Buddha (Sangsekerta: बुद्ध hartinaanu saradar atawaanu nepi kana pangcerahan pituin, tina kecap Sangsekerta: "Budh" anu maknanapikeun mikanyaho) nyaéta gelar pikeun pribadi anu sadrah kana poténsi maranéhna sagemblengna pikeun ngamajukeun diri jeung ngamekarkeun kasadaranna. Dina pamakéan saheulaanan mah sok dipaké pikeun ngarujukSiddharta Gautama, guru ageman sarta pangadegAgama Buddha (dianggap "Buddha nu kiwari"). Dina pamakéan séjén mah mangrupa tarikan sarta conto pikeunmanusa anugeus éling.
Pangagem Buddha henteu nganggapSiddharta Gautama minangka sang hyang Buddha munggaran atawa pamungkas. Sacara téknis, Buddha téh saha baé anu manggihan Dharma atawaDhamma (anu maksudna: Kahadéan; perkara anu sabenerna, akal budi, karuwed jalma, jeung jalan bener kana kabébasan liwatKasadaran, datang sabéréskarma anu hadé (tujuan) dilanggengkeun saimbang jeung sakabéh tarékah goréng téh kudu dipiceun. Pamarengannirwana (nibbana) di antara katilu jenis Buddha nyaéta sarupa, tapi Samma-Sambuddha leuwih nekenkeun kana kualitas jeung usaha tinimbang jeung dua lianna. Tilu jenis golongan Buddha téh nyaéta:
Samma-Sambuddha anu meunang kasadaran sagemblengna tanpa guru, ngan ku usahana sorangan
Pacceka-Buddha atawaPratyeka-Buddha anu nyrurup Samma-Sambuddha, tapi rajeun cindeten sarta neundeun pamarengan Dharmana dina dirina sorangan
Savaka-Buddha anu mangrupaArahat (panutur kasadaran), tapi marengan undak kasadaran jeung ngadédéngékeun Dhamma.