Bolokotondo,kungkang atawaPentatomidae, nyaéta kulawargagegeremet dina ordoHemiptera.[1] Awakscutellum ilaharna satengahinci, kelir héjo atawa coklat, bentuktrapésoid, ku kituna dinabasa Inggris katelah kutu taméng (shield bug).[2] Ieusato ogé katelahwalang sangit (Jw., 'simeut nyereng') atawastink bug' (Ing.), ku sabab lamun kaganggu sok ngaluarkeun zat, kaasup golonganaldehida, anu bau tina sela dadana. Sababaraha spésiés ngaluarkeun ogé golongansianida.
Bolokotondo loba anu jadi hama pepelakan, ku sabab ilaharna ngabentuk populasi gedé anu ngahakanan/nyeuseup cairan tina pepelakan, sarta weduk tinapéstisida. Anu kaganggu biasanakapas,jagong,sorgum,kadelé, pepelakan hias, jeungparé.[3] Najan kitu, aya ogé spésiés anu nguntungkeun, ku sabab sokngahakanan sato hama lianna.