Budaya asalna tinabasa Sansekerta nyaétabuddhayah, nu mangrupa wangunjamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dinabasa Inggris, kabudayaan disebutculture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun.[1]Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawatatanén.Kecapculture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basaIndonesia.Salah ngutip: Parameter dalam tag<ref>
tidak sah; Ku kituna, kabudayaan mangrupa rupaningaturan,pituduh,rarancang, jeungstratégi nu ngawengku modél-modélkognitif nu dipiboga ku manusa jeung digunakeun sacaraselektif dina nyanghareupan lingkunganna.[2] Hiji kabudayaan mangrupa pangaboga babarengan dinamasarakat atawa golongansosial nu sumebar ka anggota-anggotanna.[2] Kabudayaan diwariskeun ka generasi saterusna ngaliwatan prosés diajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ucap boh henteu (kaasup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[2] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung prosésdihajar jeung lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[2]
- Sistem Pangaweruh, manusa dihasilkeun tina paripolah sosial jeung laku lampah dina mahamalam sabudeureunana, alamflora, alamfauna, bahan-bahan atah,awakmanusa,sipat jeung tingkah laku manusa,ruang, jeungwaktu.[3]
- Ajén, nyaéta hiji hal anu hadé tur salawasna dipikahayang, angen-angen jeung dianggap penting ku sakabéh manusa. Ku kituna, hiji hal dianggap mibogaajén lamun aya mangpaat jeung harti (bebeneran), éndah (éstétika), hadé (moral jeungétis), jeung religius (agama).[3]
- Sawangan Hirup, padoman atawa tatapakan manusa dina ngajawab jeung ngungkulan rupa-rupapasualan anu disanghareupan. Di jerona ngawengku konsép ajén kahirupan anu jadi angen-angen masarakat. Sawangan hirup téh bisa jadi ajén-inajén anu diagem jeung dipilih kuindividu, masarakat,bangsa, jeungnagara.[3]
- Kapercayaan, ngandung harti anu leuwih lega tibatan agama jeung kapercayaan kaPangéran. Hakékatna manusa miboga naluri keur nyembah nu Maha Kawasa salaku diménsi séjén di luar lingkunganana anu dianggap bisa ngadalikeun hirup manusa. Ieu hal téh balukar tina teu mampuhna manusa dina nyanghareupan pasualan-pasualan kahirupan.[3]
- Persépsi, nyaéta hiji dasar pamikiran dina runtuyankecap pikeun maham kajadian dina kahirupan. Persépsi ngawengku, (1) persépsi sénsorik teu ngagunakeun alat indra manusa, (2) persépsi télépati salaku kamampuh pangaweruh individu, (3) persépsiclairvoyance minangka kamampuh nempo kajadian ditempat séjén.[3]
- Étos Digawé, kabudayaan téh watek atawa ciri has kabudayaan. Étos téh bakal katémbong dina paripolah masarakat sarta rupa-rupa barang hasil karya masarakat anu dipamérkeun ka masarakat lianna.[3]
- ↑abR.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
- ↑abcdSalah ngutip: Tag
<ref>
tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama:0
- ↑abcdefSetiadi, spk. (2010).Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Kencana.