Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Bromin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Brom

Brom (disebut ogéBromin) nyaéta hijiunsur kimia dinatabél périodik anu miboga lambangBr jeungnomor atom 35.[1] Dina suhu ruangan brom wujudna cairan beureum kacoklatan.[2] Dina bentukgas, brom warnana sarua (beureum kacoklatan) ari bauna ofensif sarta nyesekkeun mirip bauklorin.[2] Brom mangrupa hiji-hijina unsur non-logam anu bentukna cair dina suhu ruangan sarta gampang nguap dina suhu sarta tekanan standar.[2] Brom kurang aktif dibandingkeun jeung klorin sarta fluorin mah tapi leuwih aktif tinimbangyodium.[2] Brom larut dina palarut organik jeungcai.[rujukan?] Brom mangrupa élemen alami ani bisa kapanggih dina loba bahananorganik.[2] Tapi, manusa ngasupkeun bromorganik ka lingkungan liwat mangrupa-rupa aktivitas.[2] Brom balukar tina aktivitas manusa anu teu kajadian sacara alami poténsial pisan nyumebabkeun karuksakan daria kanakasehatanmanusa sartalingkungan.[2] Dina batuan kerakmarcapada, brom alami wujudna minangkauyah bromida.[2]Uyah brom kaakumulasi dina cilaut (85 ppm), nu mana brom biasana diékstrak.[2] Produksi dunya brom diperkirakeun ngaleuwihan 300.000 ton per taun, ku tilu nagara produsen utama nyaétaAmérika Sarikat,Israél, jeungInggris.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.


Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Bromin&oldid=665091"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp