Blaise Pascal (1623-1662 M) lahir di Clermont Ferrand tanggal19 Juni1632.[1] Bapana Etienne Pascal, panaséhat karajaan anu tuluy diangkat minangka présidén organisasi the Court of Aids di kota Clermont.[1] Indungna tilar nalika anjeunna umur 3 taun, ninggalkeun anjeunna jeung dua dulur awéwéna, Gilberte jeung Jacqueline. Dina taun1631 kulawargana pindah kaParis.[1]
Ti mimiti umur 12 taun, anjeunna biasa diajakan ku bapana ngahadiran pakumpulan diskusimatématika.[1] Bapana ngajar anjeunnaélmu basa, hususnabasa Latén jeungYunani, tapi henteu ari matématika mah.[1] Bapana ngahaja teu ngajarkeun matématika ka Pascal sangkan ngamunculkeun rasa panasaranana.[1] Pascal tuluy biasa ngalakukeun ékspérimen kalawan wangun-wangun géométri, sarta manggih rumus géométri standar jeung méré ngaran kana éta rumus maké ngaranna sorangan.[1]
Taun1640 Pascal sakulawarga pindah ka kota Rouen.[1] Harita, anjeunna masih diajarkeun langsung ku bapana tapi Pascal diajar pohara getolna komo nepika nguras tanaga jeung kaséhatanana ku anjeun.[1] Hasil usahana teu percuma, ahirna anjeunna hasil nimukeun téorémagéométri anu luar biasa.[1]
Téori probabilitas mungkin bias disebut minangka sumbangsih panggedéna Pascal, sanajan teu bisa leupas tina peranFermat.[2] Sanajan awalna mah pikeun ngabantuan bapana ngitung narimapajak, mesin itung jieunan Pascal pohara kawentarna sabab bakal jadi cikal-bakal kamekaran mesin itung anu dijieun kuLeibinz.[2] Segi tilu Pascal- leupas tina tujuan utamana pikeun ngitung probabilitas dina judi- ngagampangkeun urang ngitung hasil sasaruaan kuadrat, pangkat tilu, pangkat opat jeung saterusna.[2]