Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Biokimia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Biokimia mangrupakimiakahirupan. Biokimiawan ngulikunsur-unsur,sanyawaan, jeungréaksi kimia nu dikontrol kuénzim-énzim na jero awak sakabéhorganisme.

Biokimia museur kana struktur jeung pungsikomponén sélular kayaningprotéin,lipid,karbohidrat,asam nukléat, jeungbiomolekul séjénna. Kaayeunakeun biokimia leuwih museur kana kimia réaksi nu dimédiasiénzim jeung sipat-sipat protéin.

Biokimiamétabolisme sél geus digambarkeun sacara éksténsif. Widang biokimia séjénna di antaranasandi genetik (DNA,RNA),sintésis protéin, transpormémbran sél,transduksi sinyal, jeungsiklus dékomposisi énergi.

Kamekaran biokimia

[édit |édit sumber]

Biokimia mitambeyan tumuwuh sigana dimimitian ku ayana papanggihanénzim munggaran,diastase, taun1833 kuAnselme Payen. taun1828,Friedrich Wöhler medalkeun tulisan ngeunaan sistésisuréa, nu ngabuktikeun yén sanyawaorganik bisa dijieun sacara artifisial, kontras jeung pamadegan harita yén sanyawa organik ngan bisa dijieun ku organisme. Saprak harita, biokimia maju ninggalkeun nu séjén, utamana mimiti panengahabad ka-20, ku kapanggihna téhnik anyar kayaningkromatografi,difraksi sinar-X,NMR,panyiri radioisotop,mikroskop éléktron, jeung simulasidinamik molekular. Téhnik ieu jadi ngagampangkeun papanggihan jeung analisis nu detil rupa-rupa molekul jeungjalur métaboliksél, kayaningglikolisis jeungsiklus Krébs.

Ayeuna, papanggihan-papanggihan na widang kimia dipaké dina loba widang, tigenetik nepi kabiologi molekular jeung titatanén nepi katatamba. Biokimia bisa jadi munggaran diterapkeun dina nyieunroti ngagunakeunkapang, kira-kira 5000 taun katukang.

Kategori

[édit |édit sumber]

Biokimia sacara prinsip patali jeung kimia zat-zat nu bisa digolongkeun kana sababaraha kategori utama:

Tempo ogé

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikibuku mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Subwidang umum dinabiologi
Anatomi |Astrobiologi |Biokimia |Bioinformatika |Botani |Biologi sél |Ékologi |Biologi évolusi |Genetika |Genomika |Biologi laut |Biologi manusa |Mikrobiologi |Biologi molekul |Asal-usul hirup |Paléontologi |Parasitologi |Fisiologi |Taxonomi |Zoologi
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Biokimia&oldid=490722"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp