Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Blog

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Blog wancahan tina web blog nyaéta wangun aplikasi ramatloka anu mangrupa tulisan-tulisan (anu dimuat) dina ramatloka umum.[1] Tulisan-tulisanana sering disusun kalawan ngaruntuy, eusi nu panganyarna, kakara eusi nu heubeul, sok sanajan teu salawasna jiga kitu.[1] Média blog munggaran dipopulérkeun ku Blogger.com. anu dipibanda ku Pyralab, saméméh diakuisi ku Google.com dina taun2002 katompérnakeun.[2] Ti harita loba aplikasi-aplikasi anu sipatna sumber nembrak nu ngahaja disayagikeun pikeun kamekaran nu narulis blog.[2]

Situs-situs web anu jadi tali-tumali ku lantaran ayana weblog, ngawujud jadi kumpulan weblog anu disebut blogosphere.[2] Nalika sakumpulan aktivitas lumangsung tur dina jumlah nu loba jeung waktu nu sarua dina blogsphere, anu kitu disebutna blogstorm.[2]Sajalan jeung laju kamekarantéknologiinternét, ka dieunakeun mingkin loba ramatloka anu nyadiakeun fasilitas blog gratis.[2] Tina sajumlahing ramatloka gratis, anu pangkawentarna nyaéta Blogger.com jeung Wordpress.com.[2]

Fungsi Blog

[édit |édit sumber]

Fungsi blog rupa-rupa, ti mimiti catetan poéan, média publikasi, kampanyeupulitik tepi ka program-program média, jeung pausahaan-pausahaan.[2] Sanajan kitu aya ogé nu sipatna henteu interaktif.[1]

Tipeu-tipeu Blog

[édit |édit sumber]

Rupa-rupa tipeu blog: blog pribadi, blog pulitik, blog nu aya topikan, blogkaséhatan, blogsastra, blog lalampahan, blog panalungtikan, bloghukum, blog média, blogagama, blogatikan, blog pituduh, blogbisnis,blog spam.[2]

Référénsi

[édit |édit sumber]
  1. 123Wardani, Rahayu. 2010.Apa Ini Apa Itu? Dunia Internet. Surabaya: SIC
  2. 12345678adeab.staff.ipb.ac.id/files/2011/ diaksés 21 Nopémber 2011
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.


Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Blog&oldid=626196"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp