal ieu, C dina basa Inggris Kuna tergantikan ku K, Qu, Ch, tapi sajaba ti éta, C jeung peunteun sada kakara nyaéta /ts/ lolobana datang ti kecap-kecap Perancis kawasprocessiun,emperice,grace, sarta disubtitusikan pikeun éjahan Ts dina sawatara kecap-kecap Inggris Kuna, kawasmiltse,bletsien, sartamilce,blecien dina basa Inggris Pertengahan.
Citakan carita drama tragédiRoméo sarta Juliét dina taun 1597 (abad ke-16), jeung éjahan anu nyarupaan éjahan basa Inggris mangsa kiwari. Hurup C dipaké di tengah sarta mimiti kecap jeung peunteun sada béda. Henteu kapanggih pamakéan hurupJ alatan digantikeun ku hurupI, kitu ogé hurupV alatan digantikeun ku hurupU, variasi hurup V.
Dina ahir abad ke-13 diPerancis sartaInggris, sada (konsonan gésék) /ts/ henteutergésékkan ku kituna jadi sada /s/ (desis); sarta saprak éta C melambangkan sada /s/ saméméh vokal hareup, boh sacaraétimologis, kawas dinalance,cent, boh (teu saluyu kalayan étimologi) pikeun nyingkahanambigu alatan pamakéan "étimologis" S pikeun sada /z/, kawas dina kecapace,mice,once,pence,defence. Mangka pikeun némbongkeunétimologi, éjahan basa Inggris leuwih milih penulisanadvise,devise, batanadvize,devize, samentaraadvice,device,dice,ice,mice,twice, sarta séjén-séjén henteu mencerminkan étimologi; conto saterusna nyaétahence,pence,defence, sarta sajabana, anu henteu ngandung kaperluan étimologis ka hurup C. Generasi saméméhna ogé nulissence pikeun kecapsense. Mangka ti éta, di mangsa kiwarirungkun basa Roman sartabasa Inggris mibanda ciri umum anu diwarisi tibasa Latin Rahayat, nyaéta C anu mibanda peunteun sada "teuas" ([k]) sarta "lembut" (biasana konsonanafrikat atawafrikatif) gumantungvokal anu nuturkeunana.
Dinaortogafibasa Inggris,Perancis,Spanyol sartaPortugis, C nandakeun peunteun "lembut" saméméh E atawa I, sarta sajaba ti éta melambangkan peunteun "teuas" ti sada /k/. Kawas sawatara hal séjénna anu teu saluyu jeung éjahan basa Inggris, aya ogé sawatara pengecualian: "soccer" sarta "Celt" nyaéta kecap-kecap anu ngandung sada /k/.
Pelafalan peunteun "lembut" berbéda-béda nurutkeun basa. Dina ortografi basa Inggris, Perancis, Portugis, sarta Spanyol di Amérika Latin sarta Spanyol Kidul, peunteun sada C lembut nyaéta /s/. Dina basa Spanyol anu diomongkeun di Spanyol Kalér sarta Tengah, peunteun sada C lembut nyaéta konsonan desis huntu teu bersuara (/θ/). Dinabasa Italia sartaRomania, peunteun C lembut nyaéta [tʃ], konsonan gesek pascarongga-gigi teu bersuara, kawas pelafalan C dina basa Indonésia.
Dina basa séjén C dipaké dina peunteun anu béda, kawas: Dalam bahasa lain C digunakan dalam nilai yang berbéda, seperti:
Hurup kasebut ogé dipaké pikeun mengalihaksarakan hurup Sirilik Ц dina wangun Latinalfabét basa Sérbia,Makédonia, sarta kadangkalaUkraina (reujeung dwihuruf Ts).
Aya sawataradwihuruf umum anu menyertakan C, utamana Ch, anu dina sawatara basa, kawasbasa Jerman, laér leuwih sawajarna batan C anu sorangan. Dina basa Inggris, Ch utamana melambangkan /tʃ/, tapi bisa ogé dilafalkan /k/ atawa /ʃ/; sawatara dialek Inggris ogé ngandung sada /x/ dina kosakata, kawasloch anu konsonan pamungkasna diomongkeun sawatara penutur basa Inggris minangka /k/. Ch ogé mibanda peunteun béda dina basa séjénna, antara séjén:
Ck, jeung peunteun sada /k/, remen ogé ditulis sanggeus vokal pondok dinarungkun basa Jermanik kawas Inggris, Jerman sartaSwedia (tapi sawatara basa Jermanik séjénna condong milih Kk, contona basa Walanda sartaNorwégia). Dwihuruf Cz kapanggih dina basa Polandia sarta Cs dina basa Hongaria, duanana melambangkan sada tʃ/. Dina basa Inggris Kuna, Italia, sarta sawatara basa anu sabaraya jeung Italia, Sc melambangkan /ʃ/ (kumaha ogé, dina basa Italia sarta anu sabaraya, hal ieu ngan lumangsung saméméh vokal hareup, lamun sajaba ti éta mangka dwihuruf kasebut melambangkan /sk/).
Minangka lambang fonétik, hurup C leutik nyaéta hurup dinaAlfabét Fonétik Internasional anu ngawakilan sada konsonan letup wiati-wiati teu bersuara, sedengkeun hurup C badag dina X-SAMPA nyaéta simbol sada konsonan desis wiati-wiati teu bersuara.
↑"C"Oxford English Dictionary, 2nd edition (1989);Merriam-Webster's Third New International Dictionary of the English Language, Unabridged (1993); "cee",op. cit.