Bibitungan; Equisetum dedile nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargaEquisetaceae.[1][2] Bibitungan kaasup tutuwuhan paku, mikaresep hirup dinataneuh anu beueus. Bibitungan remen katepo hirup ngarungkun ngawangun dapuran, bibitungn kasebut terna tangkalna bubukuan atra katempo.[2][3]
Hirup kalayan subur di wewengkon anu perenahna 100 ~ 2700 mdpl, loba kapanggih hirup di sisisusukan,balong,situ, sirahcai, jeung sajabana tempat-tempat anu taneuhna jemlek tur negrak.[4]
Tangkalna mibanda dahan kalayan buku-bukuna katempo atra/jelas, dauna lalutik kawas sisit ngéntép ngurilingan unggal buku.Sporagiumna ngawujud (strombolus),Protaliumna mibanda kelir héjo sarta hirup di luar seporana.Rizomana sirungan deui anu éngkéna jadi tangkal anu ajeg kaluhur.[2]
Bibitungan disababaraha daérah disebut ogé:
- Madura :Sodlisoan
- Sunda :Bibitungan, Tataropongan
- Jawa :Lorongan haji, Petungan, Sempol, Tepung balung, tikel balung
- Malaysia :Rumput betug, sendep=dendep.[4]
 | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |